Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 08-08-2008 |

Sajak Iwan M. Ridwan

 

Gusti, sadaya sumerah pasrah taya lian ti ka Anjeun,

miwah lugina tur salawasna bagja marengan kuring sadaya

 

ieu peuting asa jadi peuting nu munggaran

haté raket, ngeuyeub tali kaasih

kuring ka anjeun, kuring ka maranéhna,

anjeun ka kuring, anjeun ka maranéhna,

maranéhna ka kuring, maranéhna ka Anjeuna, ka maranéhna.

 

keclakna cipanon haté mantengkeun du’a

meuntas kasimpé nu jadi pamépéndé anjeun,

pangrépéh méméh kasakit nu nyaliara ilang tanpa karana,

panangtayung sabot katunduh ngagamah na kongkolak panon.

 

anjeun aya dina sagara kacinta, réa bagja

unggal nu nafas ngocorkeun kanyaah

nembangkeun dalingding pangais (waruga anjeun)

ngudar honcéwang, meupeus bangbaluh lir cihujan ngagarajag

kana kaca nu lambokot ku raraheut méga

 

reup, peureumkeun panon anjeun nu cindul balas balilihan

nahan kanyeri. leungitkeun kahariwang tina datangna cilaka

dug, tibrakeun implengan anjeun tina baluweng alatan honcéwang

nyangharepan isuk. leupaskeun katineung ka nu jauh méh bisa mubus harepan

 

ieu papastén. cocoba. omat tarima ku kajembaran haté nu taya cangcaya ka dzatNa.

omat ulah deuk ngarasula nguarnguar kasusah. paroman anjeun tumaninah.

tingtrim.  taya tanda keur bangkawarah. anjeun sabar. sumerah. tumarima ka nu datang.

- meureun

isuk jaganing géto urang saréréa suka seuri deui

balakécrakan deui. silih udag dina haté jeung silih siaran pangharepan

ngajul béntang nu kungsi diranggeum ku anjeun

anjeun… anjeun… béntang urang saréréa…

 

Bandung, 23 Januari 2007

 

Dimuat di Majalah Manglé No. 2166 edisi 24-30 April 2008