Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 20-06-2008 |
Karya patandang Nomor Naskah: 027
“Hidup Pa Entang!”
”Hidup!!!” meni raéng siga manuk.
”Pilih Pa Iwan!” tim suksésna ngagorowok.
”Pilih!!!” témbal nu ngararojongna.
“Colok Mang Darli!” juru kampanye méré sumanget.
“Colok!!!” kompak.
“Pilih Bang Buntar!!!” uratna ranténg.
“Pilih….!”
Lapang Babakan nu sakitu legana jadi séah jeung heurin usik ku jalma-jalma nu rék nyarolok bupati. Asa teu puguh dédéngéan, ti ditu ti dieu patinggorowok ngarojong calon bupatina séwang-séwangan. Rék teu puguh dédéngéan kumaha, da juru kampanyena gé lain hiji atawa dua, tapi aya kana genep-puluh-urangna, kawantu calon bupatina gé lain dua atawa tilu, tapi aya kana lima-puluh-hiji-urangna. Kabayang pan, sigana Kabupatén Babakan jadi rékor dunia calon bupati panglobana. Tina lima puluh hiji téh nu pituin urang Babakanna mah, ngan lima belas urang, sésana nu ngumbara ti sabudeureun Jawa Barat, malah aya saurang calon bupati nu béda sélér. Saperti kumaha séléksi bakal calonna, nya kumaha nu di laluhur, lantaran di nagara urang mah sagala rupa gé bisa dibeuli ku duit. Duit nu boga kakuatan!
Lima puluh hiji urang calon bupati dijéngjréngkeun di hareupeun pendopo nu nyanghareup ka lapang alun-alun. Dariuk dina korsi séwang-séwangan, maké nomer urut sagala, bisi pahili meureun.
Nuluykeun nu kamari, calon bupati naék saurang-saurang kana panggung, pikeun nepikeun visi jeung misina mun kapilih jadi bupati.
“Kuring janji, mun kuring kapilih jadi bupati, rék nyaram sagala bentuk korupsi jeung moal korupsi!” sorana ngajelengéng bari leungeunna dikepelkeun.
Bet bruh-bréh dina ingetan masyarakat kajadian tilu bulan ka tukang. Bupati Oman naék daun jadi sabiwir hiji, padah ngomongkeun diunggal tempat, jadi jejer utama média cetak jeung éléktronik, nu rétingna ngajaul ka langit. Tapi, pikeun masyarakat Babakan mah ku ngadéngé jeung lalajona éta béwara téh, matak bareureum beungeut, lantaran nu disiarkeunna téh lain jasana ka masyarakat, tapi kasus korupsina, malah réngkolna duit téh nepi ka miliyaran rupiah. Atuh ti harita, mahasiswa jeung masyarakat raéng démo, sangkan Bupati Oman turun tina jabatanna. Mimitina mah Bupati Oman keukeuh embung turun, najan ti ditu ti dieu ngeundeuk-ngeundeuk. Saha jalmana nu embung jadi bupati? Keur kaayaan korsi kakuasaan oyag jeung geruh, Bupati Oman nyieun kawijakan, sangkan masyarakat dibagi duit sacara langsung ogé mahasiswa dibéré béasiswa. Lain gé mahasiswa, mun daék kaolo gara-gara dibéré duit mah, répéh ceurikna gara-gara dibéré permén, budak olo lého nu kitu mah. Apan ku mahasiswa mah tong boboraah bupati, persidén gé bisa turun.
Ku sabab geus panas ceuli panas haté, antukna Bupati Oman turun tina jabatanna, salin jinis jadi tahanan. Ngarasa geus eweuh pamuntangan jeung sarwa salah, da keur kitu mah, nu baheula lélétak jadi ciciduh, sobat jadi musuh, iwal ti kulawarga nu haat nulungan téh.
Kabupatén Babakan salila dua bulan dipingpin ku wakilna, ngan sanggeusna meunang kasapakatan tina musyawarah, tur geus disatujuan ku pamaréntah, Kabupatén Babakan kiwari ngayakeun pemilihan bupati anyar. Munggaran muka pendaptaran matak hookeun, sabab nu hayang jadi bupati téh loba pisan, pahayang-hayang, ti mimiti kalangan politik, guru, dokter, TNI, tug nepi ka artis, rabul dalaptar. Mun dijumlahkeun kabéh, nu daptar téh aya kana dalapan puluhna, ngan sanggeusna tilu minggu diséléksi, nu nohonan sarat pikeun calon bupati téh aya lima-puluh-hiji-urang.
“Kalau saya terpilih menjadi bupati, sekolah akan saya gratiskan….!”
