Kategori: Gelenyu | Diterbitkan pada: 29-09-2007 |
Ku DHIPA GALUH PURBA
Numpak beus téh mani asa lila-lila teuing. Kahayang mah sing geura-geura nepi ka nu dituju. Teu kuat ku sono, hayang geura-geura panggih jeung Si Manéhna. Malah tadina mah kuring hayang ngabatalan puasa ku cara nyium pipina. Hanjakal pisan, isuk-isuk ogé geus teu kuat hayang cikopi jeung udud. Baé lah, rék indit-inditan jauh ieuh. Ceuk Ustad Otong ogé, ari musafir mah bisa dikodoan ieuh.
Najan lembur manéhna aya di pasisian
“Punten, A, rokona pareuman. Hawatos seueur penumpang anu saum,” teu kanyahoan, kondéktor geus nangtung gigireun kuring
“Alah, hilap, kang,” témbal téh
Bareng pisan jeung adan lohor, beus anu ditumpakan ku kuring, anjog ka terminal. Atuh kuring ogé buru-buru turun
Néng Lina jeung dua kolotna, ngabagéakeun kadatangan kuring kalayan daréhdéh naker. Kawasna pédah ka urang
“Saum atanapi henteu?” Kadus Ukar, bapana Néng Lina mimiti tumanya. Panonna kawas anu taya kabosen, nelek-nelek tangtungan kuring. Keur meunteun jigana mah.
“InsyaAlloh,” témbal téh rada kalem. Najan beuteung kukurubukan ogé, teu hadé ari kudu némbongkeun kabiasaan goréng hareupeun calon mitoha mah.
“Bageur pisan atuh. Padahal ti
“Punten, badé ngiring netepan lohor heula,” ceuk kuring
“Mangga, ka pengker baé, Sép. Teu kedah asa-asa, anggap baé di bumi nyalira” kitu témbalna
Solat lohor téh ngahaja dililakeun. Pangpangna mah ngarasa betah Asihng di kamar Néng Lina. Sarareungit, matak hégar kana rarasaan. Malah awahing ku lilana, maké jeung kaburu néngetan heula céngcéléngan Néng Lina. Teu wani ari nyokot eusina mah. Dicabak sotéh, alatan resep kana wandana, jeung hayang ngira-ngira jumlah eusina. Maksud téh, asa hadé upama céngcéléngan Néng Lina dijieun sajak.
Kurang leuwih satengah jam, kuring kakara kaluar deui ti kamar Néng Lina. Sarung jeung kopéah masih kénéh dipapaké. Malah leungeun ogé nyekelan tasbé sagala rupa. Tapi kacida ngaranjugna basa di rohangan tengah, kasampak Kadus Ukar keur ngalepus udud. Bu Kadus jeung Néng Lina ogé keur paciweuh nyiapkeun dahareun.
“Punten, Cép. Tadi téh kabeurangan saur. Ari Embina jeung Si Nyai mah, geus dua poé ogé, da aya halangan. Matak, euweuh nu puasa,” ceuk Kadus Ukar
“Teu sawios-wios, Pa,” témbal kuring
*
Alhamdulillah. Nepi ka dur magrib ogé, kuring teu kagoda ku dahareun atawa udud jeung kopi. Kasebutna mah puasa téh tamat, najan ngamimitianana ukur ti bedug lohor. Puguh baé, Néng Lina sakulawarga kawas beuki reueus baé ka kuring. Dahareun keur buka puasa, disayagikeun sapuratina. Kolek cau, sangu haneut, goreng lauk, jeung sajabana.
Barang rék ngamimitian dahar, kadéngé aya sora motor anu eureun. Néng Lina gura-giru ka luar. Malah teu pati lila, manéhna ngagorowok rada tarik.
“Mamah, aya Si Bibi ti
“Na, jam sabaraha ti
“Ari datang mah geus tibeurang mula. Ngan tadi téh ngabuburit heula ka pasar,” kadéngé aya sora awéwé némbalan. Panasaran kuring ogé. Tuluy dilieuk. Bréh…gebeg. Reuwas kareureuhnakeun. Késang badag, késang lembut, mimiti rarenung maseuhan sakujur awak. Horéng, anu disebut Bibi téh, taya lian awéwé anu diuk gigireun kuring basa dina beus kota.
***
Ranggon Panyileukan 1422 H
Dimuat dina rubrik “Heureuy Bandung” HU. GALAMEDIA, taun 2002







