Kategori: Kawih | Diterbitkan pada: 23-12-2007 |

cangkur-b

Judul Kaset : Cangkurileung; Karaoke Kawih Murangkalih (1B)

Garapan : Palataran Karawitan Ganda Mekar Bandung

Pingpinan : Tatang Benyamin Koswara

Sadaya Lagu Ciptaan : Mang Koko

BONUS : Buku rumpaka & notasi kawih Cangkurileung; Karaoke Kawih Murangkalih (1A)

CATETAN

Ka sugri sadaya, hapunten anu kasuhun wireh danget ayeuna simkuring henteu ngadistribusikeun deui kaset-kaset kawih. Anu janten marga lantaranna kumargi saparantos Pa Tatang Benyamin Koswara sareng Kang Nano S dipundut ku Nu Maha Suci, simkuring janten pareumeun obor. Sasarina simkuring sok nyandak kaset teh ka Pa Tatang sareng Kang Nano. Mantenna nu kalintang daria dina medalkeun kaset-kaset kawih. Saparantos duanana pupus, teu acan aya generasi saterasna nu neraskeun tapak lacak aranjeunna dina medalkeun kaset-kaset kawih.

Hatur nuhun

Baktosna

Dhipa Galuh Purba