Arsip: Cerpen Sunda
Kategori: Cerpen Sunda | Diterbitkan pada: 13-08-2008 | Tak ada komentar »
Dina dingding ngadaplok lukisan badag, gambar sawah nu keur dipanen. Pahareup-hareup jeung poto kulawarga nu ngajeblag sarua gedena. Uwa istri jeung Uwa pameget calik dina korsi. Putra-putrana mah narangtung tukangeunana. Garaya, marake jas.
Kategori: Cerpen Sunda | Diterbitkan pada: 13-08-2008 | Tak ada komentar »
Ah, sakapeung mah sok hayang nurut kana omongan Mang Tamim. Pajarkeun teh rebut bae demi hiji misi ngajait Neng Atih tina eksploitasi mangkeluk siga Si Mustofa. Tapi naha bener dina imut Neng Atih teh aya panggupay sangkan kuring ngojayan kasangsaraanana? Inget ka dinya hate teh sok murengked deui.
Kategori: Cerpen Sunda | Diterbitkan pada: 11-08-2008 | Tak ada komentar »
“Enya, heug. Ké heula, nulis naon deui nya?” pokna Sarkim bari ngarérét ka lebah jandéla anu ngeblak kénéh. Rét deui ka lawang panto, anu sarua tacan ditutupkeun. Sasarina mah saban wanci sareupna, Imas sok gura-giru tutulak. Tapi dina poé éta, Imas lir anu hayang méré kasempetan ka angin sangkan leuwih laluasa ngalahir hiliwir, ngajugjug gelebug, ngalingling dalingding ngusapan haté nu kingkin. Sarkim jeung Imas ogé siga nu ngahaja hayang ngajajap panon poé nu paturay jeung wanci beurang, miang miheulaan ka nu rék mariang.
Kategori: Cerpen Sunda | Diterbitkan pada: 06-08-2008 | 1 Komentar »
Yeyen Ratnaningsih. Naha atuh manehna kalah masket nyayang na lelembutan? Jaba bieu Pa Wijaya mekelan duit mani gede naker. Beu, duit Rp. 35.000 mah atuh moal beak dipake keur tilu bulaneun.”Wayahna, Bapa mah ngan jajap dugi ka dieu bae,” ceuk Pa Wijaya, “Ieu tiket dugi ka Gambir. Tos di Gambir mah kantun nanaroskeun bae alamat KODAM. Moal bireuk deui da.”Kuring teu bisa nanaon deui. Iwal neuteup Pa Wijaya.
Kategori: Cerpen Sunda | Diterbitkan pada: 02-08-2008 | Tak ada komentar »
Kakara rék sabulan nyicingan imah ieu téh. Imah di jero gang saeutik, imah kadua ti sisi jalan. Rada nyingkur sabenerna mah ngeunaheun, teu kagiridig teuing ku balawiri motor-mobil. Ngan teuing kumaha mimitina, curugan imah tatangga hareup jeung daun jandélana murag kana buruan hareup imah kuring. Nu boga imah sok sangeunahna lang-lung miceun rupaning runtah ka buruan kuring. Mimitina mah teu opén ieuh, keun wé da bisa disapukeun. Lila-lila jadi keuheul, unggal isuk pasti nimu runtah, leuheung runtah biasa, apan ieu mah runtah geugeuleuh.
Kategori: Cerpen Sunda | Diterbitkan pada: 02-08-2008 | Tak ada komentar »
Sakedapan simpé. Si Butak ngusapan sirahna, anu beuki carang ku buuk. Ras manéhna inget kana kajadian sawatara taun katukang. Sanggeusna salasahiji instalasi ngabeledug, manéhna disilibkeun ka handapeun kota. Pohara nyeri haténa, asa dianggap runtah. Asa dianggap sasalad masarakat. Padahal manéhna baheula anu milu tihothat ngawangun kota. Manéhna pisan nu milu dug hulu pet nyawa ngawangun instalasi. Ti mimiti ngadegkeun tug nepi ka ngurusna.
Kategori: Cerpen Sunda | Diterbitkan pada: 02-08-2008 | Tak ada komentar »
Tapi, édas! Ari calana jero nu leungit mah angger teu eureun. Sigana mah diala balangahna. Meléng saeutik, kudu wéh aya hiji nu leungit. Matuh deuih, mun teu nu si Mia, pasti nu si Eni atawa nu si Nita. Piligenti antara nu tiluan éta. Si Mia mah nepi ka kudu ngahagalkeun balanja deui. Geus méh purutul tayohna mah. Antukna beuki keuheul. Tapi teu bisa kukumaha.
Kategori: Cerpen Sunda | Diterbitkan pada: 02-08-2008 | Tak ada komentar »
Sanggeus bérés, naskah téh dibaca deui ti awal. Gemet pisan jeung bubuk leutikna. Ngan bada tamat, bet asa goréng. Teu saluyu jeung nu dicicipta dina pikiran. Heueuh, ieu mah taya bédana jeung carita ditéktif séjén. Serieus teuing, euweuh unsur humorna.
Tangtuna gé jadi kieu téh gara-gara tokoh pangacarana kudu ganti. Da lamun angger ku Pangacara Otong mah, dijamin matak pogot. Kapan dina sidang panungtung gé bakal dicaritakeun; Pangacara Otong ngajeprut, ngorondang dina méja hakim bari embé-embéan.
Ukur bisa gegejrét. Keuheul nataku. Jeprét wéh komputer dipareuman. Tuluy meubeutkeun manéh kana kasur.
Kategori: Cerpen Sunda | Diterbitkan pada: 02-08-2008 | 1 Komentar »
Horéng jalma anu dianggap indung salila ieu téh ukur adi indungna pituin. Ari bapa tegesna mah urang Makasar. Indit ka Pulo Jawa lantaran hayang nyingkahan kaayaan nu keur meumeujeuhna harénghéng, alatan babaruntakanana Kahar Muzakar. Pruk kawin ka anak dalang urang Cibitung, tur tuluy bumetah di dinya.
Kategori: Cerpen Sunda | Diterbitkan pada: 02-08-2008 | Tak ada komentar »
Trét sakabéh nu dicarioskeun ku anjeunna téh ditulis, diusahakeun euweuh nu kaliwat. Kamari-kamari gé di kantor rédaksi kungsi geunjleung pédah kasalahan rédaksi napelkeun poto inohong. Kuduna nu napel dina kolom téh inohong sajarah, da nu dibahas dina artikelna téh inohong sajarah. Tapi tayohna rédaksi teu apaleun, néangan potrétna dina google, bréh témbong nu sarua ngaranna, nya ditapelkeun. Ari pék nyalahan, da nu napel téh lain inohong sajarah, tapi…artis sinétron. Atuh budayawan nu nulis artikel téh beureum beungeut. Ku geunjleung-geunjleungna rédaktur harita, nepi ka aya surat pembaca ti budayawan sénior Bah Ihung nu murang-maring kana tulisan nu salah téa, pajar cenah wartawan nu teu apal potrét tokoh sajarah téh sarua jeung nu maling hayam di lembur batur alias nyieun kasalahan nu teu perlu. Tah, alatan sieun kajadian deui, nya alat tulis, alat rékam, kumplit jeung kaméra téh diberengkes ti barang indit, piparantieun.