Kategori: Dangding | Diterbitkan pada: 05-01-2008 |
(Sinom)
Ku DHIPA GALUH PURBA
Sora bedug hawar-hawar
Datangna ti lebah masjid
Ditéma ku sora adan
Écés ti munara masjid
Ngageuing nu can éling
Ngingetan anu kasarung
Ngagugubrag nu can hudang
Ngajak sumujud ka Gusti
Pasrah sumerah ka Nu Maha Kawasa
Aya sora nu ngadulag
Diselangan ku nu takbir
Ting-alocrak suka bungah
Mapag bulan idul fitri
Hayang paginding-ginding
Ngadu jumlah eusi saku
Harta pada muja-muja
Poho kana temah wadi
Aya kénéh nu keur mandi ku cimata
Sekar Tandak:
Jalan désa leubeut huma
Munding begang gé ka sawah
Batan tibra taya guna
Mending hudang wang ibadah
Ngadulag sapanjang jalan
Ulah mopo ku tanaga
Dina mangsa kabagjaan
Ulah poho ka tatangga
Ranggon Panyileukan, 1424 H








halah..tiasana pisan yeuh..duh kayungyun.
Didu’akeun muga-muga ki adi panjang umur……tur barokah maslahat…..umurna teh………ngarah bisa terus ngamumule budaya Sunda….Tapi omat ulah terus panjang teuing kahayang…….tepika hayang boga pamajikan saparapat losin,hiji oge acan kalaksanakeun. Aeeeehhh…….eunggeus meureun…….