Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 28-03-2008 |

Ku DHIPA GALUH PURBA

ANJOG ka blog http://putrisunda.multiply.com. Barang bray, langsung dibagéakeun ku tulisan “Saung Putri Sunda, Wilujeng Sumping”. Manahoréng, di dunya maya mah “saung” téh payu kénéh, malah jadi lambang kareueus. Padahal di lembur ogé ayeuna mah geus rada hésé néangan saung téh, boh sisi sawah, di kebon, komo lingkungan pakumbuhan sapopoé. Imah-imah panggung, hateup eurih, pipinding bilik, geus dianggap tingagleun jaman, sarta narurutan imah urang kota, ditémbok, maké keramik, jeung sajabana.
Ari nu boga “Saung Putri Sunda” di dunya maya téh manahoréng urang Sunda nu kiwari keur ngumbara di Texas, USA. Kalintang reueusna kana basa Sunda, malah barang ditengetan sababaraha eusi tulisanna, aya propokasi ka nu ngaranjang sangkan dialajar basa Sunda. “Sok atuh belajar bahasa sunda, ngak ada salahnya bisa beberapa bahasa,” kitu salahsahiji unina. Anu ngadegkeun éta “saung”, pagawéanana sapopoéna taya patula-patali jeung basa atawa sastra Sunda. Kilang kitu, anjeunna mibanda—nambut istilah Ganjar Kurnia—getih gaib urang Sunda, anu ngalantarankeun kahudang rasana pikeun milu miara, ngamumulé, malah ngamekarkeun basa Sunda.
Puguh baé éta blog téh lain hiji-hijina blog anu némbongkeun idéntitas Sunda kalayan natrat. Upama di http://google.co.id ngetik kecap “Sunda”, pasti bakal kapaluruh leuwih ti 10 juta situs nu ngagunakeun kecap Sunda. Tina 10 juta leuwih téh, aya anu ngaran situsna langsung maké kecap “Sunda”, saperti http://sunda.web.id, http://urangsunda.net, http://sundanet.com, http://sundablog.blogspot.com, http://sunda.liezmaya.web.id, http://dapur-sunda.net, http://urang-sunda.org, http://sunda.wordpress.com, http://sunda.blogsome.com, http://sunda.fr, http://rumahbacabukusunda.blogspot.com, jsté. Sanajan eusina henteu total ngagunakeun basa Sunda, tapi éta situs-situs téh geus wani tur “PD” ngasongkeun kecap “Sunda” minangka ngaran alamat di dunya maya.
Aya situs anu henteu sacara langsung ngagunakeun kecap “Sunda”, tapi ngaraéh kecap-kecap tina basa Sunda. Puguh baé anu ngadegkeun ieu situs, dijamin reueus kana basa Sunda. Kecap “Sunda” onaman, bisa baé maksudna lain némbongkeun kareueus kana basa jeung budaya Sunda, saperti website http://mesjidkelapasunda.com. Najan aya kecap “Sunda”, tapi kapan eusina mah urusan nu patalina jeung kapangurusan Mesjid Sunda Kelapa.
Conto situs jeung blog anu alamatna ngagunakeun kekecapan tina basa Sunda, di antarana http://kilangbara.wordpress.com, http://wiwitan.blogspot.com, http://tambakesel.blogspot.com, http://gerentes.blogsome.com, http://ngariung.com, jsté. Anu ngawangun ieu situs, dijamin aranjeunna micinta basa Sunda tur midangkeun tulisan-tulisan dina basa Sunda atawa nu patali jeung kabudayaan Sunda. Komo deui, saperti http://kilangbara.wordpress.com mah apan nu ngokolakeunna ogé pangarang Sunda Nunu Nazarudin Azhar.
Aya deui situs nu alamatna henteu ngasongkeun kecap “Sunda” jeung henteu ngaraéh kekecapan tina basa Sunda, tapi eusina ngagunakeun basa Sunda atawa sakurang-kurangna nyabit sakolébatan ngeunaan kabudayaan Sunda. Aya nu ngagunakeun ngaran organisasina, ngaran meunang ngarang dumasar kana kréativitasna séwang-séwangan, tur anu “PD” kana ngaran sorangan mah, tangtu baé ngagunakeun ngaranana pribadi. Contona http://herni2ningsih.multiply.com, http://vidiaiswari.blogspot.com, http://adrian.web.id, http://pop.blogsome.com, http://roron.wordpress.com, http://hhmsociety.multiply.com (hhm maksudna singgetan tina: Haji Hasan Mustofa), http://burdansyah.blogspot.com, http://ppss.or.id, http://tamankejahatan.blogspot.com, jsté.
Palebah média massa Sunda, anu kawilang aktip miara kasinambunganna di dunya maya mah ukur Majalah Cupumanik, KSM Galura, jeung Majalah Bina Da’wah. Majalah Manglé kungsi on-line sawatara taun katukang, tapi ayeuna geus mundur ti pakalangan dunya maya. Média massa séjénna, kayaning Majalah Sunda Midang, Seni Budaya, Ujung Galuh, Koran Giwangkara, jsb, tacan kapanggih ngajomantara di dunya maya.
Anu ngarokolakeun situs atawa blog ngagunakeun basa Sunda, ti mimiti budak ngora nepi ka budak kolot… aéh, maksud téh anu tos sarepuh. Ditilik tina pacabakanana sapopoé ogé, karéréanna mah lain anu patali jeung dunya kasusastraan atawa kabudayaan Sunda. Sigana asli kajurung ku rasa kacinta jeung kanyaahna kana basa jeung budaya Sunda. Komo deui anu keur ngumbara di luar nagri mah, saperti nu ngokolakeun http://putrisunda.multiply.com, pasti dibarung rasa sono ka lemah cai bali geusan ngajadi. Tangtu baé ku balatakna situs anu ngélébétkeun bandéra Sunda, matak ngareugreugkeun baraya-baraya urang anu keur ngumbara di taneuh sabrang.
Eusining situs anu mikareueus basa Sunda téh rupa-rupa. Aya nu serieus midangkeun pangaweruh ngeunaan kasundaan, aya anu sahayuna, aya nu saukur say hallo, jsb. Perkara éta mah kawasna henteu kudu dipasualkeun, komo digeunggeureuhkeun. Ku ngarasa reueus kana basa Sunda ogé, puguh baé hiji perkara geus kalintang pikabungaheun. Nyawang basa Sunda di dunya maya mah éstuning moal matak ringrang. Malah bakal asa lega kabina-bina “kakawasaan” Sunda téh. Di nagara mana waé, di dunya maya mah urang Sunda bisa samemena ngadegkeun “saung” tug nepi ka “karaton” Sunda, kalayan ngagunakeun basa Sunda anu merdéka.
Lamun urang Sunda anu matuh di Amérika ngarasa reueus ngadegkeun situs ngagunakeun basa Sunda, naha anu matuh di tatar Sunda kalah rék leuwih reueus maké basa deungeun? His, puguh baé urang ogé penting diajar basa deungeun pikeun ngalegaan pangaweruh, tapi basa indung mah ulah nepi ka ditundung.
Nilik kana kamekaran basa Sunda di dunya maya kiwari, kawasna sababaraha taun deui ogé, insyaAlloh situs atawa blog anu ngagunakeun basa Sunda bakal leuwih réa dibandingkeun jeung jumlah jiwa urang Sunda. Hayu geura urang barandungan.
Wilujeng OL.***

Dimuat di Majalah Cupumanik No. 55