Kategori: Suatu Hari | Diterbitkan pada: 26-07-2009 |
Jalma héngkér iman nu geus poékeun keur nyiar rejeki nu halal, aya kalana milih jalan sasab tur tigebrus kana kamusrikan. Ari rék disebut saukur mitos, da geuning réa kabéjakeun, kaasup di jaman modérn siga kiwari. Dina karya sastra, dongéng radio, sinétron, tug nepi ka film layar lébar, lalakon nu munjung mindeng pisan jadi bahan ulikan carita. Munjung ka siluman anu ngawujud sasatoan, saperti ka babi (nyegik), ka oray (ngipri), ka monyét (ngetek), jsté. Geus pada apal mun yén jalma anu munjung téh bakal beunghar ngadadak. Kilang kitu, munjung ogé henteu babari, da biasana kudu luas nyébakeun jalma anu pangdipikacinta, saperti pamajikan, anak, malah kolot sorangan. Naha enya jaman kiwari masih aya kénéh nu munjung?
**

Babi “Si Mano” nu diiburkeun babi ajajadén
SAWATARA waktu kaliwat, Kampung Banjarwaru, Désa/Kacamatan Panjalu, Ciamis, ngadadak geunjleung ku babi. Lain aya nu katarajang flu babi, tapi ieu mah béja ngeunaan sababaraha urang paninggaran anu kabéjakeun néwak babi kajajadén. Béja pabéja-béja, tug nepi ibur salembur éar sadésa. Antukna ngaleut ngabandaleut, muru ka blok Cibangkong, Banjarwaru, pikeun mastikeun bungkeuleukan babi kajajadén téa. Réa nu harayang ningali babi, kalayan teu maliré warta di télévisi ngeunaan bahaya flu babi. Lembur anu sasarina tiiseun téh ngadadak ramé, da puguh ti lembur tatangga, malah ti kota ogé daratang hayang ningali éta babi. Tukang dagang, angkutan padésaan, katut ojég ngadadak maréma. Ku riabna kandaraan anu ngajugjug ka Cibangkong, puguh baé aya sawatara pacabakan anyar, saperti jadi tukang parkir.
Ti terminal Panjalu ka blok Cibangkong, Banjarwaru, anggangna kira-kira 5 KM ka beulah kalér. Bisa dijugjug ku numpak mobil angkutan padésaan jurusan Cikolé, eureun di Kampung Simpar, tuluy naék ojég di parapatan anu muru ka Banjarwaru. Tapi badarat ogé da henteu pati jauh, komo lamun mapay sisi situ Léngkong Panjalu mah, moal karasa capé leumpang ogé.

Iwan keur ngawangkong jeung Babi
Naon sabenerna kaahéngan éta babi, pangna dianggap babi kajajadén? Pikeun muguhkeunana, sababaraha poé katukang MANGLÉ ngajugjug ka Panjalu. Henteu hésé néangan tempatna ogé, cukup ku sakali nanyakeun, langsung pada nuduhkeun. Anéhna, di jalan ka Cibangkong bet aya tulisan “Babi Sudah Tidak Ada”. Tapi keukeuh panasaran, lalampahan henteu pugag ku éta tulisan. Dina enyana ogé geus euweuh, kapan ari paninggaranna mah piraku milu euweuh.
Anjog ka blok Cibangkong, Banjarwaru, RT.02/05, dibagéakeun ku Iwan (37), salahsahiji paninggaran anu néwak babi ahéng téa. “Ngahaja ngadamel seratan ‘Babi Sudah Tidak Ada’, margi abdi rada paciweuh sareng kaweur mayunan nu badé ningali babi…” kitu ceuk Iwan bari ngajak asup ka gang, bras ka kandang hayam nagri, terus nunjuk ka lebah bkandang babi anu nyongcay juru kandang hayam. “Saleresna aya kénéh babina mah, mangga wé uningaan…” kitu pokna. Iwan geus sababaraha poé katempuhan kudu ngurus babi, kalayan rada ngarahuh mikiran parabna. Sabab, éta babi téh henteu daékeun diparaban sampeu sakumaha ilaharna babi. Lamun dibéré sampeu, kalah ditajongan. Kahakananna nyaéta roti, susu, jeung kadaharan séjénna nu teu ilahar pikeun babi. “Komo énjing-énjing mah kahoyongna téh sangu goréng jeung lauk…” ceuk Iwan bari nyéréngéh.

