Kategori: Info | Diterbitkan pada: 02-11-2008 |
Prak-prakan ngajén carita pondok Hadiah LBSS taun ieu béda jeung anu kungsi dipigawé dina taun-taun méméhna, nyaéta lebah prosésna nu dibagi-dibagi jadi dua tahap. Mimitina diseléksi heula ku masing-masing redaksi, geus kitu hasilna kakara dipasrahkeun ka dewan juri nu ditunjuk ku LBSS.
Carpon hasil seleksi redaktur pikeun taun 2006 jumlahna aya 48 judul, ari pikeun taun 2007 aya 34 judul, kalawan wincikanana:
No. Ngaran Média Taun 2006 Taun 2007
1 Seni Budaya (Swara Cangkurileung) 4 1
2 Bina Da’wah 9 4
3 Manglé 17 11
4 Cupumanik 6 6
5 Sunda Midang 4 7
6 Galura 8 5
7 Rubrik Khazanah dina PR - 1
Jumlah carpon nu diajén ku dewan juri téh sakitu. Déwan juri sagemblengna percaya kana hasil gawé para redaktur nu geus milih jeung nimbang-nimbang carpon asongkeuneun ka LBSS.
Dina prakna ngajén, aya sawatara prinsip nu jadi cecekalan déwan juri, nyaeta:
1. Dina ngasongkeun téma, pangarang aya tarékah ngungkab hal-hal anu orisinal dumasar kana hasil kontemplasina, henteu ulukutek dina téma anu geus remen pada ngagulang-gapér. Atawa bisa waé ari temana mah geus teu dianggap anéh, tapi diéksploitasi kalawan maksimal, tepi ka hasilna anu mangrupa jenggléngan carita teh jadi karya anu mandiri, henteu ngan saukur tuturut munding atawa néplak anu geus kungsi digarap ku pangarang séjén. Dina hal ieu, karancagé pangarang dina mekarkeun téma jadi jenggléngan carita, dianggap kamampuh anu utama, tur bisa dipaké ngukur semet mana legana wawasan pangarang.
2. Eusi carita, ana geus réngsé dibaca téh henteu ngeplos, tepi ka taya bagian anu namper dina lolongkrang batin. Eusi carita anu kawas kitu moal ngabeungharan batin anu macana. Carpon anu hadé tangtuna ogé henteu ngan saukur runtuyan kalimah jeung paragraf, tapi aya erohna anu ngahirupkeun carita. Manjing-henteuna kana akal atawa jalan pikiran anu maca teu kudu dipaké patokan. Ukuran anu kudu dipaké nyaéta logika sastra, lain logika saujratna. Najan anu digunakeun téh Iogika sastra, tapi tangtu waé dina karya sastra kudu dipahing ayana anakronismeu.
3. Anu teu kurang pentingna nyaeta kamampuh pangarang dina ngungkab konflik di antara tokoh-tokoh anu dilalakonkeun. Karakter saban tokoh carita anu digambarkeun kudu ajeg, luyu jeung kapasitas katut peranna dina ngawangun carita. Kudu dipahing hadirna “tokoh-tokoh témpélan/artifisial” anu teu kaasup kana bagian inhéren carita. Mana komo lamun éta tokoh témpélan anu ngan sakadar ngaliwat téh ukur jadi “alat propaganda” pikeun ngébréhkeun hal atawa gagasan anu teu dianggap dalit tina eusi carita.
4. Ngolah carita raket patalina jeung téknik. Dina nulis carpon—anu kasungkeret ku jumlah kaca atawa lahan, katapis ngagunakeun téknik téh kacida pentingna. Kamampuh dina ngagunakeun téknik bakal nangtukeun,
5. Lantaran anu diajén téh carpon Sunda, tur jadi bagian tina karya sastra Sunda, tangtu waé jenggléngan carita téh kudu napak dina “atmosfir” Sunda. Basana kudu nyunda, katut idiom-idiom anu digunakeunana oge kudu nyunda. Cindekna, lain torojogan tarjamahan, anu bisa waé prosés narjamahkeunana mah waktu keur aya dina dunya gagasan kénéh. Hanas mun téa mah gagasan anu diracik jadi carita henteu napak dina atmosfir Sunda, tapi ana geus ditulis mah kudu jadi jenggléngan karya sastra Sunda.
Naskah nu kabaca ku déwan juri, umumna mah geus nyumponan sarat pikeun disebut carita pondok, najan masih kénéh aya nu némbongkeun kahéngkér dina ngolah téma jeung ngaracik carita. Pangpangna mah pikeun carpon-carpon nu dimuat taun 2007, hésé néangan nu enya-enya punjul, da réréana mah masih dina wangun skétsa.
Hadiah Sastra LBSS taun 2006 pikeun Carita Pondok
“Ciricit Beurit” karangan Toni Lesmana, minangka karangan anu pangunggulna di antara karya-karya taun 2006 nu kabaca ka déwan juri. Pangarang tapis lebah ngolah téma, soal panén nu gagal alatan diruksak ku sakadang beurit, boh paré boh kalapa. Katingal pangarang lir nu deukeut jeung kahirupan panyawah. Lebah konflik batin antara tokoh Mang Mahdi, Sardiat, para panyawah jeung kuwu éstu ngagentak tapi karasa rasionalna. Ieu téh lantaran pangarang bisa ngébréhkeun watek-watek tokoh jeung suasana batinna. Alur carita “Ciricit Beurit” kaasup pepel, karasa ti alinéa bubuka nepi ka alinéa pamungkas téh euweh nu mubadir, éstu matak pogot. Lebah ngolah basa Sunda deuih punjulna pangarang Ciricit Beurit teh.
