Statistik

≈ Tulisan: 1719 tulisan
≈ Kategori: 32 kategori
≈ Komentar: 12997 komentar
≈ Hit: 2.346.833 kali

Kingkilaban

Katumbiri

Taman Sekar

Arsip: Drama

Kategori: Drama | Diterbitkan pada: 24-02-2012 | Tak ada komentar »

Jaka hanjat ti jero lobang. Tuluy mencrong Rababu dibarung rasa kahémeng.

JAKA
Arin?!

RABABU
Caang bulan narawangan, teuteup anjeun masih kénéh taya lilinggeran. Anjeun tetep nuturkeun geterna rasa, ngayunkeun rupaning haréwos dada. Antukna beureum hideungna carita kahirupan nu saméméhna anggang tina sawangan, kiwari pagaliwota meulitan raga. Gumulung raga disurakan sétan, haroshosna sora, kebek kadurjanaan. Geus peupeus eunteung pamuka rasa anjeun. Geura gebraykeun paneuteup anjeun, buka mata jiwa, beunta mata soca. Purnama ukur éndah disawang ti kaanggangan. Sakapeung cinta ngalolongkeun mata jiwa jeung mata panon. Sakur nu kasawang ukur manéhna. Ningali béntang siga Arin. Ningali langit siga Arin. Ningali kula ogé siga Arin…

JAKA
Lamun anjeun lain Arin, saha atuh anjeun téh?

RABABU
Najan taya kecap nu kedal, najan taya rindat nu natrat, kasatiaan bakal karampa na pungkas carita. Teuing geus sabaraha kali anjeun ngajejeléh kula, majar kula kungsi rucah jeung Si Mandiminyak.

JAKA
Pohaci Rababu? Anjeun téh Nyai Rababu téa? Ah, piraku teuing? Ngimpi meureun ieu mah…

RABABU
Antara impian jeung kanyataan ukur diwatesan ku lalangsé éling. Angin leutik ngadalingding, ngaguar mangsa lungkawing, mawa nyérédét kana rasa nu rungsing.

Kategori: Drama | Diterbitkan pada: 21-12-2010 | Tak ada komentar »

ADEGAN VIII

SÉKSA
Ajag, muga anjeun jadi hiji lalaki langit. Lalaki nu daék ngajénan kaum wanoja. Lalaki anu hormat ka wanoja. Lalaki nu neuteup wanoja binarung kasucian.

AJAG
Maksud anjeun?

SÉKSA
(NÉMBONGKEUN FIGURA FOTO) Tingali ieu poto adi kuring, Ratna Saritem… nu ahirna ngemasing pati dina umur ngora… alatan tigebrus kana pergaulan nu ngumbar kabébasan séks. Adi kuring mémang salah, tapi kuring nu leuwih salah….

Kategori: Drama | Diterbitkan pada: 21-12-2010 | Tak ada komentar »

ADEGAN VII

SÉKSA
Ajag, ari manéh kungsi maca buku Shu Ni Jing?

AJAG GIDEUG

SÉKSA
Seni permainan ranjang aya di dinya. Urang Tiongkok mémang hébat dina ngulik paélmuan seks. Ari buku Kamasutra, manéh geus maca?

AJAG GIDEUG

SÉKSA
Ari manéh sok maca atawa tara sih? Maca téh penting, bebel. Komo manéh geus eureun sakola, kuduna leuwih rajin maca, ngarah manéh punjul ku élmu. Jaman ayeuna mah kualitas jalma téh diukurna ku élmu anu dipibogana, lain ku ijasahna. Cumah ijasah S-3 ogé ari teu begug nanaon mah. Élmu nu penting mah, Ajag. Ku ayana élmu, manéh bisa jadi jalma iman, taqwa, jeung moal poho syukuran.

Kategori: Drama | Diterbitkan pada: 21-12-2010 | Tak ada komentar »

ADEGAN VI

SUHADI
Wayahna manéh teu kudu maké anggel saréna, sabab indung manéh nu ayeuna mah anggelna teu cukup dua. Gulungkeun wé seuseuhan jang ngaganjel sirah mah…

AJAG
Mangga, Pa…

SUHADI
Aéh… ari harga blackberry sabarahaan? Sugan manéh nyaho…

AJAG
Teu terang, Pa…

SUHADI
Cik, engké pangnanyakeun ka Si Ono. Mun aya mah nu séken wé kituh…. tuh indung manéh keukeuh hayang blackberry.

