Kategori: Info | Diterbitkan pada: 29-10-2009 |
Siga taun 2006 jeung 2007, naskah carita pondok nu diajén dina Hadiah Sastra LBSS taun 2008 téh beunang milihan redaktur koran/majalah basa Sunda. Ku kituna, déwan juri teu maca sakabéh naskah nu dimuat dina média basa Sunda taun 2008, tapi ngan sawatara naskah waé, dumasar kana tinimbangan ti unggal redaktur téa.
Pikeun katégori carita pondok, nu katarima ku déwan juri naskah kabéhna 46 naskah ngawengku carpon-carpon nu dimuat dina majalah Manglé, majalah Cupumanik, koran Galura, majalah Sunda Midang, majalah Bina Da’wah, majalah Seni Budaya, majalah Ujung Galuh, jeung koran Priangan.
Dina nangtukeun karya pinilih, juri maké kritéria nu geus umum dina ngajén karya prosa, nyaéta:
Basana. Dina kurung-karang mah, basa téh papakas penting. Kahéngkér kana basa kacida mangaruhanana kana ajén hiji karya.
Témana. Pangarang lain ngan parigel nyurupkeun basa Sunda, tapi dina milih téma gé milu nangtukeun kana ajén hiji karya.
Cara nyaritakeunana. Najan basana geus bérés, témana geus nyampak, can karuhan ngajanggélék jadi karya nu hadé. Pangarang boga carana séwang-séwangan sangkan dina nepikeun téma téh bisa “mageuhan” ingetan nu maca.
Jenglénganana. Kaharmonisan basa, téma, jeung cara nyaritakeun, nepi ka ngajanggélék jadi karya nu nyongcolang.
Nu matak reugreug téh, jeroning taun 2008, aya sawatara pangarang anyar nu méméhna langka kacaturkeun nulis carpon. Di antarana Sarmini, Wasta Ai, Cucu Rahmat S., Ageng Pangéstu, jeung Mugi Guréwitz. Tangtu ieu téh kudu dibagéakeun.
Karya Pinilih Carpon 2008
Carpon “Salam” beunang Ibnu Hijar Apandi (dimuat dina majalah Cupumanik Bulan Maret 2008) nyaritakeun konflik batin hiji tokoh nu ngarasa kagok jeung asa-asa mun rék sasalaman. Ibnu nyokot téma nu ilahar jeung lumbrah dina kahirupan sapopoé, nyaéta hubungan jelema nu sok pataréma dampal leungeun mun pareng panggih jeung sasama. Hanjakal ieu carpon kalah museur kana sasalamanana, lain kana konflik tokohna. Upamana, dina bagian awal, Ibnu medar heula pentingna sasalaman nu saenyana mah geus papada terang. Nu maca tangtu leuwih kairut mun pangarang langsung nujul kana masalahna: jelema nu ngarasa géngsi mun kudu miheulaan ngajak sasalaman ka bawahanana. Padahal, haténa méréan, da geus paham yén sasalaman teu kudu nilik bawahan-atasan; ngan leungeunna teu daék song. Lila-lila, tokoh “kuring” asa kasiksa ku polah sorangan. Pamungtunganana, najan aya kesan rurusuhan, tokoh “kuring” meunang musibah, leungeunna tatu nepi ka kudu diamputasi.
Carpon “Salam” bisa mibanda ajén mun pangarang apik ngolah konflik batin,
Holisoh MÉ, pangarang nu ti taun 1970-an produktif nulis carpon, remen pisan midangkeun carita di pilemburan dina karya-karyana. Kahirupan di pilemburan, tangtuna gé moal nepi ka
Lebah eusi carita, Holisoh gugon dina téma-téma nu basajan: ngeunaan kulawarga, anak, rumah tangga, atawa hubungan tatangga jeung tatangga. Najan lebah nangtukeun judul carpon, katémbongna pangarang
Dina carpon “Indung” (dimuat dina majalah Sunda Midang No. 40, 41, 42 taun 2008), Holisoh nyaritakeun suasana hiji kulawarga di pilemburan. Inah (tokoh kuring), boga maksud hayang milu mémérés rumah tangga anakna (si Nyai). Si Nyai balik ka imah kolotna alatan meunang béja yén salakina nyéléwér. Inah nu asak jeujeuhan, méré bongbolongan sangkan anakna maluruh heula éta béja, najan ari haténa mah milu nyeri lantaran kasuat-suat deui, duméh manéhna gé baheula kungsi dipangliwarkeun. Tapi Si Nyai angger mugen. Nepi ka salakina mapagkeun gé angger embungeun balik. Basa si Nyai ngabéjérbéaskeun sagala rupana, Inah malik napsu, milu nyeri ku nasib anakna. Milu keuheul ka minantuna.