Babi keur ngahakan roti
Ditilik tina dedeganna, éta babi mémang rada ahéng. Buluna lemes, gomplok, saliwatan mah siga buuk awéwé. Panonna cureuleuk, teu siga ilaharna panon babi. Pon kitu deui kukuna lalencop. Iwal ti dedeganna, anu rada ahéng téh sorana deuih. Sapanjang nengetan éta babi, asa teu kadéngé sesegrok jeung ngaguik. Malah lamun diwawaas mah kalah siga sora nu humarurung atawa jejeritan. Basa paadu teuteup jeung éta babi, ujug-ujug tingpuringkak tingpuriding, bet asa geueuman. Komo deui basa rék motrét éta babi, kaméra ngadadak macét. Piraku teuing kaméra ngadadak ruksak? Apan saméméhna ogé dipaké motrét, henteu aya karuksakan nanaon. Terus dicobaan motrét obyék séjén, teu sakara-kara geuningan. Tapi pas dipaké motrét deui babi, kaméra bet macét deui baé. Cacak lamun teu réa batur, aya kamungkinan langsung mangprét.
Iwan ngadeukeutan kandang. Tuluy ngusapan tonggong babi bari nyarita, “Geulis… Mano… teu kénging kitu. Sok kedah kersa dipotrét, ngarah lebet kana koran. Sugan wé atuh kolot anjeun maca, ngarah aya nu méré roti jeung susu. Sok, dipoto nya…” kitu ceuk Iwan. Na atuh, éta babi téh bet unggeuk. Jeung deui, kagugu ku omongan Iwan, anu nyebut “Mano” ka éta babi. Boa-boa ku panon Iwan mah éta babi téh katingalina siga poto modél anu geulisna nyanding Manohara.
“Mangga badé motrét mah, cobian deui, Kang!” ceuk Iwan. Teu talangké deui, gap kana kaméra. Na atuh… jeprét, jeprét… jadi waras kaméra téh. Naha ari saméméhna bet macét? Naha enya aya pangaruh ti Si Mano? Atawa kabeneran wungkul kitu? Teu hayang mikiran perkara éta mah, da anu penting kaméra bisa dipaké motrét éta babi.

Nurutkeun Ki Amongkala, kudu dicium sungutna, ngarah jadi jalma deui.
Dina kandang anu ukuranna kira-kira 1,5 X 1 M, katingali aya simbut lebah juru. Basa ditanyakeun ka Iwan, éta simbut téh ngahaja keur pakéeun babi. Sabab, dina hiji peuting, babi téh kadéngé jejeritan. Malah aya sababaraha urang anu jelas ngadéngé éta babi nyambat indungna, “Emaaa… emaaa…!” kitu sora babi téh. Puguh baé matak muringkak bulu punduk. Iwan ogé henteu wanieun sosoranganan muru ka kandang babi. Barang ditingali, manahoréng éta babi téh keur ngahodhod tiriseun. “Dimana aya babi tiriseun? Biasana ogé babi mah guley dina kulah…” kitu ceuk Iwan, anu harita tuluy nyokot simbut. Geus dibéré simbut mah babi téh jempling. Anu ahéngna, éta simbut dibebenah ku babi tug nepi ka ahirna éta babi ngaréngkol bari diharudum simbut.
Pangna disebut ahéng téh tangtu baé ku lantaran réngkak paripolahna bet siga jalma. Dedeganna, sorana, kahakananna, jauh tina kailaharan babi. Malah éta babi ogé kungsi dipariksa golongan darahna ku dokter héwan, kalayan hasilna éta babi mibanda golongan darah AB.
Kungsi sababaraha poé kaliwat, aya tamu anu ngaku-ngaku yén manéhna bapana éta babi. Manéhna ménta éta babi, kalayan rék ditebus ku duit anu kaitung gedé. Tapi barang ditalungtik, manahoréng manéhna saukur ngaku-ngaku wungkul. Sabab tujuanna éta babi rék dijieun sirkeus. Antukna ku Iwan henteu dipasrahkeun. “Karunya atuda ari rék dijieun sirkeus mah. Abdi henteu kabita ku artos. Lamun niat mah, ayeuna ogé tiasa baé dibisniskeun. Misalna dikarcis wé anu badé ningali babi téh. Tapi… alim lah, bilih kalah picarioseun,” kitu ceuk Iwan. Salila ieu mémang anu hayang ningali babi téh teu eureun-eureun, tapi henteu dikarcis. Paling ogé nyadiakeun kéncléng, anu hasilna dipaké meuli roti jeung susu keur maraban éta babi.
Kumaha jeung dimana kacerekna éta babi? Ceuk Iwan, harita téh mémang manéhna keur moro ka leuweung Cirando, Bahara. Moro babi jadi kalangenan Iwan saparakanca, minangka selingan tatanén. Sajabana ti Iwan, anu harita milu moro téh diantarana Wa Eno, Mang Omon, Atang, jeung Ewong. Ilaharna moro babi, tangtu baé mawa anjing. Malah anjing téh mangrupa andelan paninggaran. Babi sok diudag ku anjing tug nepi ka beunang. Tapi… anéh pisan… barang amprok jeung babi “Mano” mah, anjing téh taya hiji ogé anu daék ngudag. Malah teu daékeun ngagogog-ngagogog acan.
Lantaran anjing mah geus pararuguh teu bisa diandelkeun, antukna éta babi téh digiringkeun kana taheunan, tug nepi ka beunangna. Henteu katingali galak babina ogé, tur ahirna dibawa ka Cibangkong. Ti barang ningali rupana ogé, Iwan saparakanca geus ngarasa hémeng. Komo deui sanggeus kanyahoan kahakanan katut réngkak paripolahna. Nya, teu lila ogé, langsung ibur yén di Cibangkong aya babi kajajadén. “Ti pasantrén ogé kantos aya nu kadieu sarombongan, hoyong ingali ieu babi…” kitu ceuk Iwan.
Lamun diwawaas, mémang matak ngabirigidig. Apan sok aya kabéjakeun anu munjung ka babi téh bogaeun rompi husus pikeun ngarobah jirim jadi babi. Boa-boa, kurang tarapti nyimpen rompi, anu antukna dipaké ku anakna. Barang rap dipaké, langsung robah jadi babi, kalayan hésé dipulangkeun deui ka asal. Aya ogé sabangsaning mitos, anu nuduhkeun cara mulangkeun deui jirim babi kajajadén. Nyaéta ku cara nyium sungut babi. Tapi teu pati kataji nyobaan, da geuleuh kabina-bina. Leuheung basa lamun sanggeusna dicium téh enyaan robah wujud jadi awéwé geulis tanding Manohara tur dikawinkeun. Palebah ninggang di apes, barang celepot dicium téh kalah nyogot, apan kalah picilakaeun. Dina henteu nyogotna, bararaid teuing sieun katerap flu babi.

