Bulan Wanci Sareupna

Ku DADAN SUTISNA

Bulan beuki pias di awang-awang. Ukur sababaraha hiji bentang anu maturanana. Geus teu kadenge deui gebyurna lambak. Geus teu kaciri deui runggunukna pilemburan, ngamparna pasawahan. Sabab tadi pabuburit, kapal geus miang ninggalkeun palabuan. Ninggalkeun salaksa katineung di ditu, di bali geusan ngajadi.

Nya danget ieu pisan, lembur teh kari waasna. Sampalan pangangonan, pasir eurih pamikatan, jalan satapak ka mumunggang, boa moal kasampeur deui. Sabab ieu niat geus keyeng tur panceg, biheung bisa balik ka lemah karuhun, tur geus dikayidkeun pamohalan balik deui.

Asa cikeneh, tur asa detik bieu pisan, kuring nenjo marakbakna kembang samoja di pipireun imah. Tangkal samoja nu aya kuburan bapa, anu ku ema mah dipiara pisan. Malah samemeh ema ninggalkeun, ukur hiji anu diamanatkeun teh; pangmiarakeun tangkal samoja. Ayeuna, amanat ema teh kamomorekeun, lantaran kuring kaburu indit. Teuing saha nu bakal neruskeun miara eta tangkal samoja.

Kuring indit teh estuning taya kereteg ti memehna. Malah henteu kungsi ngimpi-ngimpi acan. Isuk-isuk, basa kuring rek nyawang meletekna panonpoe, Pa Erte ngarongheap. Datangna teuing ti lebah mana, da ujug-ujug aya hareupeun. Katembongna mani geus saged beberengkes, bangun rek indit-inditan.

“Hayu atuh!” pokna.

“Hayu kamana?” kuring kerung.

“Har, apan kamari geus dibadamian. Urang teh rek nyaba ka alas peuntas. Urang nyiar kasenangan di ditu!”

“Asa kakara ngadenge kuring mah?”

“Aeh-aeh, apan geus dibejaan ti tangehna oge. Urang teh rek nyaba ka ditu. Matak harita bapa omat-omatan, sing loba ngumpulkeun bekel!”

“Kumaha atuh, da kuring mah teu boga nanaon?”

“Keun bae, kitu weh. Buru-buru, bisi katinggaleun kapal!”

“Saha bae nu milu teh?”

“Loba. Geus taruluy batur mah!”

Mani asa rurusuhan indit teh. Asana mah, henteu mandi-mandi acan. Da eta, Pa Erte mani ngabebereg, henteu mere pisan tempo. Kuring nei ka poho, henteu ngonci heula imah, henteu maraban domba, atawa nitipkeun pakaya ka nu aya di lembur.

“Keun bae da engke oge aya nu ngurus!” ceuk Pa Erte sajeroning leumpang.

Nepi ka palabuan, enya bae geus ngagimbung loba jelema. Rombongan ti lembur kuring, misah di beulah wetan. Pa Kuwu, Pa Olot, Pa Lebe, Ulis Odang, Hansip Oding, Bah Wirya, katembong keur ngabaredega, bari panonna neuteup ka tengah jaladri. Bangun nyawang pikahareupeun.

Kapal anu rek mawa kuring – teuing ka mana, da Pa Erte can kungsi ngeceskeun – geus ngajugrug si basisir. Kapal anu nya badag nya jangkung, asa can kungsi manggih tandinganana.

“Geus kumpul sarerea?” ceuk Pa Lebe.

“Parantos sigana mah,” Pa Kuwu ngawalon.

“Hayu atuh urang indit ayeuna!”

Geus kitu mah, sarerea asup kana kapal. Dipingpin ku Pa Lebe. Tapi aneh, ari barudakna mah henteu sina milu. Kalah diantep ngajanteng di sisi basisir. Katembongna, maranehna bangun sedih naker. Malah kadenge lapat-lapat, aya nu ngahariring lagu Pileuleuyan. Basa hatong kapal disada, asa aya nu ngajedud dina jajantung. Nya di basisir ieu pisan, saniskara katineung diteundeun, biheung kasampeur deui.