Batin Inah mimiti perang sabil basa nyaho yén Si Nyai kakandungan. Kakeuheul ka minantu kasilih ku kabungah rék boga incu. Ku Inah kapikir deuih, mun si Nyai nepi ka pepegatan, kumaha nasib incuna, meureun cuang-cieung jauh ka bapa. Ti dinya Inah mimiti léah ngahampura minantuna, malah milu mémérés sangkan rumah tangga anakna sabihara-bihari deui.
Lian ti tapis dina ngolah basa, dina carpon “Indung” Holisoh geus hasil mangaruhan émosi nu maca. Kaweruh pangarang kana kahirupan masarakat pasisian gé némbrés pisan deuih. Hanjakal dina pungkas carita, pangarang méh teu méré kasempetan ka nu maca pikeun namperkeun imajinasi. Padahal najan teu diécéskeun “si Nyai jeung salakina silih rangkul, terus duanana pamitan”, nu maca tangtu surti. Cukup baé nepi ka “si Nyai papelong-pelong jeung salakina
Ku kituna, carpon “Indung” beunang Holisoh MÉ ditetepkeun jadi Pinilih Kadua.
Mun nilik kana basana, carpon-carpon beunang Supriatna bisa némbongkeun yén pangarang geus “legok tapak” dina ngolah basa Sunda. Lian ti apik dina diksi, maca carpon beunang Supriatna mah henteu kakagokan ku struktur kalimah nu kurang merenah. Supriatna tapis naker nyusun kekecapan basa Sunda nu nyunda. Salah sahijina kapanggih dina carpon “Monyét jeung Merak” (dimuat dina Cupumanik bulan April 2008).
Jejer nu dicaritakeun ku Supriatna dina ieu carpon, saenyana masalah nu geus umum: ngeunaan pasipatan manusa nu sok kokomoan, makmak-mekmek, jeung halabhab ku jabatan. Ngan dina cara nyaritakeunana, pangarang henteu togmol kana jengléngan manusa, tapi disilibkeun kana kahirupan sasatoan di leuweung. Monyét jeung Merak paséa parebut pelak cabé; Monyét kokomoan pisan nepi ka cabé téh dicabutan jeung tangkalna, ari ku Merak dihulag. Der wéh paséa parebut paham. Sabréhan mah, hoghagna Monyét jeung Merak téh siga guyonan keur barudak, padahal saenyana medar pasualan penting dina hirup-kumbuh.
“Monyét jeung Merak” bisa jadi ngajak imut
Éta téh kapanggih dina omongan Maung, basa mémérés nu keur paséa, pokna: “Sakumaha keuheulna gé ka batur téh ulah nepi ka ngajelema-jelema. Sabab saha pisatoeunana nu teu nyeri haté disaruakeun jeung jelema.” Tapi dina pungkasna disebutkeun deuih, yén sakadang Maung “beuteungna seubeuh ku anak uncal kumincir, beubeunangan cikénéh di tegal.”
Dumasar kana tinimbangan basa, jejer carita, jeung téknik ngarang nu diolah kalayan daria, carpon “Monyét jeung Merak” beunang Supriatna ditetepkeun jadi pinilih kahiji.
Juri Hadiah Sastra LBSS taun 2008
Us Tiarsa R.
Cécép Burdansyah
Dadan Sutisna







