Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 15-08-2008 |

Ku Dhipa Galuh Purba

TINA layar monitor, urang bisa apruk-aprukan maluruh rupa-rupa perkara nu aya dina internét, anu sok disebut ogé dunya maya. Ampir sagala rupa perkara bisa kapaluruh di dunya internét, ti mimiti anu pidorakaeun tug nepi ka pisalameteun. Rupaning website ngadu kasép ngadu geulis di dunya maya, kalayan ngasongkeun rupa-rupa susuguh pikeun ngirut sangkan réa nu ngaranjang.

Basa jeung sastra Sunda ogé milu makalangan di dunya maya. Sawatara website diadegkeun kalayan tujuanna hayang milu ngawanohkeun ajén-inajén Ki Sunda ka para néter saalam dunya. Sabab beuki dieu, jumlah néter beuki rongkah. Warnét (warung internét) teu weléh pajejel-jejel beurang-peuting. Pangpangna pikeun kaum rumaja, dunya maya téh geus jadi alternatif pangulinan anu pikabetaheun. Lain baé saukur nengetan website nu batur, da bisa nyieun blog sorangan kalayan ngagunakeun pasilitas haratis ti blogger.com, multiply.com, jeung sajabana. Atuh eusi anu rék dipintonkeun ogé gumantung kana pangaresep sorangan. Ku kituna, di Iran aya adurényom di parlemén, cenah mah sing saha warga Iran nu wani-wani mintonkeun gambar porno jeung propokasi korupsi, mangka baris ditibanan hukuman pati. Di Indonésia mah kakara bisa nyieun kawijakan pikeun ngablok situs porno. Kilang kitu, masih kalintang lobana situs porno anu nepi ka kiwari masih kénéh bisa diaksés kalayan babari, saperti situs badag tur kakoncara jagona mintonkeun porno www.youporn.com.

Mémang rada bangga ari ngabendung situs-situs nu nyarasabkeun mah. Paling ogé narékahanna ku cara nyieun situs anu réa mangpaatna sarta dipapaés sangkan leuwih ngirut. Kahirupan sastra Sunda di dunya maya ogé kalintang penting dipiara tur dimekarkeun, lantaran anu ngaksésna jalma saalam dunya. Geus réa tarékah anu dijalankeun ku sababaraha situs kasundaan pikeun nanjeurkeun kahirupan basa jeung sastra Sunda, saperti situs Kusnet (Komunitas Urang Sunda di Internét).

Ku kituna, dina raraga hayang milu ngarawat-ngaruwat tur nanjeurkeun basa jeung sastra Sunda di dunya maya, bulan Maret nu kaliwat, situs Galuh-Purba.Com jeung Sunda.Web.Id, katut Daluang.Com., ngayakeun saémbara ngarang carpon di internét anu dijudulan “Hadiah Sastra Bujangga Maya”. Ieu saémbara téh minangka anu munggaran digelar dina kahirupan sastra Sunda, unggal pangarang ngirimkeun karyana ngaliwatan e-mail, sarta hasilna dipidangkeun dina website. Ku kituna, sasaha ogé bisa maca jeung milu ngoméntaran kana karangan. Demi anu ngawaragadanna nyaéta Michael Herman Martin, salahsahiji urang Sunda anu ngumbara di Texas, USA.

Ti barang dibuka tug nepi ka ditutupna tanggal 30 Juni 2008, panitia narima 37 judul naskah. Ku Déwan juri, anu diwengku ku Dadan Sutisna, Ahmad Gibson Al-Bustomi, jeung kuring, diperedih sangkan bener-bener obyéktip dina ngajén karya patandang, kalayan dipahing pisan kong kalingkong. Hasilna, carpon “Bulan Sésa” karangan Imas Rohilah kapilih minangka pinunjul kahiji. Disusul ku pinunjul kadua jeung katilu, “Carita Sabada Runtag” karya A. Girang Pamungkas jeung “Calana Jero” karya Iwang Noor. Aya deui lima pinunjul harepan, diantarana: “Kaburna Tokoh Carita” karya Ageng Pangéstu, “Layung Kiaragantung” karya Sang Niskala, “Mandahong Kahot” karya Aditia Gunawan, “Lain Ukur keur Kuring” karya Roro Siti Rohmah, jeung “Kabéngbat di Serambi Mekah” karya Agus Hérmawan.

Ieu saémbara téh satékah-polah dilaksanakeun kalayan daria tur pinuh tanggungjawab. Panitia “Bujangga Maya” ti anggalna geus ngawawadianan sangkan henteu katépaan ku cara ngajén sababaraha saémbara di “darat”. Contona perkara “Änugrah Gubernur Jabar 2008” anu dikritik ku HM. Usép Romli, muga ulah tumiba deui. Kalah kumaha ogé, naon rupa anu ditulis ku HM. Usep Romli ngeunaan héngkérna penjurian “Änugrah Gubernur Jabar” téh mémang kudu dijieun perhatian ku para juri séjénna. Ulah pararadu, teu meunang wawayagon ari ngajén téh, sabab bakal ditungtut tanggungjawabna boh di dunya pon pilalagi di akhérat. Ketua Déwan juri “Anugrah Gubernur Jabar 2008” teu bisa ngajawab pananya HM. Usép Romli, ngeunaan alesan pangna milih salahsahiji penulis anu dianggap teu pantes dilélér éta anugrah. Komo deui waragad anu dibagikeun ka para pinunjul téh mangrupa duit rahayat, minangka amanah nu kuduna dijalankeun kalayan daria dibarung rasa tanggungjawab. Puguh baé ari anu dilélérna mah teu salah nanaon. Piraku teuing nampik pangasih ti gubernur, anu dirékoméndasikeun ku para juri nu geus dipercaya. Ku kituna, kuring teu panuju lamun aya nu nyisikudi ka para pinunjulna mah, da aranjeunna mémang taya kasalahanana.

