Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 27-06-2008 |
Karya patandang Nomor Naskah: 028
Kahayangmah geus kumejot tibaheula keneh meuli hape teh.
Atuda teu dek kitu kumaha geura hirup teu weuleh ngumara
ka kota gawe sabiasana ari gaya hayang beregegeh
padangkrang pedengkreng siga jelema nu anyar jadi bos.
Lamun pareng balik teh sok hayang katangar ieu pang gaulna
ieu pangnyahona.
Bener kitunamah, da tibaheula oge tara ieuh kapiheulaan
kubatur lamun pareng aya tren anyar atawa modelnu pang
gaulnateh teuweleh sok pangheulana bae. Pan baheula oge
waktu SMA pan kuring nu pang heulana make walkmen nuleutik
teh. Harita gaya pada ngarogrog kubatur saiembur. Beh
dieuna pan Kuring nupangheulana mawa Kodak pilem oge.
Urang lemur kabeh hayang diparoto. Kuring harita ngajual
poto sajepret hargana Rp 5000,-. Pokona mucekil weh. Pan
dina waktu haritamah can moneter kawas ayeuna. Malah
pernah dina hiji waktu kuring seepeun plm, nupotoeun loba
keneh, ahirna kuring ngajual blitz wungkul. Sajetrek
sarebu. Padahal pan eweuh pileman. Jang]ina nusarebu jang
uang muka. Mun jadi tinggal nebus nusawarehna deui.
Kitunateh pan puguh kodak nage pan eweuh pilman, ah
nupentingmah maranehna teu nyahoeun. Ahirna kukuring
dibejakeun pan potonateh kabakar. Basa waktu dipoto ceuk
kuring aya keneh jaleme sakti numatak panas kana pilemna.
Kuring ngabohong. Saterusna batur-btur urang lembur pada
nurutan bisnis poto siga kurung, nepi kaaya nu sok
ngaboking anu hajatan sagala. Ari kuringmah gura giru
nyaba deui kakota bari kitunateh asa kudosa jeung hayang
seri kupamolah sorangan nu ngabobodo urang lemur nugeus
puguh tinggaleun jaman. Ayeuna kuring geus beregegeh deui
wae. Ayeuna kuring balik ka imah mawa hayam pelung alias
hand pone. Ceuk urang lemurmah telepon genggam cenah.
Pedah eta meuren sok dicecekelan wae. Pokona rame ceuk
obrolan urang lemur teh. Pok itu nyobaan pok ieu ngilikan.
Sabarah ieu hargana ceunah, reang pada nanya kakuring.
Kukuring ditembalan ngabohong. Mahal, pokonamah moal mahi
kungajual sawah saluwuk lamun hayang nu leuwih alusmah
pokteh. Sok padahal pan ari anu kuringmah ngan harga
duaratus rebu, ceuk dina jero hate.
Sakapeung kuring sok hayang seri geura mun ngadenge batur
kuring di Bandung.
Poknateh. “Kade hp teh di injeum ku tante ijoh.”
“Naha?”
“Enya bisi dipesakan dina saku handap tuluy aya nu ngbel
pan meureun engke ngageter. Engke tante ijohna katgihan
hayang nyoo hp eta.”
Kituna manehna bari seuri. Heueuh da enyana atuh teu dek
kitu kumaha geura, hape-hape leutik sacekel awakna buled,
huluna lonjong, pokona lamun dikemil teh siga loli terus
dimiscall, fibratorna diaktipkeun, meureun bakal adug
adugan siga belut keurngaliang ha., ha..ha kuring seuri
kagugu ku kaayaan hape.
Ayeuna kuring geus dilembur mawa beregegeh mamerkeun hape.
Dilemur tea ari aya nubalik ti dayeuh teh sok pada
mencrong. Kitu deui kuring. Puguh meni we asa jadi artis
nu pang tenarna nu pada ngagosipkeun ku penggemarna.
Sapopoe di lemur kuring teu bisa cicing. Unggal waktu
teu weuleh hayang ulin wae. Tiditunamah hayang mamerken
hp meureun. Samemeh kuring ulin kanu loba batur kuring
masang heula alrm saloba-loba sangkan engke waktu dinu
loba batur hp teh disada. Atuda jeung enyana waktu kuring
ngobrol jeung lobaan, teretet-teretet hp di sada dina lagu
mobil butut. Tuluy kukuring diangkat siga keur ngobrol
sakumaha biasana.
“Ti saha Di?” Maranehna nanya.
