Kategori: Dangding | Diterbitkan pada: 18-09-2007 |
(Asmarandana)
Ku DHIPA GALUH PURBA
Puadé reumbeuy malati
Caang mabra béngras rasa
Pangantén nulakan panto
Anjog kana ranjang cinta
Impian nganjang dunya
Najan kudu nganti tepung
Geusan nyorang alam anyar
Saksina bulan nu suci
Nunda wanci panganténan
Namperkeun rasaning sono
Apan cinta kebek ihlas
Dipahing salah usap
Ulah ngasuh hawa napsu
Geugeut deudeuh budak urang
Nyorangan peuting kahiji
Tingtrim ati pasrah raga
Nyanggakeun nu sarwa bodo
Bagja cinta muga manjang
Mung Gusti Maha Cinta
Ngahaturkeun timpah nuhun
Éndah pisan asma cinta
Diraksukan kaén putih
Mungkus baju panganténan
Jungjunan teu acan amprok
Dina anggang silih sawang
Nyambuang seungit kembang
Binarung ku silih tungtun
Metik bagja kanggo jaga
Pamugi henteu ditampik
Seja ngampar samak bodas
Sumujud malik ka kulon
Neda widi bedah cinta
Nohonan kawajiban
Jangji abdi gurat batu
Hamo laas selang mangsa
Ranggon Panyileukan, 18 Ramadan 1426 H
Ieu dangding parantos dimuat dina Majalah Manglé No. 2103




aduh kang abdi meni muringkak bulu punduk maca dang ding karya akang, tapi kang abdi hoyong pangadamelkeun dangding dangdanggula. kade nya kang tong hilap pangadamelkeun. oh muhun kang abdi teh nu kengeng pasnggiri maca sajak ti upi tea.
Muhun wilujeng nya ka Ayi Setra, insyaAlloh bakal pimajueun ditingali tina gurat wajah Ayi mah.
Ieu conto Pupuh Dangdanggula kenging akang:
Lain saomong-omongna
Sing aringet ulah salah harti
Ngomongkeun batur téh penting pisan
Ngomong-ngomong tong polontong
Kabéh ngomongkeun batur
Keur muru hirup nu walagri
Diajar ngalalampah
Napak hirup batur
Maca kana pangalaman
Léngkah nu hade keur picontoeun diri
Nu goréng mah singkahan
Mama Haji gé ngomongkeun nabi
Pa Guru gé ngomongkeun pahlawan
Da puguh kudu diconto
Najan ngomongkeun batur
Nepi ka nu murtad kasabit
Jeung nu kungsi baruntak
Teu meunang diturut
Tétéla ning beuki natrat
Nu ulah mah geureuhan jeung sirik pidik
Ngarah, ngarinah, mitnah
Sekar Tandak:
Mulung runtah dina lanté
Dipiceun mah ka jarian
Nyonto lampah anu hade
Nu goréng mah disingkahan
Kahayang sagala ngeunah
Bru di juru, bro di panto
Ngarah ngarinah jeung mitnah
Ukur gawé jalma gélo
Ranggon Panyileukan, 1424 H
DHIPA GALUH PURBA