Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 07-09-2008 |
Ku Rochajat Harun
Aya bewara dina koran Pikiran Rakyat (PR), poe Senen tanggal 3 Agustus 2008 halaman hiji nu netelakeun yen barang kuno kayaning 500 naskah kuno jeung barang pusaka saperti keris, kujang asal Cirebon dilelang rek dijual ku nu bogana nyeta Nyimas. Cenah geus ditawar ku urang
Hal ieu diuningakeun ku bapa Tedi Permadi, salah saurang filolog ti UPI (Universitas Pendidikan
Sababaraha waktos kapengker kantos pribados nyerat dina koran PR, oge koran basa Sunda Galura, nu netelakeun kirangna perhatosan pamarentahan satempat kana barang-barang karuhun kalebet candi-candi titinggal karajaan buhun Pajajaran. Diantawisna patilasan karajaan di Kawali, situs Cimende di Bandung, situs di Bogor, Garut, Cirebon, Subang sareng sajabina. Malahan pribados ge kantos ngintunkeun bewara sarupi kitu teh kana Internet. Seueur nu masihan komentar, pajar cenah kunaon atuh nya bet kirang perhatosan ti pamarentah. Benten sareng propinsi lain. Naha uga Sunda pajah ”Pajajaran Tinggal Ngaran” teh tos ngawitan katangar?. Sakumaha nu tos dihaleuangkeun ku Nenden Dewi Kania, juara pasanggiri tembang sunda Cianjuran.
Pribados emut ka sababaraha warsih kapengker, wartosna di Jogyakarta, aya inohong kadaton nu tos wantun ngical barang-barang antik arca kuno sareng paparabotan antik kayaning keris sareng sajabina. Atuh mani pahibut reaksi ti para inohong karaton. Seuseueurna reaksi protes supados eta barang titinggal karuhun teh diuihkeun deui ka asalna. Malahan aya usulan, palakuna ge kedah di peratunkeun.
Di Jawa Barat, kantos aya kajadian maksad jujualan barang antik sapertos kitu. Maestro Tari Topeng ti Indramayu nu wastana tos kasohor salaku panari topeng moyan nyeta Mimi Rasinah, maksad ngical topeng buhunna. Alatan taya waragad kanggo ngalandongan panyawat strokna, dugi ka bade ikhlas ngical topeng kameumeutna. Eta bewara teh kaangseu ku para inohong Sunda Jawa Barat. Atuh mani pahibut deui wae pada-pada hoyong ngabela Mimi Rasinah, utamina kanggo waragad mayar lalandong ka rumah sakit Hasan Sadikin di Bandung. Sajabi ti nyumbang dana teh, oge mani euyeub lumungsur ngalongok Mimi Rasinah di Rumah Sakit. Kiwari tos damang deui, sanaos mantenna teu weleh nganggo korsi roda.
Tahun 80-an pribados kantos nganjang ka salah sawios ibu kasepuhan di Talaga. Mantenna teh wartosna mah masih keneh sesekeler nu baheula ngageugeuh karajaan Talaga. Di bumina, diruangan payun, kasampak aya sababaraha barang antik kayaning gamelan buhun, barang-barang pusaka sapertos tumbak, keris, kujang sareng sajabina. Saurna mah, eta sadaya barang antik teh titinggal ti para sepuh eyang-eyangna nu kantos ngageugeuh karajaan Talaga. Kaleresan, miosna pribados kadinya teh maksad nyarengan mahasiswi pariwisata ti ABA Yapari Bandung, nu bade nalungtik karajaan Talaga, kanggo ngarengsekeun tugas akhirna. Atuh obrolan sinareng ibu sepuh teh mani uplek teu pikaboseneun. Teu karaos tos nyangkolong waktos dugi ka 3 jamna.
Dina pamungkas obrolan, pribados kantos tumaros ka mantenna, naha ieu paparabotan kuno titinggal karuhun buhun teh bade saterasna disimpen di ieu bumi, atanapi bade diserenkeun bae ka pamarentah supados dimumule di musium? Margi katingalna mah kirang piara, pinuh ku kebul. Turubna ge mani tos belel saroeh orowodol. Ditaros kitu teh ibu sepuh mung ukur ngalimba, socana carinakdak. Walerannana teh pondok pisan: ”Parantos diuningakeun mah, mung saur marantenna teh, hapunten taya waragadna,”. Kiwari eta barang antik teh duka aya keneh duka tos teu aya. Sangkian pribados mah ibu sepuhna ge tos tilar dunya, margi waktos harita pribados nepangan mantenna teh yuswana parantos 80 tahun langkung. Mudah-mudahan we barang-barang pusaka karajaan Talaga teh araya keneh.