Nepi ka ayeuna, sajeroning nangtung dina dek kapal, kuring bingung keneh. Rek ka mana ieu teh? Sabenerna, ieu pananya bisa ditepikeun ka Pa Erte, atawa ka saha bae. Ngan kaayaan anu tacan merenah. Sabab kabeh oge, keur anteng narangtung bari nyawang cai laut nu ririakan kasorot bulan nu beuki pias.

Nu ngajanteng di dek kapal teh, nu keur ngalamun kawas kuring, jumlahna teuing sabaraha urang. Ngajajar heuleut sameter. Kawas nu dikomando, leungeun maranehna nangkeup harigu. Sorot panon ka jauhna, teu ngiceup-ngiceup.

Moal boa, ieu kapal keur nyuruwuk meulah jaladri. Gancangna teuing sakumaha, geus teu karasa.

Pa Erte ngajanteng pisan gigireun kuring. Teuing iraha jolna, da tadi mah anu ngajanteng lebah dinya teh Pa Olot. Asa manggih kasempetan pikeun nepikeun kapanasaran, Pa Erte gancang ditoel.

“Pa, rek kamana urang teh sabenerna?”

“Engke oge apal sorangan!” walonna bari henteu ngareret-reret acan.

Ngadenge jawaban kitu mah, angger bae lebeng. Poekeun. Nya kapaksa bae, keur saheulaanan mah, dijawab ku sorangan. Dumasar kana sawatara kajadian harengheng di lembur.

Bisa jadi, pangna Pa Lebe saparakanca ngajak miang teh, lantaran kaayaan lembur geus henteu pikabetaheun deui. Paceklik nu panjang. Kakacowan nu mahabu. Kurang dahareun. Pagebug. Loba kasakit. Taneuh nu angar. Matak rungsing jeung henteu tingtrim. Enya ari nineungna mah, napel keneh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranehna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak heran teh, boh Pa Lebe, boh nu sejenna, kawas nu mentingkeun sorangan. Naha ari anak pamajikan henteu dibawa, diculjeunkeun kitu bae? Saha nu ngurusna?

Kituna mah, aya alesan maranehna indit ninggalkeun lembur oge. Alesan anu ku kuring karasa jeung karampa. Meh kabeh anu ayeuna keur nangtung dina dek kapal, boga bangbaluh hirup. Ninggalkeun pasualan di ditu, di lembur. Pasualan anu nepi ka maranehna miang oge, biheung geus rengse.

Kuring leumpang lalaunan. Mapay-mapay jajaran jelema-jelema anu keur narangtung nyawang jaladri. Kuring neuteup Pa Erte. Dina panon Pa Erte katara aya nu ngembeng. Bisa jadi, manehna ingeteun ka pamajikan anu basa ditinggalkeun teh keur meujeuhna bureuyeung. Atawa inget ka anak anu keur meujeuhna kembang buruan. Kuring apal pisan, hirup Pa Erte ti baheula oge henteu manggih kamarasan. Imahna nu nenggang di tungtung lembur, nu geus dengdek ka kenca alatan dihakan umur. Ceuk beja, ti barang rumah tangga Pa Erte hayang ngomean eta imah teh. Keun bae panggung oge, weweg-weweg atuh. Tapi najan Pa Erte adug songkol usaha, tepi ka ayeuna oge angger bae kitu. Henteu robah, henteu kaganti golodog-golodog acan. Kalah pamajikanana anu ririwit. Mindeng gering jeung kurang kasabaran, pedah hirup Pa Erte taya menyatna.

“Hese geuning hayang ngawangun imah teh, Jang!” ceuk Pa Erte harita, hareupeun Pa Lebe.

