Kategori: Galery Foto | Diterbitkan pada: 30-10-2008 | Tak ada komentar »
Hidup ini bagai bergelantung pada seutas tali; kenangan bercumbu dengan alam Cikole, Lembang, Bandung
Kategori: Galery Foto | Diterbitkan pada: 30-10-2008 | Tak ada komentar »
Hidup ini bagai bergelantung pada seutas tali; kenangan bercumbu dengan alam Cikole, Lembang, Bandung
Kategori: Galery Foto | Diterbitkan pada: 29-07-2008 | 2 Komentar »
Dina kaayaan keur bingung mikiran tikét pesawat, Alhamdulillah alo ti Ujungpandang (Sulawesi Selatan), Alo Wawan, nyanggupan pikeun mangmeulikeun tikét pesawat keur duananeun. Ari kuring mah rada wegah, da keur réa pagawéan. Antukna anu miang maturan Itik téh lanceuk kuring, indungna Itik. Voucher hotél di Matahari Bungalow buru-buru dibalik ngaran, asalna atas nama Nety Martin, diganti jadi Tuti Sunarti. Henteu ribet, jajauheun siga Air Asia anu kalintang mengecewakan. Ku kituna, saha baé nu rék mesen hotél di Bali, kalintang hadéna upama mesen ka Pandawa Lima Tour & Travel. Pelayananna ogé hadé pisan. Nuhun kanggo Nety Martin, anu kersa ngalereskeun balik nama hotél. Nuhun ogé ka Dwik (Ni Made Supadmi Apar, anu jegég gati (cenah mah hartina “jegég gati” téh nyaéta geulis pisan) ti Pandawa Lima Tour & travel, anu kalintang nyugemakeunana méré pelayanan ka lanceuk jeung alo kuring.
Kategori: Galery Foto | Diterbitkan pada: 29-07-2008 | 2 Komentar »
Pura Tirta Empul téh perenahna henteu jauh jeung Istanana Présidén Soekarno. Minangka salahsahiji pura anu badag di Bali. Di ieu Pura aya mata cai anu dipercaya minangka cai suci ku urang Bali. Upama asup ka ieu Pura, lalaki atawa awéwé kudu maké kaén Bali. Dina éta cai, réa anu mandi, nginum, atawa saukur tamas. Lantaran caina dianggap suci, mangka réa urang Bali anu datang ka Pura Tirta Empul téh tujuanna pikeun nyucikeun diri. Aya deui sabangsaning mitos, upama tamas ku ieu cai suci téh bakal awét ngora tur dipikaresep.
Kategori: Galery Foto | Diterbitkan pada: 29-07-2008 | 1 Komentar »
Di ieu monumén téh ditulis ngaran-ngaran korban Bom Bali I 12 Oktober 2002 anu jumlahna 202 orang. Ieu Monumén leuwih kakoncara ngaranana “Monumen Peringatan Bom Bali”. Dina saban 12 Oktober saban taun, digelar peringatan di ieu tempat kalayan diluuhan ku kulawarga korban jeung wawakil nagara-nagara sahabat. Dina wanci pabuburit, sok aya prosési di basisir Kuta anu jejerna “Paddle for peace”. Ieu monumén téh peletakan batu pertamana ku Bupati Badung, I Made Sumer.
Kategori: Galery Foto | Diterbitkan pada: 29-07-2008 | 1 Komentar »
Antukna mah tinekanan hayang nagnjang ka Uluwatu téh. Uluwatu, perenahna di tungtung kidul pulo Bali tur nyanghareup ka samudra Hindia, mangrupa tempat wisata anu pinuh kaéndaham. Aya pura anu ngadeg luhureun batu karang tur nyanghareup la laut kalayan jangkungna 50 méter. Mangsa wanci pabuburit, bisa ngalenyepan éndahna sunset, tur nyaksian pintonan tari bali (kecak) anu kakoncara tug nepi ka mancanegara.
Kategori: Galery Foto | Diterbitkan pada: 03-04-2008 | Tak ada komentar »

Ada Senyum Dibalik Murung; Suatu Hari di Gedung Kesenian Rumentangsiang Bandung.
Dari kiri: Dhipa Galuh Purba, Zenal (Sebelum mendirikan JURNAL dan menjadi Juara 1 API/ Audisi Pelawak Indonesia Ke-3 TPI), Ki Daus (sebelum menjadi Juara 2 Superstar Indosiar.
Selamat kepada Ki Daus yang telah sukses menyuguhkan berbagai kreasi yang memukau pada acara Superstar Indosiar! Selalu ada senyum dibalik murung…