Sababaraha waktos kapengker, dina patengahan sasih Juli 2008, Drs.H.I. Budhiana, MS. Kapala Dinas Kabudayaan & Pariwisata (Disbudpar) Jabar ka wartawan koran Sunda Galura, ngadadarkeun sagala rupi nu aya patalina sareng pariwisata di Jawa Barat. Pisaur mantenna: ”Pangwangunan pariwisata jeung budaya teh, teu bisa ditangtukeun ku hiji kelompok, teu bisa ditangtukeun ku pamarentah wungkul, tapi kudu dumasar kana hasil gempungan. Pamarentah mah ukur nyieun wadah, ngapasilitasi, sangkan pariwisata jeung budaya maju. Anu ngeusianana, anu ngokolakeunana mah masyarakat”. (Galura, edisi III Juli 2008).
Kasauran kitu teh leres pisan. Nanging peryogi pisan follow up nu saestu, utamina ngeunaan koordinasi sinareng motivasi nu leres-leres kedah diupayakeun ku pamarentah supados produk wisata sinareng hal-hal anu aya patula-patalina sareng kapariwisataan tiasa kabina lumintu ngawujud kapiara. Contona wae barang-barang pusaka, artifak nu kiwari masih paburencay ka teler-teler, ulah dugi ka diaricalan ka nagri deungeun. Kalebet sababaraha situs-situs karajaan Sunda buhun. Kalihna ti eta tiasa kauninga saha-sahana golongan masyarakat nu langkung tanggel waler ngokolakeunana. Upami saur basa legeg Osborne mah cenah diswastakeun (privatisasi). Pamungkas catur, taya sanes mugia we propinsi Jawa Barat tiasa nanjung manggung janten idola para wisatawan! Amin.***













ass,,
Pa,kalau menurut saya sebaiknya pemerintah lebih keras lagi dalam peraturan yang mereka buat agar warga masyarakat tidak semena-mena terhadap apa yang menjadi benda bersejarah di indonesia.
Sehingga kita sebagai orang pariwisata maupun masyarakat banyak bisa mengambil benefitnya.
Karna walau bagaimanapun benda bersejarah di indonesia merupakan salah satu potensi pariwisata yang seharusnya bisa kita ambil baik dari segi manfaat maupun keuntungannya.
Terimakasih pa,,,,
wss,,,
Betul sekali, tapi tolong orientasinya jangan terlalu ditujukan pada keuntungan materi…
DHIPA GALUH PURBA
Ass.
bapak, menurut saya kejadian ini harus dijadikan pembelajaran buat kita semua.
tidak dapat dipungkiri, karena faktor ekonomi, masyarakat jika memiliki “barang peninggalan” akan menjualnya ke pihak lain dengan harapan akan mendapatkan uang yang besar. seharusnya pemerintah segera tanggap akan hal tersebut, serta memberikan uang yang layak dengan barang peninggalan itu sehingga masyarakat yang selama ini menjaganya, mau memberikannya kepada pemerintah untuk lebih dapat terpelihara dan terjaga nilai barang tersebut.
selain itu, bukan hal aneh, ketika pemerintah men-judge bahwa sebuah barang peninggalan bernilai, maka mereka memutuskan begitu saja untuk mengambil alih hak kepemilikan barang tersebut tanpa memberikan kontribusi yang layak kepada masyarakat yang selama ini menjaganya.
oleh sebab itu sebaiknya masyarakat dan pemerintah harus saling koordinasi serta kerjasama yang baik akan keberadaan sebuah peninggalan sejarah yang masih ada “nilai”nya.
berarti menurut Annisa, saat ini tidak ada koordinasi dan kerjasama yang baik antara masyarakat dan pemerintah dalam merawat barang-barang bersejarah…
DHIPA GALUH PURBA
ia benar sekali pa, seharusnya pemerintah itu harus dapat memberikan penyuluhan-penyuluhan kepada para pemilik benda-benda pusaka ataupun pemilik/pengelola aset-aset kebudayaan yang dapat dijadikan sebagi daya tarik dalam kepariwisataan untuk tidak dijual, apalagi ke negara lain. bila benda-benda atu kesenian yang dimiliki oleh negara kita ini diambil atau dijual kepada pihak lain, maka apa yang akan dimiliki oleh bangsa ini. karena semua ragam adat dan budaya yang ada di ndonesia ini merupakan salah satu aset penting dalam menarik wisatawan.
