Kategori: Info | Diterbitkan pada: 09-11-2009 |
Saban dua tahun sakali, PPSS (Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda) gawé bareng jeung Téater Sunda Kiwari ngagelar Lomba nulis Naskah Drama Basa Sunda Tingkat Nusantara.
Sajabana ti ngabeungharan khazanah sastra Sunda, ieu lomba ogé mibanda tujuan keur ngajaring naskah-naskah drama Sunda pikeun acara FESTIVAL DRAMA BASA SUNDA Tingkat Nusantara (FDBS), anu digelar ku Teater Sunda Kiwari. Dina taun 2008, peserta FDBS jumlahna 74 patandang, mangrupa grup téater anu datang ti sawatara kota jeung daérah di Jawa Barat, ogé luareun Jawa Barat.
Déwan juri anu meunteun naskah-naskah lomba téh diantarana Godi Suwarna (sastrawan jeung dramawan), R. Dadi P. Danusubrata (Ketua Téater Sunda Kiwari), jeung Teddy AN Muhtadin (sastrawan, Ketua Jurusan Sastra Sunda UNPAD). Putusanna nyaéta:
- Juara 1: “Sadrah”, karya Nazaruddin Azhar
- Juara 2: “Kembang Gadung”, Karya Dhipa Galuh Purba
- Juara 3: “Génjlong Karaton”, karya Dian Héndrayana
- Juara Harepan 1: “Cukang”, karya Dadan Sutisna
- Juara Harepan 2: “Bandéra! Bandéra! Bandéra!”, karya Toni Lesmana








Wilujeng ah!