Ku kituna, “Cicicit Beurit” karya Toni Lesmana, nu dimuat dina Majalah Cupumanik bulan Désémber 2006, pantes jadi pinunjul kahiji.
“Londok” beunang Hérmawan Aksan unggul ngagambarkeun kajiwaan manusa alam ayeuna. Kulik nu hayang nincak dina jalan bener, jalma nu ngahargaan kajujuran, ngarasa héran sabab saban amprok jeung saban jalma, bet robah jadi londok. Lantaran sakabéh jalma tétéla geus jadi londok, pamustunganana Kulik gé ngarasa bagja sanggeus jadi londok. “Londok” bisa disebutkeun rada nenggang tina carpon-carpon Sunda nu nyampak salila ieu. Pangarang ngagunakeun trik nu teu ilahar, metot nu maca nepi ka méméhna nu maca téh keur maca carpon anu tokohna memang londok dina wujud sato enyaan. Tapi lalaunan ahirna nu maca dibawa ka alam manusa, anu jiwana geus salin jinis jadi londok. Trik anu teu ilahar kitu teh mungguh minangka karancagéan dina karya sastra mah. Ku kituna, “Londok” karya Hermawan Aksan, nu dimuat dina majalah Manglé No. 2086, pantes jadi pinunjul kadua.
“Wilujeng Angkat” karya Étti RS bisa jadi lain karya anu onjoy mun ditilik tina téma. Tapi juri moal apriori kana karya anu témana asih. Mémang enya téma asih téh geus ngaleuya. Tapi apan éta mah téma nu langgeng, tur dina sastra deungeun gé téma asih teu weléh aya waé nu ngagarap, boh ku pangarang anyar boh pangarang heubeulna. Lebah ngagarapna waé nu ngabédakeun téh. Tah, Étti RS kaasup pangarang Sunda anu béda ti pangarang Sunda séjénna nu karya-karya sarua ngagarap téma asih jero taun 2006 tur nu kabaca ku juri. Étti optimal pisan ngagunakeun basa Sunda keur ngagambarkeun batin hiji awéwé nu keur kasmaran. Kecap-kecap tur ungkara-ungkara kalimah dina “Wilujeng Angkat” éstuning maut rasa ka nu maca, tapi najan kitu henteu matak malitek jadi ungkara anu céngéng, malah dina pungkasanana némbongkeun hiji wanoja anu tegar sanajan asih henteu nepi ka pangparatan rasa. Ku kituna, “Wilujeng Angkat” nu dimuat dina Manglé No. 2067 pantes jadi pinunjul katilu.
Hadiah Sastra LBSS taun 2007 pikeun Carita Pondok
Béda jeung taun 2006, dina taun 2007 mah carpon nu kabaca ku juri téh éstuning jajar pasar, nepi ka hésé pikeun ngoréhan nu bener-bener punjul téh.
“Si Sipus” karangan Déni Ahmad Fajar, beunang ngaraéh tina mitologi Yunani nu nepi ka kiwari remen kasabit-sabit karya sastra. Ieu carpon aya dina nuansa abstrak, nepi ka mun dibaca salalar mah, hésé kajudina naon maksud pangarang téh. Punjulna ieu carpon lebah masieupkeun dongéng ti deungeun jeung kanyataan tokoh nu keur dicaritakeun dina carpon. Ti dinya katémbong aya tarékah pangarang, ngungkab kajembaran sastra deungeun,
Carpon “Kembang Keretas” beunang Ai Koraliati, saenyana bisa jadi carpon psikologis nu hadé, mun pangarang tapis dina ngolah téhnik carita. Pangarang karasa geus weruh pisan kana kahirupan barudak, paripolahna, omonganana. Ieu carpon nyaritakeun konflik batin budak nu boga masalah di kulawargana, dicaritakeun kalayan lancar maké basa Sunda nu genah dibacana. Hanjakal lebah tungtungna, pangarang kajiret ku téknik nu geus laas, mungkas sagalana (si tokoh nu kaserang kasakit téh nepi ka maot), nepi carita jadi karasa ngoléang. Tujuanana, bisa jadi, pikeun leuwih nimbulkeun kesan tragis ka nu maca.
Ku kituna, carpon “Kembang Keretas” beunang Ai Koraliati, nu dimuat dina Manglé No. 2148, ditetepkeun jadi pinunjul kadua.
Carpon “Jajap nu Mulang” beunang Usep Romli HM nyaritakeun pasualan nu jero, ngeunaan akidah jeung ideologi. Tokoh Obin nu ngaku kapir jeung kuminis, maot sanggeus hirupna tunggara mangtaun-taun. Apin, jaman keur budak deukeut jeung Obin, tapi terus papisah leuwih ti 40 taun. Sanggeus ditéwak ku nu berwajib, Obin cenah pundah-pindah pangbérokan. Panggih-panggih deui téh basa layonna dijajapkeun ka lembur.
Ieu carpon onjoy lebah lancarna ngagunakeun basa Sunda. Hanjakal lebah tokoh Apin nu mukakeun lalangsé Obin, nu maké téknik flashback, karasa ngayayay nepi ka nu maca bisa ngolémbar tina inti pasualan dina éta carpon.
Carpon “Jajap nu Mulang” beunang Usép Romli HM, nu dimuat dina majalah Manglé No. 2133, ditetepkeun jadi pinunjul katilu.
Juri Hadiah LBSS 2006-2007 katégori Carita Pondok
Tatang Sumarsono
Cécép Burdansyah
Dadan Sutisna













