Kategori: Dangding | Diterbitkan pada: 03-01-2008 |
(Kinanti)
Ku DHIPA GALUH PURBA
Ngemploh héjo Banjarwaru
Tinggarupay di basisir
Amparan samak di Simpar
Mapag léngkah nu kasilih
Carita embung lekasan
Ngagurat jangji pasini
Cambéwék ibun Panjalu
Mawa nyawang hiji asih
Nusa lir medar carita
Langit ngajerit ka bumi
Jagat ngocéak ka apah
Basa éling anjeun leungit
Sekar Tandak:
Mawa uyah dina gelas
Susuganan jadi ubar
Carita ulah dipungkas
Sono kénéh Kembang Simpar
Na saha nu mobogana
Kabaya teu maké kancing
Di mana atuh ngancikna
Nu kabayang beurang peuting
Ranggon Panyileukan, 1424 H




deuh meni asa hoyong ngeclakeun cimata
sumangga, bebas di dieu mah bade ngeclakeun nanaon oge…
DHIPA GALUH PURBA
Aduh..kakang meni sedih….
sedih kumaha? Hoyong uih ka lembur nya?
DHIPA GALUH PURBA
Sumuhun…puguh..,ngan kumaha atuh..
wah..om dhipa Pintar bikin sajaknaya.
Ntar Ikel pasti lebih pinter dari om dhipa…