Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 25-05-2008 |
Ku H.Usep Romli HM
Malem Saptu (9/4) di aula Yayasan Pusat Kabudayaan (YPK), Jl.Naripan 1 Bandung, aya raramean. Gubernur Jawa Barat H.Dany Setiawan, masrahkeun “Anugerah Gubernur Jawa Barat 2008” ka lima panulis nu ngagunakeun basa Sunda minangka media ekspresi winangun esey, laporan jurnalistik, jeung buku. Nu kasinugrahan ayeuna, nyaeta Asep Ruhimat, Hawe Setiawan, Mamat B Sasmita, T.Bahtiar, jeung Dudi RS.
Hanjakal teu bisa ngahadiran. Cape karek datang ti Arab. Padahal peuting eta teh sakalian jeung “peluncuran” buku “Kanagan 2”. Kumpulan carita pinilih majalah “Mangle” nu unggal bulan meunang hadiah ti H.Uu Rukmana. Aya karya kuring milu kaasupkeun di dinya. Kacipta ramena katut sonona tepung lawung jeung para pangarang. Sakaligus paturay tineung jeung Gubernur Dany nu baris maren pertengahan Juni.
Apal rek aya anugerah ti gubernur ka para panulis Sunda teh, tina tulisan Asep Ruhimat dina “Mangle” No.1264, awal April. Rengse maca eta tulisan, kuring langsung ngirim SMS ka Asep. Nanyakeun iraha anugrah gubernur rek dibikeunna ? Ayeuna dina suasana kampanye pilgub ? Atawa engke sabada pilgub nu ukur sababaraha poe deui ? Kumaha lamun Pa Dany eleh ? Tulus moal ?
Jawaban Asep rada kurang tetela. Sabab cenah, eta tulisan teh dumasar kana “press-release” YPK. Dina SMS keneh kuring “mapatahan” Asep cara nulis kolom atawa laporan. Ulah nempatkeun asumsi mangrupa hal lir nu geus karandapan. Sabab dina eta tulisan, kagambarkeun yen anugrah gubernur teh kawas nu geus dilaksanakeun.
Tapi bari dujurung ku du’a, muga-muga bae enya jadi kanyataan. Lain saukur “dalam rangka”.
Alhamdulillah tinekanan. Para panulis Sunda boga deui pananggeuhan rupaning pangharghaan kana karya-karyana. Sabada “Rancage” keur karya sastra daerah (Sunda, Jawa, Bali, Lampung) winangun buku jeung keur jalma nu boga jasa kana kamekaran sastra daerah, hadiah sastra LBSS keur karya-karya nu geus dimuat dina media basa Sunda sataun samemehna, hadiah sastra “DK Ardiwinata” nu diayakeun ku Paguyuban Pasundan ngaliwatan saembara, hadiah bulanan “Uu Rukmana” keur karya carpon pinilih dina majalah “Mangle”, jsb. ayeuna torojol deui “Anugrah Gubernur Jabar”. Muga-muga bae kagiatan nu dibaladah ku Pa Dany Setiawan dina mangsa mungkas kalungguhan, dituluykeun ku gubernur anyar. Ulah pugag ukur sakakalina ayeuna. Palias.
Kangaranan kana hasil paniten Dewan Juri, sanajan teu bisa diganggugugat, tangtu aya bae nu panasaran. Ngedalkeun pananya, naha jeung naha.
Kawas kana hasil seleksi Dewan Juri (Drs.H.Wahyu Wibisana, Dra.Etty RS., M.Hum, Duduh Durahman). Tina lima urang – Asep Ruhimat, Hawe Setiawan, Mamat B Sasmita, T.Bahtiar, Dudi RS – kuring hayang apal naon sababna Dudi RS kapilih ?
Lamun kriteria panulis Sunda nu ngagunakeun basa Sunda minangka media ekspressi dina nulis essey, laporan jurnalistik, jeung buku, enya-enya dipake, mustahil Dudi RS kapilih.
Sabab sakaterang, Dudi RS aktip nulis dina basa Sunda – pangpangna sajak jeung laporan jurnalistik – opat lima taun ka tukang, dina majalah “Mangle” jeung SK “Galura”. Sanggeus ngagabung jeung SK “Priangan” nu medal di Tasikmalaya, karya-karyana dina basa Sunda geus tara katingal deui. Kuring nu tara petot maca “Mangle”, “Galura”, “Cupumanik”, jeung “Sunda Midang”, tara ningal deui karya-karya Dudi RS dina basa Sunda.
Kajaba mun ukuran nu digunakeun, “kungsi” nulis dina basa Sunda. Tapi tangtu lain Dudi RS wungkul nu boga hak pikeun diajen, da rea nu “kungsi” nulis dina basa Sunda mah, boh nu masih keneh aktip nulis dina basa sejen, boh nu geus pet pisan tara.
Lamun aktivitas jeung produktivitas nulis laporan jurnalistik dina basa Sunda bener-bener dikukuhan, rea jurnalis Sunda nu kudu kawayangkeun. Upamana bae Enca Wiarsa, Asep GP, Hana Rohana S (majalah “Mangle”), Miftahul Malik, Rameli Agam, Nanang S., Usman Supendi (SK “Galura”). Tacan ti rengrengan wartawan “Sunda Midang”. Majalah “Cupumanik” sanajan ngagedekeun essey jeung carita, sakapeung-kapeungeun ngamuat tulisan nu ngaharib-harib laporan jurnalistik (reportase). Di antarana sababaraha tulisan Supriatna.
Asep Ruhimat kawilang langka nulis, sanajan geus medalkeun buku sahiji “Sambel Jaer” (2006), Hawe Setiawan kaasup produktip lantaran sapopoe jadi Pemred “Cupumanik” geus medalkeun buku tarjamahan “Jagat Carita”, T.Bahtiar getol nulis perkara geografi boh dina basa Sunda, boh dina basa Indonesia, tur geus nulis buku sanajan lain dina basa Sunda, Mamat B Sasmita leuwih dipikawanoh minangka pustakawan, sanajan sakapeung-kapeungeun sok nulis. Hartina nu opat ieu bisa disebut kapabel jeung kredibel, sanajan tangtu aya nu leuwih kapabel jeung kredibel deui lamuin disawang tina karya-karya kapanulisanana. Ari Dudi RS rada susah nempatkeunana dina widang panulisan basa Sunda danget ieu, lantaran sapopoe sibuk jadi wartawan/redaktur suratkabar basa Indonesia. Tapi muga-muga bae aya faktor sejen nu bisa ngayakinkeun sarerea, yen Dudi RS bener-bener hiji panulis Sunda, nu fakta jeung datana ukur kanyahoan ku Dewan Juri.
Ieu tulisan lain niat nyisikudi. Ukur hanyang merenahkeun masalah jeung ngabebenah kaayaan. Anugerah Gubernur keur panulis Sunda anu sakitu jugalana, ulah dimomorekeun ku hasil nu matak ngahudang kontroversi. Kahirupan sastra jeung tulis-tinulis dina basa Sunda teh heureut tur leutik. Babari kanyahoan ku sarerea mana nu bener-bener produktip, mana nu ukur wawayagon. Babari kanyahoan Si Itu Si Etana, nu pantes jeung nu teu pantesna.
Kayaning kitu, mun rek enya-enya narimakeunana, muga-muga sing manjang we. Gubernur anyar daek nuluykeun ieu hanca gawe gubernur samemehna nu positip keur kahirupan kapanulisan Sunda.***
Dimuat dina Galura, April 2008