“Biasa bos di Bandung” Tembal teh. Kadang sakapeung sok
dibjakeun ti kabogoh kuring. sonoeun hayang ngadenge sora
kuring pokteh. Bari kitunateh pan kuring nusabenernamah
pan jomlo. Boro-boo kabogoh anu nelepon, rajeun kuring
nelepon awewe oge sok ditutup deui kumanehna, daceunah
bisi diaku-aku kabogoh kukuring. Pedah eta ari seleramah
nugareulis wungkul, ari wajah sorangan amburadul.
Pareng poe pasar mingguan, tambah dilemur eweuh pagawean.
Atuh teu wudu eta kasempetan teh jadi kasempetan kuring
supaya kuring leuwih katangar kubatur. Isuk-isuk keneh
kuring geus nyiapken alrm saloba-loba. Poe kemis pasar
saminggu sakali teh. Bener pasar geus rame. Jelema geus
ting laliud. Nudagang jeung nu meli geus renyom
patawar-tawar harga. Tereret-tereret hp disada, kontan nu
araya ngareret ka tempat datangna eta sora. Puguh we atuh
kuring leuwih bangga, tuluy hp dikaluarkeun tina cepuk
nunggantel dina cangkeng.
“Halow selamat pagi”
Ceuk kuring kituna mani daria naker siga ngobrol jeung
urang Jakarta. Kuring dipencrong kusarerea, tapi kuring
teu ngarasa ieuh era malah bangga asa pang heueuhna. Pok
itu pan etateh hp tea. Pok ieu pan etateh telepon genggam,
ceuk barudak ngora man hand pone ceunah. Bari sarerea pada
hayang disebut panyaho-nyaho. Aya oge nu ngadeketan semu
rusuh,
“Kabeneran Jang tulungan lah, emangteh penting kabudak.
Pang neleponkeun iraha dek baliknateh lanceukna dek kawin
the pan geus deukeut kituh”. Bari kitunateh manehna dek
mayar sababaraha oge keun bae cenah. Kukuring di cobaan
tapi teu nyambung. Najan mindeng oge di cobaan anger teu
nyambung-nyambung da euweuh sinyal tea.
“Keur teu aktif mereun telepona” Ceuk kuring. Kitunateh
kuring teu eleum eulem tuluy api-api nelepon babaturan di
bandung siga nungobrol kawas biasa. Padahal boro-boro
pulsa jang nelepon pan masa aktip naoge kari dua poe deui,
ditambah sinyal oge pan euweuh saencret-encret acan. Keur
kitu torojol mang Toha.
“Pang Sms keun budak lah.” Bari kitunateh bari ngasongkeun
kertas aya nomeran. Da ari manehnamah geus rada apal cenah
ari SMS teh ngirim berita ngaliwatan hape ceuk budakna anu
sakola meureun “Aduh son mang pulsana seep pisan bieu
kukuring pake nelepon ka Jakarta.
“Naon an pulsateh?”
“Nilai duit dina hp”
‘lyeu pake duit emang”
“Ah lain nu kitu pokona emang mah moal ngarti da iyeumah
pagawean urang kota” Ceuk kuring bari kesel.
“Ka si ujang Sona we, da manehna oge mawa hp kamari karek
balik ti Bogor tapi eweuh sinyalan cenah di lebakmah.” Pok
mang Udin nu dagang di gigireun bari kituna teh pok nanya
deui.
“Naha ari di dieu mah aya sinyalan kitu?”
Ditanya kitu kuring ngajenghok asa ditonjok jajantung.
Kuring rada beureum, tapi lain ge kuring ari teu bisa
nyanewara kitu-kitu acan mah. “Goreng hp na meureun anu
Sona mah.” Kituna kuring bari ngasupkeun hp kana cepukna.
“Enya cobaan weatuh ka Sona ari pentingmah.” Ceuk kuring.
Isukna kuncud-kuncud kuring kabandung. Sajeroning di
Bandung kuring hulang huleng bisi kuring kapanggih kubatur
ngawadul masalah sinyal hape tea. Kakara kuring daek
ngalongok lembur deui teh saenggeus lila jeung geus aya
beja yen dilemur ayeunamah geus aya sinyal sanajan bari
lup lep keneh oge. Eta bari balikteh ari hatemah mani asa
ku tepararuguh heueuh atuda salah sorangan jadi jelema teh
hayang katangar belaan ngabohongan batur jeung diri
sorangan ari haying katanggarteh. he… he..he. kuring
seuri sorangan.
21 Maret 2006







