Kategori: Suatu Hari | Diterbitkan pada: 18-09-2008 |

MINGGU, 14 Séptémber 2008, Baraya jeung kru Radio Shinta ngayakeun acara silaturahmi jeung buka bersama di Rumah Makan Bakmi Jogya, Jl. Panatayuda no. 11,
Kilang kitu, kuring tetep ngaluuhan éta acara, lantaran hayang silaturahmi jeung baraya Shinta. Sanggeus buka di Rumentangsiang, belenyeng wé ka Jl. Panatayuda. Tatanya heula lebah-lebahna ka
Nilik kana antusias pendengar radio, hususna radio Shinta, kuring beuki kandel kayakinan yén mémang radio masih boga pangirut pikeun masarakat anu henteu bisa dirangsadan ku télévisi. Aya hubungan anu deukeut antara penyiar jeung pendengar. Siga anu kasaksian, sakaligus kaalaman, kumaha suka bungahna mangsa penyiar ngariung jeung pendengar.***