Salahsahiji adegan dina film “Skandal Cinta BabiNgépét”
Prosési ritual nyegik geus papada apal… ladang tina lalajo film. Dina film “Babi Ngépét” anu dipaénkeun ku Kang Ibing ogé, geus kagambarkeun kumaha prak-prakanana nyegik. Mangsa salaki jadi babi, pamajikanana nungguan lilin. Lamun lilin kakalicesan, hartina salaki keur nyorang bahaya, kudu geuwat lilinna ditiup. Tapi, boh dina novél, dina dongéng radio, pon kitu deui film, tara kacaturkeun jalma nyegik hirupnba jamuga. Pasti baé tungtungna bakal tunggara, malah nepi ka palastra.
Nurutkeun Ki Among Kala, panitén mitos asal Kampung Simpar, kalintang wajar upama nu nyegik lumpat ka Panjalu pikeun néangan kasalametan. Sabab, lamun dipatalikeun jeung sajarah Panjalu, nyambung ka tilu tokoh sadulur anu muhit tilu rupa élmu. Kahiji, Ratu Permana Déwi di Panjalu, neuleuman élmu karahayuan atawa kasalametan. Kadua, Ponggang Rumangiang di Tatar Tampomas, anu neuleuman élmu kadugalan. Katilu, Bleg Tambleg Raja Gulingan di Mandirancan, anu muhit élmu kadunyaan. Dina jaman ayeuna, réa jalma anu peunggas harepan patali jeung urusan kadunyaan. Ahirna néangan jalan séjén ku cara nyukcruk élmu titinggal Bleg Tambleg Raja Gulingan, anu weruh ngalap élmu kadunyaan. Hanjakalna, saméméh nepi ka nu dituju, nyatana ka Bleg Tambleg, di satengahing lalampahan sok dicegat ku gogoda dedemit anu ngajangjikeun kabeungharan ku cara musrik, anu disebut munjung téa. Cacak lamun sabar mah nyuprih pangaweruh siga Bleg Tambleg Raja Gulingan, sigana moal kudu muja bangsa siluman. Ku kituna, lamun geus kadesek, pasti néangan panglumpatan anu pisalameteun. Nya… Panjalu dianggap bisa jadi jalan kasalametan, lantaran luluhur Panjalu nu ngagem élmu karahayuan.
“Pék tengetan ka wewengkon séjén. Tong boro manggih babi siga Si Mano. Cacak kakara nyurigakeun saeutik ogé, pasti tuluy diparaéhan. Malah biasana dipaéhan kalayan gangas, da nu munjung téh apan sarua jeung bangsat rongkah nu ngarangsadan harta banda masarakat. Tapi ari beunangna di Panjalu mah, kabuktian… babi anu geus dianggap kajajadén ogé tetep dipiara, henteu ditandasa. Malah parabna ogé roti, susu, sangu sapuratina. Tapi walohualam… kuring ogé teu bisa mastikeun lamun éta babi téh bener-bener kajajadén, kaasup henteu bisa ngajamin lamun éta babi bakal salamet, henteu diparaéhan. Nu jelas mah, éta babi mémang béda jeung ilaharna babi. Ari rék disebut babi piaraan, da beunangna ogé apan di leuweung geledegan. Jeung deui… asa langka nu ngahaja-haja miara babi, kalayan parabna disaruakeun jeung anak ménak…” kitu ceuk Ki Among Kalaakala.
Nepi ka kiwari, éta babi masih jadi tandatanya. Bener atawa henteuna éta babi téh kajajadén, kari kumaha geletuk batuna kecebur caina. Nu écés, éta babi moal aya patalina jeung Ratu Felisha atawa Ferry Fernandez dina Film “Skandal Cinta Babi Ngépét”. Ngan, sawangan masarakat kana nyegik, masih réa kapangaruhan ku film.***(Dhipa Galuh Purba)
Dimuat di Majalah Mangle Edisi 23 Juli 2009








ini bukan babi tapi celeng kalo di jogjakarta tapi kalu di sini namanya aili kalau di padang namanya jukut kalau di riau namanya inangoi