Kategori: Info | Diterbitkan pada: 02-10-2010 |
Alhamdulillah, urang tepang deui dina raraga pamasrahan Hadiah Hardjapamekas. Ku alpukahna Yayasan Kabudayaan Rancagé nu di sagédéngeun ngalélér Hadiah Sastra Rancagé ka para pangarang sareng tokoh budaya ti opat daérah: Sunda, Jawa, Bali, sareng Lampung, ti kawit 2008 ngalélér hadiah nu ka para guru basa Sunda nu ngawulang di SD, SMP sareng SMA deuih. Hadiah Hardjapamekas nu insya Alloh badé dipasrahkeun dinten ayeuna téh hadiah nu katilu kalina. Ku margi tos diniatan janten hadiah taunan, kedahna Hadiah Harjapamekas nu katilu téh dipasrahkeunana taun kamari, mung ku margi nembé katimbang réhna pamasrahan ieu hadiah téh saéna mah luyu sareng milangkalana almarhum R.S. Hardjapamekas, anu kaleresan dina sasih Séptémber, ieu hadiah katilu téh nembé ayeuna tiasa kasanggakeun. Insya Alloh, ka payunna, Hadiah Harjapamekas badé mayeng disanggakeun unggal sasih Séptémber.
Déwan Juri nu matotoskeun saha-sahana nu katimbang peryogi dilélér Hadiah Hardjapamekas taun ieu, aya bénténna ti nu kamari. Alatan kaséhatan, Drs. H. Karna Yudibrata henteu tiasa ngiring ngajurian. Kanggo ngagenténan anjeunna, Prof. Dr. Iskandarwassid ayeuna ngiring janten juri. Drs. H. Elin Syamsuri sareng Dr. Safrina Noorman tetep janten juri. Déwan Juri dipupuhuan ku Drs. H. Elin Syamsuri.
Dina enggoning ngajén para calon pinunjul Hadiah Hardjapamekas, Déwan Juri teu leupas tina cecekelan. Sapertos nu diungkarakeun taun-taun méméhna, nu dijantenkeun tatapakan téh nyindekel kana tilu kritéria poko:
Kahiji, kritéria paédagogis. Ieu kritéria téh neueul kana kaparigel guru basa Sunda enggoning ngalaksanakeun tugas édukatifna di sakola. Dina hartos parigel ngararancang, ngalaksanakeun, sareng ngamekarkeun pangajaranana di sakola.
Kadua, kritéria kompeténsi pribadi. Nu ieu mah tujulna guru nu sanés waé parigel nepikeun pangajaranana di sakola, saluyu sareng kurikulum, nanging ogé motékar enggoning ngahiap murid-muridna sangkan dalit kana basa Sunda. Boh nu lisanna boh nu tinulisna. Sagédéngeun éta, ogé karaos ku masarakat ayana guru basa Sunda téh. Dina hartos sasieureun sabeunyeureun tiasa aub dina kagiatan masarakat nu aya patalina sareng kamekaran basa Sunda.
Katilu, kritéria kompeténsi profésional. Dina hartos guru nu kaselir téh nu katimbang weruh kana bagbagan ngajar sareng tabah kana padikana ngajar, utamina sareng pangajaran basa di sakola.
Lebah prakprakanana ngajurian deuih, aya béntenna ti nu kamari. Déwan Juri ku rupaning alatan, teu tiasa nalék atanapi ngawawancara sacara lisan unggal calon. Déwan Juri gé teu acan kaduga ngayakeun observasi langsung ka unggal sakola, sakumaha anu parantos dirarancang taun kamari. Nu kapidamel ku Déwan Juri nampung usulan ti sawatawis kalangan, pangpangna ti lingkungan guru basa Sunda. Kaduana, milihan sakur nami nu diusulkeun ngalangkungan rapat Déwan Juri, kanggo nangtoskeun saha-sahana nu tiasa dijantenkeun calon nu dilélér Hadiah Hardjapamekas.
Ti antawis guru-guru anu kadata ti Musyawarah Guru Mata Pelajaran (MGMP) Basa Sunda sa-Jawa Barat, nu ngawengku 27 Kabupatén/Kota téh mung tiasa ngajaring 21 nami guru Basa Sunda ti 13 Kabupatén/Kota. Wincikanana, 5 guru SD, 10 guru SMP, sareng 6 guru SMA. Saparantos diayak, kajaring tilu nami guru basa Sunda tina unggal katégori. Jumlah sadayana 9 nami guru. Dumasar kana Kaputusan Rapat Déwan Juri Hadiah Hardjapamekas 2009, di Bandung, ping 6 Séptémber 2010, guru basa Sunda nu kasinugrahaan Hadiah Hardjapamekas 2009 téh nyaéta:
KATÉGORI GURU SAKOLA DASAR:
Bapa Sunta Atmaja
Guru Basa Sunda SDN Mulyasari I UPTD TK,
Kecamatan Ciampel
Kabupatén Karawang
KATÉGORI GURU SMP:
Ibu Daningsih Kurniasari
Guru Basa Sunda SMPN 1 Depok
Kota Depok
KATÉGORI GURU SMA:
Bapa Rayudin, M.Pd.
Guru Basa Sunda SMKN 4 Sukabumi
Kota Sukabumi
Aranjeunna baris dilélér Hadiah Hardjapamekas 2009 mangrupi trofi, piagem, sareng artos anu ageungna masing-masing Rp. 5.000.000,-
Katerangan profil aranjeunna, anu tiasa ngiring nuduhkeun kapunjulna minangka guru basa Sunda anu tos dijantenkeun bahan tinimbangan Déwan Juri, tiasa kaaos dina lambaran anu dilampirkeun kana ieu pangumuman.
Putusan Juri teu tiasa diganggu-gugat.
Bandung, 16 Séptémber 2010
Déwan Juri,
Drs. H. Elin Syamsuri (Ketua/Anggota)
Prof. Dr. Iskandarwassid (Anggota)
Dr. Safrina Noorman (Anggota)