Kategori: Drama | Diterbitkan pada: 21-12-2010 | Tak ada komentar »

ADEGAN V

SÉKSA
Meunggeus gandéng, nu ngaran ihlas mah teu kudu diomong-omong. Ihlas mah ukur dipikanyaho ku jelemana jeung Pangéran. Teu kudu diomong-omong. Nu perelu diomongkeun mah kumaha carana pendidikan séks jadi salahsahiji mata pelajaran di sakola.

AJAG
Séks, ari nu sok nangtung tengah peuting dina jandéla téh manéh?

SÉKSA
Ih ari si bebel, diajakan ngobrol penting téh kalah nanya nu lain-lain, kalah sok api-api teu ngawaro. Déngékeun siah, Ajag… Lamun nyaritakeun perkara séks, aya kalana urang kaeurad ku permainan di atas ranjang. Padahal henteu kitu, Ajag. Seks henteu idéntik jeung ranjang. Manéh mah sigana nyangka adegan permainan ranjang dina film-film téh mangrupa gambaran tina pornografi. Sabenerna seks mah henteu siga kitu, Ajag. Sabab anu disebut seks mah tangtu pinuh ku kehalusan, lembut, indah, dan penuh gairah. Seks kalintang rusiah jeung kacida banggana lamun digambarkeun ku omongan…

Kategori: Drama | Diterbitkan pada: 21-12-2010 | Tak ada komentar »

ADEGAN IV

SUHADI
Nanahaonan manéh mah pagawéan téh ngan huleng-jentul? Naha manéh téh masih kénéh mikiran sakola manéh nu bangkar? Geus diomongkeun sababaraha kali, pantesna ogé manéh mah dagang emih! Meunggeus siah, diajar dangang emih ka ditu, batan euweuh gadag pisan mah!

AJAG
Abdi mah teu aya bakat sakola, Pa…

SUHADI
Ngomong naon siah?!

Kategori: Drama | Diterbitkan pada: 21-12-2010 | Tak ada komentar »

ADEGAN III

SÉKSA
Enggeus nanahaon… ngimpi sugan manéh mah. Tapi haroréam rék sakola téh, da guru-guru jeung babaturan kareuheuleun ka uing. Sigana pédah uing sok ngajak diskusi ngeunaan pendidikan séks. Padahal maluruh kasangtukang seks téh kacida matak kataji. Barudak sagedé manéh, maksud téh sagedé uing ogé, perelu diajar pendidikan séks. Anu teu meunang mah apan ngalakukeunana, can waktuna éta mah, kudu engké geus kawin.

AJAG
Jadi, manéh can ngasaan?

SÉKSA
Nya acan atuh, bebel! Mémangna uing téh ungkluk? Uing mah kieu-kieu ogé boga harga diri. Parawan kénéh uing mah! Tong boro kikituan, uing mah ngadu papatuk ogé acan nyobaan, teu harayang teuing patukeur ciduh, geuleuh uing mah. Ulah disaruakeun jeung awéwé murahan uing mah… Hayang dibanjur cikopi manéh téh?

Kategori: Drama | Diterbitkan pada: 21-12-2010 | Tak ada komentar »

ADEGAN II

O.S. IROH
Asiiik… mucekil pisan beubeunangan si akang tercinta. Mmmmuaachhh… akang hoyong dipangdamelkeun naon? Badé cikopi? Badé Téh manis? Atanapi…

O.S. SUHADI
Hayang héés aing mah… teu kuat tunduh, capé pisan lah…

Kategori: Drama | Diterbitkan pada: 21-12-2010 | Tak ada komentar »

ADEGAN I

IROH
Ih, teu beunang diomongan geuningan. Geus puguh murid nu séjén ogé loba nu henteu lulus. Si Sudampleng ogé kurang kumaha pinterna, sarua wé henteu lulus UN. Ari Si Aték, nu geus sidik budak pangedulan, naha bet bisa lulus? Hartina lain salah budak… salah UN éta mah!

Pencarian


InstaForex