Kategori: Info | Diterbitkan pada: 23-11-2008 |

Ti kénca: Ki Edas, Iif D. Yahya, Djasepudin, Dhipa Galuh Purba, Atep Kurnia, Darpan, Nazrudin Azhar, Sarabunis Mubarok, Rosyid E. Abby, Rizal Sabda
Katégori Éséy
Nu dimaksud éséy di dieu ngawengku rupaning karangan winangun prosa nonfiksi anu eusina nepikeun sawangan pribadi kana hiji perkara.
Éséy-éséy nu dipeunteun téh kaasup karangan asli, lain beunang narjamahkeun atawa beunang nyadur ti karangan karya pangarang séjén.
Éséy-éséy nu dipeunteun kungsi dipidangkeun dina média massa citak basa Sunda salila dua taun noron, nyaéta taun 2006 jeung 2007. Média citak nu dimaksud téh Cupumanik, Galura, Kujang, Manglé, Bina Da’wah, Seni Budaya jeung Sunda Midang. Kabéhanana wedalan Bandung.
Luyu jeung kawijakan Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS), minangka lembaga nu mokalan ieu hadiah, éséy-éséy nu dipeunteun ku Déwan Juri téh beunang milihan para redaktur koran jeung majalah nu kungsi midangkeunana. Nu kapilih ku para redaktur, terus dipilihan deui ku Déwan Juri.
Pamarekan
Dina prak-prakan meunteun karangan, Déwan Juri nyindekel kana tilu perkara:
1. Jejer karangan
Jejer karangan teu diwatesan. Eusi éséy bisa ngabahas naon baé, ti mimiti masalah basa tepi ka masalah agama, ti mimiti masalah hukum tepi ka masalah ékonomi. Hal ieu raket kana salah sahiji udagan program kabasaan cara nu salila ieu dipaju ku LBSS, nyaéta ngamekarkeun fungsi sosial basa Sunda (tinulis).
Sabisa-bisa, Déwan Juri ngutamakeun karangan nu eusina nepikeun gagasan atawa wawasan anyar. Bisa waé ari masalah nu dibahasna mah geus remen kapanggih, tapi mun jihat sawanganana atawa carana ngabéjérbéaskeun masalah béda ti nu réa, éta karangan meunang peunteun hadé.
2. Téhnik ngarang
Karangan nu diutamakeun téh karangan nu némbongkeun ciri mandiri nu ngarangna. Ari sababna, hal ieu nuduhkeun yén nu ngarangna lain baé geus haat mikiran hiji pasualan, tapi deuih parigel enggoning ngulik cara nepikeunana.
Kaparigel ngolah basa pohara diutamakeun deuih. Lebah dieu juri nimbang-nimbang katineung pangarang kana basana, tur kasadarna kana pentingna basa minangka rawayan nu ngahubungkeun pangarang jeung nu maraca karanganana. Babakuna mah, nu ditimbang-timbang téh tepi ka lebah mana kira-kirana sumbangan nu ngarang kana kamekaran basa Sunda.
3. Kaparigel pangarang
Pangjurung kana ngarang dina basa Sunda kiwari geus teu pati réa, sumawonna keur nu ngarora. Paling copélna, upama dibandingkeun jeung pangjurung kana ngarang dina basa Indonésia, pangjurung kana ngarang dina basa Sunda mah tétéla teu pati gedé. Tumali ka dinya, Déwan Juri pohara mentingkeunana ka pangarang ngora nu geus némbongkeun produktivitas katut inténsitas ngarang dina basa Sunda.
Ieu hadiah mudah-mudahan bisa milu nandeskeun yén tarékah maranéhanana éstuning diajénan.
Éséy 2006
Aya 46 éséy nu medal dina taun 2006 anu katampa ku Déwan Juri ti Panitia. Umumna éta éséy-éséy téh némbongkeun kualitas anu sabanding.
1. Djasepudin kaasup pangarang ngora anu produktif boh dina basa Sunda boh dina basa Indonésia. Dina taun 2006 aya 4 éséy anu katarima ku Déwan Juri. Dina éséy “Dalang Dumang” anu dimuat dina majalah Manglé Djasepudin ngangkat karancagéan Ki Dumang, dalang anu teu kawentar nu hirup di wewengkon Jatinangor. Nu katitén ku Djasépudin, ieu dalang anu pakasabanana ukur karyawan handap di Fakultas Sastra Unpad téh, réla ngaluarkeun waragad pikeun mintonkeun wayang dina waktu nyunatan anakna. Dumasar kana panitén Djasépudin, Ki Dumang téh tinekanan geus ngahontal tujuanana, lantaran pintonan wayangna dipikaresep ku warga nu aya di lingkunganana. Cék Djasépudin, “Tug dugi ka lekasan nu haladir téh ukur saurang dua urang nu ngoléséd ninggalkeun pintonan”. Ku hal ieu Djasépudin geus tinekanan ngangkat hiji agén kabudayan Sunda anu teu pati dipaliré, tapi mibanda akar anu kuat di masarakat. Ku lantaran kitu, éséy “Dalang Dumang” anu dimuat dina Manglé no 2050 ditetepkeun jadi pinunjul katilu.
