Kategori: Gelenyu | Diterbitkan pada: 02-10-2007 |
Ku DHIPA GALUH PURBA
Sakampus Cipadung waé mah geus moal biereuk deui kawasna téh. Lamun aya anu manggihan mahasiswa anu
Poé Senén, basa Dosén keur nerangkeun mata kuliah agama, Si Among ngabandungan
“Cik atuh sakalieun keur kuliah mah, eureunan heula ngaroko téh!” ceuk Dosén, semu anu keuheuleun naker.
“Punten, Pa. Abdi mah da nyesep téh demi kapentingan ibadah,” témbalna kalem naker.
“Kaperluan ibadah kumaha manéh téh? Tong pararadu siah ari nyarita téh!
“Tenang baé atuh, Pa. Da Kampus Cipadung mah anu gaduh Sawarga ieuh,”
“Kalah ngalawan ka dosén téh. Hayoh geura jawab! Naon hubunganana antara ngaroko jeung ibadah?”
“Kieu, Pa. Abdi mah da ngaroko téh nikmat pisan. Saterasna, upami abdi dipasihan kanikmatan, abdi mah sok émut ka nu masihan kanikmatan éta,”
“Kumaha maksudna?”
“Muhun, matak abdi mah upami seueur nyesep téh, bakal seueur émut ka nu masihan kanikmatanana. Apan anu masihan kanikmatan mah Gusti. Da di warung mah ukur ngical rokona wungkul,” pokna lancar naker. Ari Dosén ukur gogodeg,
*
Basa keur nyanghareupan mata kuliah Pengantar Ekonomi ogé, Si Among masih kénéh teu eureun ngaroko. Puguh baé diherengan pisan. Kawantu Pa Anip mah da tara ngaroko deuih.
“Yeuh Among, batan dipaké meulian roko mah, duit téh mending kénéh ditabungkeun!” pokna.
“Teras kumaha, pa?”
“Nya geus ditabungkeun mah, duitna bisa leuwih mangpaat. Contona keur meuli baju atawa calana, ngarah sakali-kali mah pakéan téh rada diganti atuh,”
“Atuh anggoanna ogé bakal kaduruk,”
“Har,
“Apan artos anu dianggona ogé, jatah kanggo nyesep. Ari sesepeun téa, apan kanggo durukeun.” Siga sasarina Si Among
Keur ramé pacéntal-céntal ngadu arguméntasi, aya anu keketrok rada tarik. Blak, panto muka. Na atuh, ari lol téh Bi Usup, tukang kantin.
“Aya naon, Bi Usup?” puguh baé Pa Anip rada ngahuleng.
“Punten, pa Anip. Ibi téh rumaos kirang sopan. Namung kapaksa pisan, wiréh aya kaperyogian anu rada darurat,” kitu témbal Bi Usup,
“Apan kakara bieu ka cai téh. Hayoh diuk deui!” Pa Anip rada nyentak. Atuh Si Among teu bisa kumaha, kapaksa diuk deui.
“Aya naon, Bi, maké jeung los-los ka kelas sagala?” Pa Anip tumanya deui ka Bi Usup.
“
“Har,
“Sanés kitu maksadna, Pa Anip. Ibi mah mung badé nagih hutang ka Cép Among, margi bon rokona tos seueur teuing. Ari diantosan di kantin, da teu sumping baé.”
Barang ngadéngé omongan Bi Usup, ana ger téh sarurak mani ayeuh-ayeuhan. Katara beungeut Si Among mani reup geuneuk, ray pias awahing ku éra. Mangkaning dipelong pisan ku Néng Wiwin jeung Néng Wida. Karuhan ari Néng Ita mah, mani ngadilak pisan.
“Boga kénéh argumén?” ceuk Pa Anip
*
Saprak kajadian éta, Si Among
“Tong dibéja-béja uing dagang roko, euy!” kitu pokna Si Among.
“Moal. Asal sayah ménta roko!” témbal Si Encé.
“Sok nyokot, kari milih, hayang roko naon?”
*
Bubuhan Si Encé mah
Péso Pangot, 1421 H
Dimuat di Majalah Manglé No 1761, 25-31 Méi 2000 (Judul aslina: Otong Roko)







