Kategori: Gelenyu | Diterbitkan pada: 22-08-2009 |
Ku DHIPA GALUH PURBA
NUMPAK beus téh mani asa lila-lila teuing. Kahayang mah sing geura-geura nepi ka nu dituju. Teu kuat ku sono, hayang geura-geura panggih jeung Si Manéhna. Malah tadina mah kuring hayang ngabatalan puasa ku cara nyium pipina. Hanjakal pisan, isuk-isuk ogé geus teu kuat hayang cikopi jeung udud. Baé lah, rék indit-inditan jauh ieuh. Ceuk Ustad Otong ogé, ari musafir mah bisa dikodoan ieuh.
Najan lembur manéhna aya di pasisian
“Punten, A, rokona pareuman. Hawatos seueur penumpang anu saum,” teu kanyahoan, kondéktor geus nangtung gigireun kuring
“Alah, hilap, kang,” témbal téh
Bareng pisan jeung adan lohor, beus anu ditumpakan ku kuring, anjog ka terminal Panjalu. Atuh kuring ogé buru-buru turun
Néng Arin jeung dua kolotna, ngabagéakeun kadatangan kuring kalayan daréhdéh naker. Kawasna pédah ka urang
“Saum atanapi henteu?” bapana Néng Arin mimiti tumanya. Panonna kawas anu taya kabosen, nelek-nelek tangtungan kuring. Keur meunteun jigana mah.
“InsyaAlloh,” témbal téh rada kalem. Najan beuteung kukurubukan ogé, teu hadé ari kudu némbongkeun kabiasaan goréng hareupeun calon mitoha mah.
“Bageur pisan atuh. Padahal ti
“Punten, badé ngiring netepan lohor heula,” ceuk kuring
“Mangga, ka pengker baé, Sép. Teu kedah asa-asa, anggap baé di bumi nyalira” kitu témbalna
Solat lohor téh ngahaja dililakeun. Pangpangna mah ngarasa betah cicing di kamar Néng Arin. Sarareungit, matak hégar kana rarasaan. Malah awahing ku lilana, maké jeung kaburu nengetan heula céngcéléngan Néng Arin. Teu wani ari nyokot eusina mah. Dicabak sotéh, alatan resep kana wandana, jeung hayang ngira-ngira jumlah eusina. Maksud téh, asa hadé upama céngcéléngan Néng Arin dijieun sajak.
Kurang leuwih satengah jam, kuring kakara kaluar deui ti kamar Néng Arin. Sarung jeung kopéah masih kénéh dipapaké. Malah leungeun ogé nyekelan tasbé sagala rupa. Tapi kacida ngaranjugna basa di rohangan tengah, kasampak bapana Neng Arin keur ngalepus udud. Indungna jeung Néng Arin ogé keur paciweuh nyiapkeun dahareun.
“Punten, Cép. Tadi téh kabeurangan saur. Ari Embina jeung Si Nyai mah, geus dua poé ogé, da aya halangan. Matak, euweuh nu puasa,” ceuk bapana Néng Arin
“Teu sawios-wios, Pa,” témbal kuring
*
Alhamdulillah. Nepi ka dur magrib ogé, kuring teu kagoda ku dahareun atawa udud jeung kopi. Kasebutna mah puasa téh tamat, najan ngamimitianana ukur ti bedug lohor. Puguh baé, Néng Arin sakulawarga kawas beuki reueus baé ka kuring. Dahareun keur buka puasa, disayagikeun sapuratina. Kolek cau, sangu haneut, goreng lauk, jeung sajabana.
Barang rék ngamimitian dahar, kadéngé aya sora motor anu eureun. Néng Arin gura-giru ka luar. Malah teu pati lila, manéhna ngagorowok rada tarik.
“Mamah, aya Si Bibi ti
“Na jam sabaraha ti
“Ari datang mah geus tibeurang mula. Ngan tadi téh ngabuburit heula ka pasar, tuluy nganjang ka babaturan…” kadéngé aya sora awéwé némbalan. Panasaran kuring ogé. Tuluy ngalieuk. Bréh…gebeg. Reuwas kareureuhnakeun. Késang badag, késang lembut, mimiti rarenung maseuhan sakujur awak. Horéng, anu disebut Bibi téh, taya lian awéwé anu diuk gigireun kuring basa dina beus
Ranggon Panyileukan 1422 H




tada teuing kuciwana eta si bibi, padahal geus ngeceng ka si Kasep hehehe, ari heug calon alo-na.. halah…
panasaran kumaha terasan na?????
Diantos terasan nana…..
Numawi terasanna teh rada tragis, janten teu acan mood kanggo nyarioskeunana he he…
DHIPAGALUH PURBA
ah… ngeles we…, poho kituh…., kabiasaan sok ngaroko..
pan ari poho mah teu kunanaon ceuk ustad ge lain?…
hehehehehehehehe, saruana..!
Numawi tos teu pati populer alesan poho sareng teu saur mah…
DHIPA GALUH PURBA
he he ngaroko mah teu batal da teu wareg kituh….
Jabaning kebulna dikaluarkeun deui, henteu diemam nyaaa
DHIPA GALUH PURBA
ah siakang sok tiasa wae…teu kaci ah kang ngabatalan nana soalna niat na rek apel…
heheeee,
Hus… ieu mah sanes kaci-teu kaci, tapi urusanna apel teu apel…
DHIPA GALUH PURBA
wah hade tah pangalaman teh
hanjakal teu tuntas nyaaaaa
kumaha atuh terasna sareng neng Arin teh ?
back street wae laaaah
Hisss… ieu mah carita fiksi, omaaaat…
Kumaha mun kadangueun ku Neng Arin? Cilaka tah pun uing
DHIPA GALUH PURBA
Hahahahahahahah,
kang dhipa. diantos terasanana, eta carpon ten pangalaman salira sanes? Hatur nuhun, Baktos simkuring ti kateubihan
Bodor eh si akang.. ri ayeuna kumaha kabar neng arin?
ha.ha…….
dedeh teuing…
atuh moal jadi hayang jadi minantu urang ditu.
wilujeng berjuang we ah….
Saupamina pribados janten si Bibi, moal waka betus ngabongkar rusiahna, paling oge bade naros kieu(bari ngaharewos) : ” Ujang, kasep,… bade masihan sabaraha ka Bibi kanggo ‘Tutup Mulut’?????” …..HEHEHEHEHE….
ni hayang nga degungkeun k si kasep eta tah anu d carioskeun dluhur….hahahahaha….
Katingalina keluarga neng arin teh tos ngarencanakeun pikeun ngaboker rusiah si kasep. Patarosan: dupi kiwari eta kabiasaan ‘unik’ masih dimumule?
Katingalina mah kulawargi neng arin teh tos sapuk bade ngabongkar RUSIAH NU GORENG…eh…NU KASEP. Patarosan: dugi ka kiwari naha eta ‘kalangenan’ teh masih dimumule, Yi?
Aduh meni isin pisan.
cobi, manawi weh ieu mah kang aya pangalaman nu langkung peurih, dianto pisan.
Alah…karunya pisan, hayang seuri macana tada teuing wirangna mun si bibi ngadongeng teh nya….wakkakak
teuuuhnya… naha teu diteraskeun? ngagantung kieu, janten panasaran kumaha ahirnanya?
haduh kacida gantung bacaeun, teraskeun atuh kang…!!!