“Ceuk kuring mah, jieun heula tihangna anu weweg!” walon Pa Lebe.

Enya, kawasna mah, pangna panon Pa Erte nepi ka ngembeng oge alatan inget ka dinya. Inget ka imah anu henteu kungsi kaomean.

Kuring ngalengkah deui. Bagean Pa Olot ayeuna mah anu diteuteup teh. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah leuwih ngembeng ti batan Pa Erte. Naha Pa Olot teh ingeteun anu minculak ti batur? Enya, Pa Olot teh geus masagi dina dunya barana mah. Ngan sapopoena teu weleh ngungun alum. Tara manggih kaberagan. Komo saprak Si Uned mangkat rumaja mah. Si Uned anu kakocapkeun sakola ka kota, mindeng nyieun masalah anu dina seuhseuhnana mah matak wirang pikeun Pa Olot. Komo apan, Pa Olot teh jadi jelema anu dipikolot, picontoeun urang lembur. Kari-kari ayeuna dikotoran ku kalakuan anak. Enya. Si Uned anu sok mabok. Si Uned anu – ceuk Pa Olot – jauh tina agama. Si Uned anu kungsi ngagadabah Nyi Imas.

“Aing teh henteu bisa mingpin kulawarga. Henteu bisa ngalempengkeun kalakuan anak!” kadenge Pa Olot gegerendengan. Nyaritana bangun hanjelu naker. Kawas bijil tina hate nu pangjerona.

Kuring ngalengkah deui. Pa Kuwu ayeuna mah anu diteuteup teh. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah katangen geus aya nu ngalembereh. Nyarakclakan. Murag kana dek kapal. Naon anu dipake sedih ku Pa Kuwu? Asana teh taya cawadeunana. Tur kuring henteu kungsi nyaksian Pa Kuwu meunang bangbaluh. Salila mingpin desa, asa taya codeka nanaon. Malah kapake pisan. Enya, ari kabeungharanana mah misah ti batur. Imahna ngajengleng. Kakocapkeun bulan hareup mah rek meuli mobil. Pakayana nu lubak-libuk, ceuk manehna sorangan, lain hasil idek-liher di bale-desa. Tapi meunang meres kesang, meunang dug hulu pet nyawa. Kari-kari ayeuna, Pa Kuwu oge milu indit jeung Pa Lebe. Naha henteu lebar ninggalkeun pakaya, ninggalkeun pamajikan bahenol, ninggalkeun kasugemaan hirup?

Naon anu keur diimpleng ku Pa Kuwu, henteu kabaca saeutik oge. Tapi sanggeus sakitu lilana didagoan, Pa Kuwu mere jawaban. Kawas nu surti, kuring teh hayang nanya kitu.

“Di dinya moal apal, naon anu keur jadi kabingung. Sabenerna, ku di dinya oge bisa dijawab. Bisa dirarasakeun. Naon anu ku di dinya dipake handeueul satutas ninggalkeun lembur?” pokna.

“Kuring mah henteu boga nanaon, Pa Kuwu. Imah geus rek runtuh, sawah jeung tegal teu boga. Ukur hiji anu dipake hanjelu teh, kuring geus ngamomorekeun amanat Ema, miara tangkal samoja!”

“Lain, aya keneh sajaba ti eta,”

“Naon?” kuring dangah, neuteup Pa Kuwu nu paromanna angger, teu riuk-riuk, taya robahna semu.

“Pikiran bae ku sorangan!”

Lebeng. Henteu kapikir.

Bagean Pa Lebe anu diteuteup teh. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu ngembengh. Malah lain ngembeng deui, nyurulung mapay pipi, mapay beuheung, parat nepi kana sukuna.

