Kategori: Cerpen Sunda | Diterbitkan pada: 02-08-2008 |

Karya Patandang, Nomor Naskah: 023

Mimitina mah ukur samet haharéwosan wungkul. Diobrolkeun jeung papada barudak awéwé deui. Tur di hareupeun mah kabéh gé ku taya semu téa, deuih. Rék kitu téa mah pantes. Kangaranan awéwé, arang pisan ngucah-ngacéh pasualan pribadina. Komo deui ieu mah raket patalina jeung sakujur awakna.

Tapi, rusiah kari rusiah. Sabuni-bunina nu ngising angger kaangseu bauna. Abong heueuh deuih awéwé mah boga sipat hawara biwir. Bet dina hiji mangsa kalapa bijil ti cungap. Si Evi pisan deuih nu betusna téh. Harita, basa manéhna keur milu ngetik tugas di kamar kuring.

“A, abdi gaduh picarioseun. Tapi omat nya ulah waka diwartos-wartos ka sasaha.” Pokna.

“Lah, paling gé gosip terbaru si Nita.” Cék kuring deui bari seuri. Heueuh, da si éta anu ayeuna keur meumeujeuhna haneut diarupat téh. Pédah remen aya lalaki anu sok milu ngarereb di kamarna.

“Ih, itu mah udah nggak up to date.” Pokna deui bari renya-renyu.

“Ari enggeus naon atuh?” Kuring mimiti kerung.

“Saleresna mah di kosan téh seueur nu kaicalan.”

“Ical naon? Artos? Hapé? Naha atuh teu laporan ka si Ibu?”

“Sanés, ical CD.”

“Kasét CD maksud téh?”

Ah tulalit. Celana dalam, tau!” Pokna bari nyiwit.

Barabat wé geus kitu mah manéhna cacarita, perkara calana jero anu remen lus-les teu pupuguh. Najan teu kaitung remen ogé, geus lila cénah sok laleungitanana téh. Jeung matuh deuih leungitna téh tina pamoéan. Nungtutan hiji-hiji.

Mimitina mah taya nu boga sangkaan nanaon. Panyanana mah meureun pahili, kajait ku nu séjén. Atawa kahiberkeun angin, tuluy nyao di mana nyangsangna. Atawa bisa waé murag, terus kapalidkeun ku cileuncang saupama meneran keur hujan. Atawa geus murag téh, meureun aya nu ngampihan. Cindekna mah bisa rupa-rupa kamungkinan.

Tapi di antara nu sok kaleungitan téh, can kungsi saurang gé anu tuluy mapaykeun. Nu boga sangkaan murag, ukur samet kokotéténgan handapeun pamoéan. Nu nyangka kajait ku batur, ukur bisa ngabaékeun. Teu nepi ka pangangguran nanyakeun ka tatangga kosan. Ingetanana téh, kajait ku batur mah meureun ké gé aya nu nyalabarkeun.

Nya pamustunganana mah marilih jempé waé, teu betus ka sasaha. Ongkoh deuih cénah pira gé calana jero. Najan heueuh kaasup barang penting, tapi da pangajina gé teu sabaraha. Komo deui awéwé mah sok réa sérepna. Leungit hiji gé moal pati dipikiran.

Tapi dina hiji poé mah teu burung jadi guyur, basa si Nita ngetrokan unggal panto kamar barudak awéwé, bari pok nanya: “tadi ngajait lancingan nu Nita teu?”

Saurang-saurang ditanya. Saurang-saurang gideug, ngahenteukeun. Laju rabul kalaluar. Da kabeneran harita téh poé Minggu, keur nyarampak di kosan.

“Boro-boro ngajait nu Nita, nu abdi gé sering ical,” cék si Eni.

“Maenya? Da abdi gé sami,” si Mia milu némbrong.

“Nita gé lain sakali-duakali, da.” Si Nita olohok.

“Ari Evi kantos aya nu leungit teu?” Tanya si Eni.

“Teu acan abdi mah,” témbal si Evi.

Sakedapan tingharuleng.

“Ka mana atuh nya? Dipilarian dina pamoéan gé teu aya,” cék si Nita deui.

“Enyaan teu kacandak ku Evi? Da tadi Evi nu katingali jajait téh.” Cék si Eni.

“Atuh pasti kapendak. Da ukuranana gé bénten. Moal mahi.” Si Evi rada nyereng. Heueuh, da pangawakan manéhna mah jangkung leutik. Béda jeung si Nita anu seseg bari démplon.

Lantaran asa katuduhan ku omongan si Eni, bari baeud tuluy wéh Si Evi ngabudalkeun calana jerona tina lomari. Sasatna diburudulkeun kabéh jeung nu geus lalayu sekarna. Ngan henteu wé ari nepi ka ngalaan anu keur dipakéna mah. Terus ditambrukan di kasurna, siga nu rék dadasar dagangan. Hiji-hiji dibéngbréng-béngbréng, dipariksaan.

