Kategori: Suatu Hari | Diterbitkan pada: 18-09-2008 |

SABAN Bulan Ramadhan, sok aya acara “buka bersama’ di redaksi Kompas Jawa Barat, antara réngréngan redaksi Kompas jeung para penulis anu sok narulis di Kompas. Taun 1427 H jeung 1428 H, kuring diondang ku Kompas Jawa Barat. Tapi basa taun kamari mah, kuring teu bisa ngahadiran ku lantaran aya kaperluan nu teu bisa ditinggalkeun. Ari dina taun ayeuna, kuring teu
Alhamdulillah, kalaksanakeun hayang ngariung jeung penulis téh. Kang Dedi, redaktur Kompas Jabar, bungaheun deuih basa panggih jeung kuring téh. Atuh dina kasempetan éta ogé, kuring bisa panggih jeung Djasepudin, Iif D. Yahya, Encep Doelwahab, Mat Don, Mang Jamal, Pa Cécé Hidayat Padmadinata, jeung salian ti éta. Malah ku ayana silaturahmi, kuring meunang order ti Kang Doel, redaktur Pamedal MIZAN. Kang Doel ménta tulisan kuring pikeun dipedalkeun ku MIZAN, sarta talatah ménta naskah ngeunaan komputer jeung internét ka sobat kuring, Dadan Sutisna. Kari néangan waktu nu rinéh, sugan wé engké liburan idul Fitri di lembur bisa kutrat-kotrét nyusun naskah.

Ngawangkong jeung Pa Cécé Hidayat Padmadinata di rohangan bebas udud
Barang geus manjing buka puasa, buru-buru tajil, nikmat pisan nyuruput kolek. Batur mah ngantay parasmanan, ari kuring kojotéténgan néangan tempat keur ngaroko. Alhamdulillah manggih rohangan husus keur udud. Di dinya geus nyampak Mang Jamal, Pa Cécé, jeung sawatara penulis séjénna keur tingserebung. Langsung wé ngoloan roko Mang Jamal. Tadina mah rék tuluy disakuan, tapi panon Mang Jamal teu leupas tina leungeun kuring. Ngawangkong jeung Pa Cécé, ngalér-ngidul, pikabetaheun ngabandunganana. Puguh wé henteu pati jauh tina urusan pulitik jejer wangkongan téh, nepi ka teu karasa waktu nyérélék ka peuting. Beuteung mimiti kukurubukan, kalayan dijawab ku gusat-gesut ngawadahan sangu. Deungeun sanguna réa kénéh. Inget éta ogénan ka Dadan, tapi bingung kumaha cara mungkusna. Awahing ku bingung hayang mangmawakeun sangu keur Dadan, antukna nambahan satengah sapiring deui.
Mulangna dibahanan sarung. Alhamdulillah, geus boga tah keur solat Iedul Fitri mah. Hatur nuhun ah ka réngréngan Redaksi Kompas, hususna Kompas biro Jawa Barat.***
DHIPA GALUH PURBA