Pa Lebe, kuring apal pisan. Lalaki anu sapopoena teu weleh basajan. Imahna lebakeun tajug, ukur kahalangan tangkal jambu. Pa Lebe anu kamamana tara leupas ti kopeah. Tara leupas ti kopeah, jeung – sakanyaho – tara leupas ti istigfar. Nilik kahirupanana mah, Pa Lebe henteu kasebut bisa usaha. Malah tepi ka kiwari, hirupna angger nyorangan. Pamajikanana maot, sapuluh taun katukang. Ti harita, kawas henteu boga deui niat rarabi. Sapopoena, beunang dipastikeun, idek-liher di tajug. Mapagahan barudak nu hayang diajar ngaji.

Padahal, naon anu dipake sedih pikeun Pa Lebe mah. Miangna ti lembur, asana mah henteu ninggalkeun kabeubeurat. Atawa melangeun ku tajug, bisi euweuh nu ngurus. Bisa jadi, ngan eta-etana anu dipake hariwang ku Pa Lebe mah. Inggis taya nu bisa neruskeun tapak-lacakna.

Henteu kaburu bisa ngawangkong jeung Pa Lebe mah. Sabab lir dikomando deui, anu ngajaranteng dina dek kapal teh arasup ka jero. Tinggal kuring ngajanteng sorangan. Satadina mah rek nuturkeun, ngan asa betah keneh. Sabab bulan anteng keneh maturan peuting, najan sorotna beuki pias. Cai laut angger ririakan. Kapal terus ngabiur, ngabiur teuing ka mana.

***

Transmigrasi. Pindah ka alas peuntas. Neangan kahirupan nu leuwih ti di lembur. Di ditu, di tempat nu ayeuna rek dijugjug. Ukur eta anu aya dina ingetan kuring mah. Sabab rek kamana deui, ari lain transmigrasi mah. Kawasna, Pa Lebe saparakanca kapincut ku dongeng Mang Satibi bareto. Puluhan taun ka tukang, Mang Satibi kungsi indit ninggalkeun lembur. Anu sejenna mah, harita, kalah tingbirigidig diajak nyorang sagara teh. Ngan Mang Satibi anu kaitung nekad. Inditna kadua pamajikanana. Henteu mawa bekel nanaon. Heuleut lima taun ti harita, Mang Satibi nganjang deui ka lembur. Terus ngadongeng, kumaha senangna di alas peuntas. Ceuk dongeng Mang Satibi, di ditu teh manehna geus bisa nyieun gedong, meuli motor, meuli sawah jeung tanah. Padahal pagawean sapopoena mah henteu beurat, ukur ngurus kebon sawit.

Pasti. Pa Lebe saparakanca oge, kaasup kuring, rek transmigrasi. Rek ngarobah hirup di ditu, di alas peuntas. Eukeur mah kaayaan di lembur geus teu pikabetaheun, katurug-turug kawasna mah ingeteun kana dongeng Mang Satibi tea.

Ngan anehna, saeusi kapal, bet henteu nyaritakeun kaayaan di ditu, di tempat nu rek dituju. Kalah patingharuleng bangun ngadadak manggih kabingung. Malah aya di antarana anu nepi ka luh-lah, kawas peunggas harepan. Ilaharna mah, lamun rek nyanghareupan kabagjaan – sebut bae kahirupan di alas peuntas teh minangka kabagjaan – lain ngeluk tungkul siga nu bingung. Malah sakuduna, bear marahmay. Taya salahna sapanjang jalan gogonjakan, seuseurian, patingcakakak sangeunahna.

Enya, suasana di jero kapal teh kalah matak sareukseuk. Di ditu, di dieu, pinuh ku nu ngadon ngalamun. Taya nu katangen ngobrol ngaler ngidul. Taya nu katembong melenyun udud. Maranehna kawas nu jongjon jeung dirina sewang-sewangan.

Kapal teh terus nyemprung meulah jaladri. Geus henteu kadenge sorana, awahing ku tarik. Ngan anehna, geus mangbulan-bulan, henteu nepi bae ka nu dituju. Kalah pengeusi kapal lir beuki tagiwur. Beuki anteng ngalamun. Beuki jongjon jeung dirina sewang-sewangan.

