Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 03-12-2009 |
Sajak YOUS HAMDAN
Layung, ka mana layung
basa girimis nyandet urang di saung
satengahing pajaratan
basa réngsé ngurebkeun layon
Diriung parentul batu tutunggul
sakapeung urang pating gerendeng
mimindengna ukur ngaheneng
diranggeum keueung
Jeung burit beuki reupreupan
-Saha heula
anjeun heula kuring heula? cék anjeun harita
-Teu kudu paheula-heula
dawuh cunduk mun pareng giliranana, -tembal kuring
asa-asa
Basa angin ngahiur ngawurkeun sawér cihujan
jeung seungit kembang samoja
bulu punduk naha bet muriding
geuning urang paheula-heula bingbrit
norobos hujan nu beuki ngerepan
Jeung burit beuki reupreupan
Katineung ka Odji Seiadji AR almarhum, mugia ginanjar rohmat kawilujengan ing dalem kubur.
Dimuat dina majalah Cupumanik/April 2008








nuhun pisan sajakna
hmm hmm aq pk buat tugas b.Sunda….tinggal copy langsung paste hmm hmm ganpang ^_^
kang punten ngiring d candak nu ieu nya, , ,
salam pangwanoh weh kang
pinjem dulu sajak nya buat tugas b.sunda ok
thanks