Jadi, mendingan kita jual saja orang-orang yang suka menjual barang pusaka ke negara lain dengan cara yang ilegal…
DHIPA GALUH PURBA
Leres pisan kiwari memang seueur barang paninggalan pusaka seueur nu dijarualan. Malih di Banjaran mah kabejakeun sanes bae barang pusaka sapertos keris, kujang bae, dalah batu ali anu dianggap jimat titinggal menak baheula, aya nu diaricalan. Malih mah di Cirebon, Subang ge aya.
Hawatos oge nya, ari alasanana mah taya sanes masalah butuh ku duit cenah pikeun kahirupan. Mana kiwari beuki sagala mahal. Saha nu salah atuh ieu teh?
Nu salah mah tangtos nu teu tumut kana katangtosan undang-undang. Hanjakal anu tara tumut kana UU teh geuningan seueur diantarana ti para inohong pamarentahan…
DHIPA GALUH PURBA
Ass
Iy Bapak, saya setuju.
Harusnya pemerintah cepat tanggap dan menindaklanjuti peraturan.
Pemerintah juga harusnya memberitahu dan memberi penyuluhan pada pemilik benda pusaka agar para pemilik bisa menyumbangkan benda-benda pusaka tersebut ke Museum sehingga akan menarik para wisatawan asing untuk melihat benda tersebut.
Dan juga Museum tersebut akan menjadi Objek Daya Tarik Wisata yang akan menghasilkan uang, sehingga sektor pariwisata di Indonesia bisa berkembang.
Nuhun Bapak..
Wss
Tapi kalau benda-benda pusaka diberikan ke musieum, apakah akan dirawat dengan baik? Belum ada jaminan yang pasti. Dan… semoga kita tidak selalu berorientasi kepada uang.
DHIPA GALUH PURBA
Ass…
Leres pisan pak….Menyedihkan memang klo liat kenyataan yang ada di Indonesia seperti itu adanya….
barang pusaka yang seharusnya dapat dijaga dan dilindungi oleh negara yang menjadi aset bangsa ini tidak dihiraukan sama sekali oleh pemerintah maupun masyarakat sendiri……
seharusnya pemerintah dan masyarakat dapat menjaganya, karena barang pusaka seperti itu dapat menjadi kebanggaan bangsa Indonesia………
untuk itu perlu adanya koordinasi yang baik antara pemerintah dan masyarakat!!!!!
nuhun pak….
wss….
Nah, berarti menurut Nuraeni, saat ini belum ada koordinasi antara pemerintah dan masyarakat.
DHIPA GALUH PURBA
Assalammu’alaikum bapak..
muhun leres pa meni nyeredet hate, jaman ayeuna mah pa, naon oge dilaksanakeun ari kanggo (duit) mah..
jeung da eta teh pedah kurangna sosialisasi jeung kasadaran ti masyarakat jeung ti pamarentahna..
janten kedah aya nu namina kesadaran ti masing” pihak..
mun teu didukung moal mungkin maju pa nagara teh..
hatur nuhun..
ass.wr.wb
Naha aya nu langkung ngirut batan duit? sigana teu aya di jaman ayeuna mah. Sok we bandungan, saban dinten KPK ngabongkar kasus korupsi. Bade kumaha majuna pami teras-terasan dikorup? Mugia geura saladar nu sok korupsi teh, da mun seug tiasa mah, ieu nagara teh tos kedah diformat ulang, teras diinstal ulang sadayana…
DHIPA GALUH PURBA
Ass.Wr.Wb.
Kahatur yi Dhipa.
Naon nu akang diserat dina artikel diluhur sababaraha waktos kapengker, na atuh bet aya deui kajadian nu sarupi. Dina SK Pikiran Rakyat dinten ieu, ngabewarakeun, cenah di gudang Kargo di Jakarta kapendak prasasti Batu Kuya, titinggal karajaan Hindu Tarumanagara. Kapendak di gudang nu cenah bade diiangkeun / diical ka luar negeri. Ari geus kitu karek rame2 nalarungtik kana eta prasasti. Pribados yakin kiwari rame2 marios teh, akhirna mah bakal geledug ces deui wae, ngabuntut bangkong, sapertos kajantenan di situs/paninggalan candi Cimende, di Rancaekek. Cenah nepi ka kiwari meh-mehan karuang deui ku cai jeung taneuh. Kumaha atuh ieu teh nya ?