“Kanggo salajengna dihaturan ka Pa Iwan, kanggo ngadugikeun visi jeung misina, mangga dihaturanan!”
Massa émprak.
“Saya akan membuat lapangan pekerjaan dan akan mengutamakan putra daerah….!” Nu diomongkeunna téh teu jauh béda jeung nu diomongkeun ku Bupati Oman dua taunnan ka tukang, tapi éta téh waduk! Da buktina mah, omsét proyékan Migas di Gunung Papandayan, nu jadi andalan di Kabupatén Babakan téh lobana mah miis ka luar jeung ka birokrasi. Jadi, nu barudayutna mah jalma-jalma ti luar, masyarakat deukeut mah bati ngégél curuk, ngiring bingahna jeung raosna waé, sok sanajan karasana seueul. Pagawéna ampir kabéh urang bulé jeung ti sélér séjén, pituin Kabupatén Babakan mah bisa diitung ku leungeun, bari bagian nu di harandapna. Pérnah éta gé masyarakat deukeut démo, raéng nagih janji Bupati Oman, sangkan masyarakat deukeut jadi pagawé di éta proyékan, tapi ngadon dibalikkeun, barisa naon cenah urang dieu? Da nyokot minyak ti handap téh teu bisa ku pacul jeung parang, tapi ku ieu tah! Pingpinan Migas Dalkon nunjuk kana tarangna. Atuh masyarakat éléh déét, da puguh rumasa teu pernah ngalétak bangku sakola, saperti maranéhna.
“Hayang pan masyarakat Kabupatén Babakan boga gawé?”
Borolo aya nu utah, jalma nu sakitu pasesedekna téh nyingray méré tempat bari marengék irung, kawantu bau naker untung teu kapécrétan gé. Ari nu latah mah ngadon patingborolo narurutan utah, matak murél melongna gé. Bau haseum tina utah jeung keclakna késang nyambuang nojosan irung, katambah hawa meni panas nyongkab jeung nu pidato beuki nongtoréng kana ceuli. Teu lila, gubrag! ti ditu ti dieu ngalenggerek nu kapiuhan. Lapangan Babakan jadi geruh ku anu arutah jeung ku anu kapiuhan. Ningali kaayaan kitu, calon bupati nu keur pidato eureun heula, panitia pemilihan geuwat niiskeun kaayaan, najan masyarakat geus teu pati maliré. Bupati témbong teu gareunah cicing, sok sieun pemilihan teu tulus gara-gara kaayaan masyarakat teu tartib.
“Pa Buntar Simatupang kami persilahkan!” ku sabab tinggal saurang deui, najan geruh gé pidato di tuluykeun, da bisi leuir tina agénda, sabab saréngséna pidato rék langsung diayakeun pemilihan sacara langsung, di bilik-bilik suara nu geus disadiakeun. Jep kaayaan sepi jempling, sabab ngadéngé léntong basa nu teu ilahar dina ceuli.
“Saya akan menurunkan harga pangan dan apapun alasannya, tidak akan menaikan BBM!”
Najan calon bupati sakitu lobana, antukna mah pidato téh réngsé. Kabéh gé pidato calon bupati téh araramis, lir madu, pahadé-hadé ngomong, paalus-alus ngolo, pakuat-kuat nyieun janji, siga nu teu sieun engké baris ditagih di ahérat.
“Ka masyarakat Kabupatén Babakan, mangga dihaturan kanggé ngagunakeun hak pilihna! Tempatna parantos disadiakeun di palih kulon, mangga supados tartib!” pokna bari nunjuk ka tempat pemilihan nu geus disadiakeun. Aya kana dua puluhna bilik suara di tempat pemilihaan nu geus disadiakeun ti saméméhna, disekat-sekat siga kamar leutik, paranti asupna dihalangan ku kaén siga rérégan.
Ningali kaayaan masyarakat bangun nu teu miroséa, panitia pemilihan teu bosen-bosen ngagero.
“Mangga para hadirin dihaturan!”
Masyarakat teu ngawaro, nu gogorowokan dina sepiker teu didaréngé, ngadon ngaliud muru ka gerbang, rék baralik ka lemburna séwang-séwangan. Katangen dina ceulina parinuh ku kapas. Kabéh panitia jeung bupati olohok mata simeuteun. Hawar-hawar kadéngé nu garalécok.
“Mang, badé nyolok?”
“Erék”
“Saha, Mang?”
“Pamajikan, ké peuting!” pokna seuri konéng.
“Ni, badé nyolok?”
“Aéh komo wé, da Nini mah geus pangalaman palebah culak-colok mah!” pokna bari nyéréngéh seuri
“Nu mana, Ni?”
“Nya éta Nini téh bingung, rék ngitung kancing wé!”