Antukna mah lain Si Evi baé. Tiluanana gé sarua padangabudalkeun calana jero tina lomarina séwang-séwangan. Bisi enya paharili cénah, kabawa ku anuna.

Tapi angger baé hiji gé taya nu kapanggih. Boh nu si Mia, boh nu si Eni. Komo nu si Nita mah. Da cénah calana jerona nu leungit téh teu sarua jeung nu séjén. Ieu mah modél g-string anu ipis bari leutik téa. Meunang meuli sasetél jeung kutangna. Mérekna Lejaby, buatan luar negeri. Hargana lain bantrak-bantrakeun, tilu ratus rébu! Pantes rék ditatanyakeun ogé.

Ukur bati panasaran bari hareneg.

***

Nya tina alatan calana jero, Si Evi jeung si Eni jadi rada paréhéng. Keur mah eukeur deuih kétang tadina gé geus aya pacogrégan. Gara-gara Si Evi remen nganjang ka kosan kuring. Timburu meureun ti dituna mah. Padahal da kabogoh gé lain si Eni téh. Ngan cénah cék si Mia, si Eni téh mémang kungsi neundeun haté. Jeung deuih da asalna gé si éta nu sok pirajeunan nganjang téh. Saprak aya Si Evi, meureun asa kasilihkeun. Komo deui ieu ku budak sahandapeun.

Ari si Mia, saprak putus jeung kabogohna téh bet jadi apét deuih. Meureun pédah tadina sok dilayanan curhat. Duka nganggap lanceuk, duka mémang aya pikir kadua leutik. Tapi ku deukeutna jeung kuring téh, si Mia mah teu nepi ka jadi goréng jeung sasaha. Duka pédah jeung si Eni mah geus lila wawuhna, kitu.

Ngan da ari kuring mah ka tiluanana gé biasa waé. Sarua waé diprahkeun jeung nu lian. Najan maranéhna (siga nu) percaya pisan ka kuring, nepi ka réa pasualan pribadina anu ditémbrakeun, kuring mah tara pati opénan. Naon nu jadi kasangtukang maranéhna “kitu” ka kuring, teu nyaho-nyaho.

Kungsi éta ogé aya babaturan nu ngolongan. Pokna téh: “sia mah tiis-tiis waé aya bikang nyampeurkeun téh!” Paralun, lain kuring teu resep ka awéwé. Ngan da duka kumaha atuh, asa embung rék ngomong bogoh téh. Ku deukeutna gé asa teu jadi sugema.

Padahal, jujur wé, ka tiluanana gé bogoh. Ka si Eni jeung ka si Mia resep ku bahénolna. Ku gedé imbitna. Si Eni mah deuih katambahan ku rupana anu manis jeung dadana anu neuhneur. Sedeng si Mia mah punjulna téh lebah awakna nu jangkung, bari pakulitan bodas mulus.

Tah, ari ka Si Evi mah resep téh ku rancunitna. Najan awak leutik, tapi ukuran imbit meujeuhna. Sieup pisan jeung jangkung tangtungan. Rada andelemi deuih manéhna mah. Teu siga si Eni atawa si Mia; najan heueuh ditiung, tapi dangdanan teu sirikna ngetat siga papais. Komo dibandingkeun jeung si Nita mah. Boro-boro ditiung, baju gé serek bujal. Ari calana ukur nyangreud dina tarangbaga.

Si Evi mah ditiung téh enyaan, payus jeung kalakuan nu lungguh timpuh. Bubuhan mojang wedalan kampung. Pantes rék asak warah ogénan. Jeung pangpangna mah deuih asa jadi leuwih perhatian ka kuring.

***

Nya ti harita ogé cénah mimiti sapuk moal (waka) betus téh. Ukur disidem dina jero haténa séwang-séwangan. Jeung saupama popoé téh jadi leuwih tarapti, tara dapon disampaykeun kitu baé. Unggal popoé, geus pasti tara leupas ti capitan. Tur ayeuna mah jadi boga sasampayan akuan séwang-séwangan. Ambéh teu pacorok cénah dina pamoéan téh.

“Naha nembé wawartos ayeuna?” Cék kuring ka Si Evi.

“Tuda isin. Ongkoh deuih bilih nu sanés ngambek.” Témbalna.

“Naha bet ngambek? Kangaranan kaleungitan barang ulah diantep,” pok téh. “Kumaha lamun diobrolkeun deui jeung Aa?”

“Moal nanaon kitu?” Pokna malik nanya, bari semu ngarenghik.

“Moal. Keun wé lah kuma Aa.”