2. Dhipa Galuh Purba ogé kaasup pangarang ngora anu produktif. Éséy “Cai Buruk Milu Mijah” nyaritakeun caah anu mindeng kajadian di Bandung kidul. Kaayaan anu biasa, anu mindeng kabaca dina berita di media massa. Tapi, nu ngalantarankeun éséy Dhipa onjoy di nu séjén nyaéta lebah nyaritakeunana. Dina éta éséy Dhipa ngagunakeun gaya naratif. Kaayaan caahna Citarum dicaritakeun tina jihat tokoh jalma kahiji. Temahna ka nu maca jadi bisa milu ngarasakeun kumaha susahna lamun lembur kacaahan. Tapi sok sanajan kitu, éséy Dhipa henteu tisolédat kana sentiméntalisme anu hayang dipikarunya atawa nyalahkeun pihak-pihak séjén anu milu andil kana ruksakna lingkungan. Dina nyaritakeun kaayaan sarupa kitu, Dhipa masih kénéh mampuh ngajaga jarak. Ku lantaran kitu, éséy “Cai Buruk Milu Mijah” karya Dhipa Galuh Purba (Galura, Minggu 1 Juni 2006) ditetepkeun jadi pinunjul kadua.
3. Saperti Djasépudin jeung Dhipa galuh Purba, Atép Kurnia ogé kaasup pangarang ngora anu produktif. Dina taun 2006 aya 4 karya Atép anu katampa ku Déwan Juri. Dina éséy-éséyna katangén kadariaan Atép dina widang kurung karang. Subyék tulisan anu jadi puseur implengan Atép lir ibarat cangreudan benang dina jaring. Puseur impelngan téh henteu diantep sina mandiri, tapi éstuning dipatalikeun jeung widang-widang séjénna. Ieu nu ngalantarankeun éséy-éséy Atép jadi jembar: aya usaha pikeun nyukcruk sumber tur ngantengkeun simpay babandingan. Dina éséy “Nasib Roman Sunda Ngepop” nu dimuat dina Seni Budaya Atép medar buku-buku roman pop Sunda anu medal di sabudeureun taun 1960-1970-an. Dina éta éséy Atép lain baé ngaguar kahirupan roman pop Sunda anu medal mangsa harita, tapi diguar ogé ngeunaan pangarangna, nu macana, nu medalkeunana, jeung nu ngadistribusikeunana. Cindekna, éséy Atep énstuning nyeuweu, puguh éntép seureuhna, tur ditepikeun ku basa anu lancar. Ku lantaran kitu, éséy “Nasib Roman Sunda Ngepop” anu dimuat dina Seni Budaya, ditetepkeun jadi pinunjul kahiji.
Éséy 2007
Saperti dina taun 2006, éséy-éséy taun 2007 nu katampa ku Déwan juri ti panitia ogé némbongkeun kualitas anu sababad.
1. Éséy “Pamali jeung Sanget: Papagon Karuhun keur Ngariksa Alam” anu dimuat dina Cupumanik (Désémber 2007) karya Cécé Hidayat ngaguar kaaripan budaya Sunda buhun anu masih kénéh mangpaat dina mangsa kiwari. Cécé ningali yén dina kapamalian téh aya pangajaran anu nyamuni anu bisa nyalametkeun alam lingkungan urang. Dina ieu éséy Cécé geus mampuh ngaguar ma’na anu nyamuni dina hasil-hasil budaya karuhun Sunda di mangsa lawas tur mibanda fungsi anu nyata dina mangsa kiwari. Ieu éséy, anu dina ngagunakeun basa Sundana tapis téh ditetepkeun jadi pinunjul katilu.
2. “Ngawur Kasintu” (Bina Da’wah, Juni 2007) karya Ki Édas, mampuh ngahirupkeun babasan anu geus mati ku cara ngaguar harti léksikal katut larapna dina kahirupan buhun tur larapna dina mangsa kiwari. Dina ieu éséy aya arguméntasi nu nandeskeun yén hal-hal anu kajadian kiwari téh hakékatna mah kitu-kitu kénéh. Dina harti baheula ogé nu kitu mah geus aya. Ngan wangunna baé nu béda téh. Dina éséyna Ki Édas kawas nu hayang nimbang perilaku manusa jaman kiwari ku kaaripan anu aya dina budaya Sunda tur teu leupas tina tetekon agama Islam. Ku lantaran kitu, éséy “Ngawur Kasintu” karya Ki Édas ditetepkeun jadi pinunjul kadua.
3. Dina éséy “Pamiangan” (Galura, Minggu II Oktober 2007), Iip D. Yahya ngarasa perlu ayana pamingan pikeun léngkah-léngkah urang Sunda dina enggoning nyanghareupan panéka jaman. Upama urang Barat ngajadikeun budaya Yunani jadi pamiangan jeung umat Islam kiwari nempatkeun mangsa Bagdad jadi pamiangan, satutas mangsa Madinah dianggap henteu nyukupan; dina éséyna Iip ngusulkeun Sunda mangsa Prabu Wastu Kancana jadi titik pamiangan. Iip nganggap ieu mangsa téh puguh laratanana: aya sababaraha prasasti di Kawali, aya makam di Nusalarang, jeung aya sajarah Dyah Pitaloka (Citraresmi) anu moal kapopoheukeun ku sakumna urang Sunda. Di sagigireun éta aya ogé Siksa Kanda ng Karesian (1518) anu jadi patokan hirup kumbuh balaréa. Nengetan arguméntasina, bisa disebutkeun tulisan Iip téh orisinal. Ku kituna, Déwan Juri netepkeun ieu tulisan jadi pinunjul kahiji.
Bandung, 7 Nopémber 2008
Déwan Juri:
Abdullah Mustappa, Téddy A.N. Muhtadin, Hawé Setiawan