Dina Hadiah sastra LBSS (Lembaga Basa jeung Sastra Sunda) ogé, panitia kungsi ngalakukeun diskriminasi basa ngajén Hadiah Sastra LBSS 2004-2005. Nurutkeun Déwan Juri anu ditétélakeun dina béjér pangajén, disebutkeun ukur narima karya-karya sastra anu dimuat di Majalah Manglé, Cupumanik, Kudjang, Galura, jeung HU. Pikiran Rakyat. Panitiana henteu daria maluruh karya sastra sapanjang taun 2004-2005. Pangna disebut henteu daria, sabab loba kénéh karya sastra di média basa Sunda séjén anu diliwat. Saperti dina Majalah Sunda Midang, Bina Da’wah, Seni Budaya, Iber, Giwangkara, Mandiri, Langlang Mitra, jsté. Leupas tina alus atawa goréngna, dina éta média téh nyampak tulisan mangrupa carpon, sajak, jeung éséy. Para pangarang saperti Holisoh ME, Pipiet Senja, Fendy Sy. Citrawarga, jsb, kaitung produktip nulis di média anu diapilainkeun ku LBSS. Leuheung kénéh pangarang anu disebutan bieu mah, da sok narulis di Manglé atawa Galura. Ninggang ka pangarang anu kakara kaburu ngumumkeun karyana di Sunda Midang atawa Bina Da’wah, tangtu maranéhna kaleungitan hakna pikeun diajén ku LBSS.

Taun ieu, LBSS rék ngalélér deui Hadiah pikeun karya sastra anu di muat di media massa Sunda sapanjang taun 2006-2007. Taun ieu mah LBSS kacirina hayang ngarangkul sakur media massa basa Sunda, ku cara nunjuk redaktur saban média pikeun milihan naskah carpon, éséy, jeung sajak pikeun diajén ku déwan juri. Puguh baé sabéngbatan mah geus némbongkeun kamajuan. Tapi ku lantaran jumlah naskahna diwatesan, tangtu baé timbul deui pasualan anyar. Malah sabada diteuleuman mah, cara siga kitu téh malah némbongkeun kamunduran LBSS. Contona, Majalah Seni Budaya jeung Bina Da’wah ukur dipénta 5 naskah carpon, éséy, jeung sajak (kuring teu pati terang média séjénna meunang jatah sabaraha judul naskah). Nu jelas, lamun kitu carana mah hartina redaktur média massa ogé geus kaasup juri. Pikeun redaktur anu sok nulis carpon, éséy, atawa sajak di médiana sorangan, tangtu bakal éra parada lamun ngasongkeun karyana sorangan pikeun diajén ku déwan juri LBSS, kajaba lamun maké ngaran samaran meureun. Sajabana ti éta, naskah-naskah anu dikirimkeun ka LBSS ogé pasti saukur naskah anu luyu jeung pangaresep redakturna séwang-séwangan.

Ku ayana kitu, prosédur siga kitu téh lain kamajuan, tapi kamunduran. Panitia hadiah LBSS hayang gawé énténg bari henteu pati mikiran kualitas. Padahal ari ceuk pamanggih kuring mah mending dikumpulkeun wé sakabéh naskah ti saban média (siga taun-taun saméméhna). Keun wé déwan juri sina milihan kalayan gemet. Jumlah naskah Sunda téh da moal sabaraha réa, ngarah kagéroh kabéhanana. Tapi omat, lain kuring teu percaya ka redaktur. Ieu mah pasualanna kulantaran diwatesan jumlahna. Mémang ari idealna mah LBSS téh ngalanggan sakur média basa Sunda. Jadi, palebah rék ngalélér Hadiah LBSS téh geus moal kudu paciweuh néangan naskah. Pangurus LBSS téh ulah saukur daék digawé téh lamun geus turun waragad ti pamaréntah. Aya hadéna lamun nyonto ka PPSS (Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda) pingpinan Etty RS., anu kagiatanna teu weléh lumangsung dina ngahirup-huripkeun sastra Sunda.***

Ranggon Panyileukan, Agustus 2008

Ieu naskah baris dimuat di KSM Galura édisi Minggu IV Agustus 2008 (No. 21, taun ka-20).

Honorna mah tos dicandak ti sateuacanna, kumargi upami teu énggal-énggal dicandak bilih kapayunan dicandak ku Miftahul Malik, redaktur Galura anu saur pangersa Agus Bebeng mah henteu nyunda cenah.