Statistik

≈ Tulisan: 1414 tulisan
≈ Kategori: 44 kategori
≈ Komentar: 4159 komentar
≈ Hit: 307.148 kali

Béwara Pinunjul Hadiah Sastra Bujangga Maya 2008

ALHAMDULILLAH déwan juri Hadiah Sastra Bujangga Maya 2008 geus réngsé madungdengkeun para pinunjulna ti antara 37 naskah anu jadi patandang saémbara ngarang carpon di internét Hadiah Sastra Bujangga Maya 2008. Ieu pasanggiri téh minangka anu munggaran digelar sapanjang sajarah kalumangsungan sastra Sunda. InsyaAlloh, saban taun situs Galuh-Purba.Com rék mayeng ngalélér Hadiah Sastra Bujangga Maya. Ku kituna, mundut pidu’a ti sadaya warga dunya maya sangkan rarancang téh bisa lumangsung kalayan lungsur-langsar.

Panitia tacan narima BÉJÉR PANGAJÉN ti déwan juri, atawa laporan pertanggungjawaban pangna milih para pinunjul nu baris dipérélékeun di handap ieu. Tapi ceuk Dadan Sutisna, pupuhu déwan juri, Béjér Pangajén baris dipasrahkeun sagancang-gancangna. Lebah dieu, panitia ngama’lum, sabab béjér pangajén kudu disusun sacara sistematis, ladang tina padungdengan anu kaitung panjang. Rapat juri téh lumangsung dina conference Yahoo Mesenger bari teu cukup ku sakali padungdengan. Rapat kahiji, lumangsung 25 Juli 20008, jam 10.00 WIB nepi ka 26 Juli 2008 jam 00.15 WIB. Rapat kadua lumangsung tanggal 29 Juli 2008, jam 07.30 nepi ka 12.39 WIB. Alhamdulillah dina rapat kadua, ahirna sakabéh déwan juri sapuk pikeun milih:

Carpon anu judulna Kabéngbat di Serambi Mekah, karya Agus Hérmawan, minangka pinunjul harepan.

Carpon anu judulna Lain Saukur keur Kuring karya Roro Siti Rohmah, minangka pinunjul harepan.

Carpon anu judulna Mandahong Kahot karya Aditia Gunawan, minangka Pinunjul Harepan.

Carpon anu judulna Layung Beureum Kiaragantung karya Sang Niskala, minangka Pinunjul Harepan.

Carpon anu judulna Kaburna Tokoh Carita karya Ageng Pangéstu, minangka Pinunjul Harepan.

Carpon anu judulna Calana Jero-2 karya Iwang Noor, minangka Pinunjul katilu.

Carpon anu judulna Carita Sabada Runtag karya A. Girang Pamungkas, minangka Pinunjul kadua.

Carpon anu judulna Bulan Sésa karya Imas Rohilah, minangka Pinunjul kahiji.

Wilujeng ka para pinunjul saémbara Ngarang Hadiah Sastra Bujangga Maya 2008. Hadiah mangrupa duit jeung piagem sakumaha anu geus dijangjikeun ku panitia, baris dikirimkeun tanggal 1 Agustus 2008. Carpon Bulan Sésa karya Imas Rohilah baris dimuat di Majalah CUPUMANIK, sarta carpon pinunjul nu sejenna baris dimuat di Majalah SENI BUDAYA. Saran jeung kritik kana ieu saembara, kalintang diajeng-ejengkeunana.

Pikeun anu tacan kabiruyungan jadi pinunjul, muga ulah leutik haté, sabab lain hartina henteu alus. Muga baé dina saémbara Hadiah Sastra Bujangga Maya 2009 bisa nyangking pinunjul.

Bandung, 31 Juli 2008

Ketua Panitia

 

M. Sudama, S.Sos

 

Catetan:

  • Hadiah mangrupa duit Rp 500.000,- pikeun Imas Rohilah (pinunjul 1), geus ditransper via Bank BRI, 1 Agustus 2008, Jam: 15: 40 WIB. Piagam oge geus dikirim via e-mail.
  • Hadiah mangrupa duit Rp 300.00,- pikeun A. Girang Pamungkas (Pinunjul 2); Rp 200.000,- pikeun Iwang Noor (pinunjul 3); Rp 100.000,- pikeun Ageng Pamungkas (pinunjul harepan); jeung Rp 100.000,- pikeun Sang Niskala (pinunjul harepan), dibawa langsung ka Ranggon Panyileukan.
  • Hadiah mangrupa duit Rp 100.000,- pikeun Aditia Gunawan (pinunjul harepan), geus ditransper via Bank BRI, 1 Agustus 2008, tabuh 15: 37 WIB. Piagam oge geus dikirim via e-mail.
  • Hadiah mangrupa duit Rp 100.000,- pikeun Roro Siti Rohman (pinunjul harepan), geus dikirim via Bank BCA, 1 Agustus 2008, tabuh 11: 03 WIB. Piagam oge geus dikirim via e-mail.
  • Hadiah mangrupa duit Rp 100.000,- pikeun Agus Hermawan (pinunjul harepan), geus dikirim via Bank BCA, 1 Agustus 2008, tabuh 11: 02 WIB. Pagam oge geus dikirim via e-mail.

Isi komentar.

Pencarian


Kingkilaban

Katumbiri

Bedah & Niaga