“Rek iraha nepina ieu teh?” kuring nanya ka Pa Olot. Tapi ditanya ngadon ngeluk, bari kapireng sorana inghak-inghakan.

“Ku naon Pa Olot?”

Henteu ngajawab.

Nyampeurkeun Pa Erte, sarua henteu ngawalon. Komo ari Pa Kuwu mah. Hansip Oding, Ulis Odang, Bah Wirya, sarua ngabaretem.

Kapal angger nyemprung, teuing rek iraha eureunna.

Pangeusina geus loba nu inghak-inghakan. Malah terus careurik patarik-tarik. Ngaguruh sapangeusi kapal. Kuring bingung pipetaeun, naha kudu milu ceurik? Tapi kapal angger nyemprung. Angger teu soraan. Kuring kukurilingan, ka rohang nahkoda. Tapi taya sasaha. Kapal maju ku sorangan. Kawasna, nahkodana oge milu ceurik.

Teuing meunang sabaraha bulan, maranehna ceurik teh. Lila-lila, tina ceurik teh, jadi patinggorowok patarik-tarik. Kaasup Pa Erte, Pa Lebe, Pa Kuwu, jeung nu sejenna.

“Hayang balik deui. Gancangan balik deui!” pokna.

Tapi kapal henteu daek eureun. Jajauheun nepi malik arahna. Asa ketir nenjo kitu mah. Kaasup kuring bet hayang balik deui. Sabab asa aya nu tinggaleun di lembur teh. Enya, asa aya nu tinggaleun.

“Moal, karah kumaha oge, anjeun moal bisa balik deui!” aya sora ti gigireun, basa kuring keur nangtung ngumbar katineung dina dek kapal. Sora anu agem. Tur kuring kakara ngadenge sora sakitu agemna. Basa dilieuk, aya nu make baju sarwa bodas ngajanteng.

“Saha anjeun?”

“Pangeusi ieu kapal!”

“Enya, tapi naha bet nyampeurkeun kuring?”

“Pedah we, katembongna siga nu bingung!”

“Naha anjeun henteu milu ceurik?”

“Naon nu perlu diceungceurikan?”

“Itu geuning batur mah …”

“Enya, maranehna ceurik hayang balik deui ka lembur. Sadetik we cenah. Aya nu tinggaleun di ditu!”

“Kabeh aya nu tinggaleun?”

“Enya!”

“Kaasup kuring?”

“Bisa jadi!”

“Ke, ari ieu kapal teh rek kamana? Geuning henteu nepi bae!”

“Engke oge bakal nyaho!” pokna bari terus ngaleos.

Kuring ukur bati ngahulengna. Asa teu kaharti. Kalah nu gogorowokan beuki maceuh. Sora Pa Kuwu mani pangtarikna.

“Hayang balik deui!” cenah. Enya, dipikir-pikir mah, kuring oge asa aya nu tinggaleun. Pamustunganana mah sapamadegan jeung maranehna : hayang balik deui.

Tapi kapal terus nyemprung. Teu beunang dieureunkeun. Kalah cimatana pangeusina terus maruragan. Ngamalir dina dek-dek kapal. Terus ngeyembeng. Beuki loba. Beuki pinuh. Pamustunganana kapal dengdek pinuh ku cimata. Terus dengdek. Pangeusina patingkoceak. Kuring hareugeueun. Kapal beuki tilelep. Nu pamustunganana karem ka dasar laut.

Saung Pangreureuhan, 2000

Dimuat di Majalah Mangle, taun 2000. Satuluyna diilukeun dina Buku Antologi Campaka Mangkak (PPSS-Kiblat)

Leave a Comment

You may use these HTML tags and attributes: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <cite> <code> <del datetime=""> <em> <i> <q cite=""> <s> <strike> <strong>