Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 03-12-2009 |
Sajak Sarabunis Mubarok
Suku gunung tiporos ka biwir lamping
pataréma jeung méga nu ngarandakah
kasieup layung nu mapag poékna peuting
nu ngalangkang di buruan ésé mata
pawinian pelak cinta, pelakna keclak cimata
Lebah bilik, aya nu gegerendengan
mulas rasa nu raheut kakését hinis
ngaping diri nu ngijih hujan doraka
majar hirup téh ngan dipirig kacapi
ngahariring hawar-hawar ngagentra boéh jeung padung
Ti tas angin ngaranjah lodong kakeueung
nu nangtung téh ngadeukeutan neuteup enteung
kalangkangna ngajirim jadi calacah
ngeteyep mapay alketip, taluy rubuh adug songkol
ngaleungit bareng jeung seungit malati
pipir langit lebah dapuran tetengger
Tukangeun curug nu dikurubun téh sasadu
hahampuraan ka batu nu nyangirah ngalér
cimatana nguyumbang metik cantigi
tuluy ngaharéwos ka tiap haté nu nyaring
“Geura balik dulur, isuk aya samagaha!”
Dimuat dina majalah Manglé No. 2087


































Lur…..meuni sae pisan…..sip lah