“Badé milih saha, Ceu?”
“Moal!”
“Naha, Ceu?”
“Jawab wé ku sorangan!” pondok tapi teu nyogok.
Saminggu ti harita.
“Para hadirin sok sanajan hasilna nguciwakeun, lantaran ampir tujuh puluh persén milih golput, tapi urang gé kedah syukuran sareng reueus, margi urang tos gaduh pamingpin anyar. Nu ngomong ngarandeg heula.
“Ku kituna, ayeuna badé diumumkeun nu baris mingpin Kabupatén Babakan.” sorana meni handaruan.
“Para hadirin, dumasar kana hasil penghitungan ti KPU ogé lembaga-lembaga lainna, netepkeun, nu kapilih jadi Bupati Babakan téh nya éta….” kabéh warga nahan ambekan, sakedapan mah kaayaan sepi jempling.
“Pa Buntar Simatupang!”
Sentug! Masayarakat Kabupatén Babakan ngaranjug.
Kamarana atuh??
Naha??
Naha??”***








Piraku pemilihan Bupati mani alahbatan milih kuwu.Naha aya sabaraha urang kitu rayat sakabupaten Babakan teh ? Tapi…..pesan moralna mah lumayan lah ! Tong peunggas harepan, teruskeun nulis,muga-muga sing aya kamajuan !
Ass.Wr.Wb
Mun ceuk simkuring mah, kajadian sepertos kitu nandakeun, yen masyarakat urang ayeuna teh tos palinter, tos kabuka pamikiranna, teu ka olo kurupa2 janji gombalna para calon. tapi urang ge teu kenging antipati. justu urang teh kedah nyambutna, ieu pestana rahayat keur nangtukeun nasib urang kapayun. tah ayena tugas urang salerea keur kapayunan kedah kumaha? tina mapag alam demokrasi anu diimpi - impikeun tea, bersih tina sagala rupa nu berbau korupsi, kolusi jeung nepotisme, urang teu tiasa cicing cendekul, urang kedah ngeusi ieu nagara teh bade dicandak kamana…justru masarakat kedah ngawangun deui kakuatan sosialna. ngumpul bareng “bruk brak” nyusun rancangan keur kapayuna teh urang perlu pamingpin anu ku urang sarerea dipikahayang…satuju!!! inget inget kadaulatan teh aya di leungenna rahayat…rahayat ngasiji…teu bisa dipisahkeun…hehe jadi imut waktos demo di gd sate iyeu teh..
Haturnuhun
bugie jalu
assalamu’alaikum….
naha kamarana atuh urang Babakan teh?
sanes pedah teu di pasihan artos…??? ulah atuh.
atanapi kumaha???
naon wae hasilna, mugi2 janten palajaran kangge urang sadaya. Sareng pamimpin anu ka pilih tiasa ngaronjatkeun kamajengan dina pendidikan, ekonomi, sosial politikna, sareng sajabina
Hade lah pesan moralna! calon bupati 50 urang, gokil idena…! eh apan parpol ge ketah sakitu lobana. lamunan pangarangna luhur teuing, imajinasina kumalayang. sugan we gambaran yen masayarakat urang indonesia boga jiwa pamingpin kabeh. Kade ah tatar sunda bisi ku batur sok sanajan……..!!! sedia payung sebelum hujan. hidup lah!
Hade lah pesan moralna! calon bupati 50 urang…..he…..he. Gokil lah idena! muga-muga eta teh gambaran rakyat indonesia nu jiwa pamingpin gede, tapi lain ngan saukur pamingpin nu mungpang-meungpeung…..Kade masyarakat Jawa Barat bisi kabelejoh sok sanajan……Hiduplah Tatar Sunda, kamarana atuh uranga Sunda?? Dimarana?? tong jadi tamu di imah sorangan! Urang Sunda sima aing sima maung! Hidup!
kanggo Yatna di karawang
Ah…. teu piraku tehnik pemilu siga kitu tiasa wae! model pemilu anyar, rame jeung riweuh…!!! pan ngaranna ge carpon, BEBAS……! Matak disebut kabupaten oge tangtuna jumlah pendudukna loba, teu masalah lamun jadi calon bupati kabeh! Hade jeung can pernah aya! tandana baroga jiwa pupuhu jg boga pangatahuan ngeunaan pamingpin nu kudu dipilih. tapi kade tong pinter kabalinger nepi ka teu ngagunakeun hak pilihna, lantaran loba calon anu ngobral janji. Sabab kalah kumaha ge urang butuh pamingpin!!!
Sok sing rame debat teh. Sae pasea dina seratan mah, asal dibarung argumentasina…
DHIPA GALUH PURBA