Antukna mah kuring turun tangan. Pagétona, kuring ngariung jeung nu tiluan. Si Evi mah ngahaja teu diajak. Cék erongan téh da lain manéhna ieuh nu jadi korban. Ongkoh deuih bisi matak leuwih goréng.

Nalika ku kuring dipapaykeun, kaciri pisan tiluanana ngarénjag.

“Terang ti saha, A?” Tanya si Eni rada aluman-alimen.

“Ti si Evi,” cék kuring.

“Euh… si éta mah.” Manéhna manyun.

Kuring surti. Tuluy wéh digebes. “Euweuh salahna lain Aa apal? Jeung deuih da sarua cicing di dieu, Aa gé wajib nguruskeun.”

Nu tiluan jempé teu ngawalon.

“Ayeuna mah kieu wé, alusna mah popoé téh lamun keur euweuh jadwal kuliah, ambéh katungguan. Jeung deuih lamun enya leungitna téh aya nu maok, susuganan atuh bangsatna bisa kanyahoan,” cék kuring deui.

“Dipaok kitu, A?” Tanya si Nita.

“Nya mungkin waé.” Témbal kuring bari neuteup ka nu tiluan.

“Keur naon atuh nya ngagubug barang nu kitu patut! Anéh, ari calana jin nu aya hargaan diantep.” Si Mia nyeuleungkeung semu gemes.

“Ih nya duka. Taroskeun wé ka bangsatna,” témbal kuring bari ngahéhéh. “Tapi bisa waé kétang dipaké mélét. Da di lembur Aa gé kungsi kajadian.”

Tiluanana ngarénjag deui, reuwas ngadéngé omongan kuring.

“Ah, maenya? Tong nyingsieunan atuh, A.”

“Nya teu nanaon ari teu percaya mah,” témbal kuring deui. “Ngan cék Aa mah, masing rék kumaha waé ogé leungitna, angger lin ari kudu ditalingakeun mah?”

Tiluanana unggeuk, sapuk kana usul kuring.

Enya, saprak ti harita mah tara sagawayah popoé. Ukur poé-poé peré wungkul. Ditalingakeun deuih, bari ruang-riung hareupeun kosan, atawa ti kamarna séwang-séwangan.

Tapi, édas! Ari calana jero nu leungit mah angger teu eureun. Sigana mah diala balangahna. Meléng saeutik, kudu wéh aya hiji nu leungit. Matuh deuih, mun teu nu si Mia, pasti nu si Eni atawa nu si Nita. Piligenti antara nu tiluan éta. Si Mia mah nepi ka kudu ngahagalkeun balanja deui. Geus méh purutul tayohna mah. Antukna beuki keuheul. Tapi teu bisa kukumaha.

Malah dina hiji poé mah, ibu kosan anu sasarina tara-tara acan nganjang, bet datang bari nanya ka kabéhan: “barudak, ngajait lancingan nu Ibu teu?”

Puguh wé silih pelong, bari gogodeg.

“Ari kitu Ibu popoé di dieu?” Tanya si Mia.

“Enya puguh, da pamoéan Ibu pinuh. Si Ade tuda ngompol waé.”

Tapi isukna, calana jero nu si Ibu mah kapanggih deui. Kasampak geus ngalumburuk dina korsi kosan, isuk-isuk. Tuluy wéh dianteurkeun ku si Eni.

“Naha nya bet dibalikeun deui nu si Ibu mah? Nyahoeun kitu?” Cék si Eni.

“Meureun, mana kitu gé.” Témbal kuring.

“Jelema deukeut jigana mah nya, A?”

“Enya. Da geuning nepi ka apal.”

“Boa-boa si Evi. Da ngan si éta-étana nu tara kaleungitan téh.” Si Eni ngaharéwos bari curinghak.

Kuring molotot. “Ulah sagawayah nuduh!”

Da jeung enyana lain si Evi. Sabab heuleut sababara poé ti harita, basa manéhna balik kuliah, kaciri keur ngahuleng deukeut tihang pamoéan. Barang ditanya, pok ngajawab: “lancingan abdi salima-lima teu aya.”

Geus nyaho kitu mah, kuring teu réa omong. Geuwat baé asup ka jero kamar, bisi kateterusan ngomongkeun calana jero. Cetrék pantona dikonci. Haté kebek ku rupa-rupa perasaan. Keuheul, ijid, pacaruk ngahiji. Bulan-bulan ayeuna mah asa kateken hirup téh.

Kuring tuluy muka lomari. Gék baé diuk satengah meubeutkeun manéh, bari neuteup ka jero lomari. Asa dosa pangpangna mah. Da kapan nu si Eni, si Mia, si Nita, jeung nu si Evi téh aya dina lomari kuring. Kuring gé teu ngarti, naha atuh sugema téh bet lain ka jelemana.

Hiji ku kuring dicokot. Ditelek-telek. Tuluy diambungan teleb pisan.***