Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 27-08-2009 |


Ku DHIPA GALUH PURBA

(Mairan Kolom, Ahman Sya Dina Manglé No. 2233)

 Kélanan, Ahman Sya téh Ketua Tim Independen Organisasi Kasundaan (TIOK) anu méménta jatah, aéh punten, anu masihan masukan ngaran tokoh-tokoh urang Sunda anu disawang pipanteseun jadi mentri.  Téknisna, TIOK ngabentuk tim lima pikeun ngajaring ngaran tokoh-tokoh téa. Tim lima téh diwengku ku Ahman Sya, Dede Mariana, H. Sunaryo Kartadinata, Hj. Nenden Sri Lengkanawati, jeung H. Agung Sutisno. S.E.

Dina béréndélan ngaran tokoh-tokoh beunang tim lima téa, diantarana aya kacatet ngaran Ahman Sya. Jadi, Ahman Sya milih dirina sorangan ku soranganna, anu ceuk barudak ayeuna mah “jeruk makan jeruk”. Ana kitu mah rék kumaha independenna? Tapi, moal pipilueun masalah internal TIOK kétang. Anu ngajurung ieu tulisan taya lian ku ayana Ahman Sya masualkeun PPSS (Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda) dina Manglé No. 2233. Kilang kitu, sanajan kuring salahsahiji pangurus PPSS, tapi henteu otomatis ieu tulisan téh jadi pernyataan resmi PPSS. Teu béda jeung tokoh PPP Lukman Hakiem Saifuddin anu jadi jurkam JK-Wiranto dina Pemilu Presiden kamari, apan henteu otomatis PPP ngarojong JK-Wiranto. Malah geus karuhan PPP ngayakeun koalisi jeung Partai Demokrat.

Pon kitu deui perkara Asep Ruhimat, anu kapeto jadi salahsahiji tokoh PPSS, tangtu baé henteu otomatis ngawakilan organisasi PPSS, kajaba lamun miangna bener-bener ladang tina kasapukan sakumna pangurus PPSS. Bisa jadi Asep Ruhimat mah mémang ngarojong déklarasi TIOK. Tapi, pangrojong sacara pribadi. PPSS mémang lain Etty RS wungkul, tapi apan Etty RS téh pupuhuna PPSS, anu mibanda wewenang pikeun nangtukeun kawijakan, ladang tina musawarah jeung réngréngan pangurus katut anggota. Tapi da geus kasawang, moal aya pangurus atawa anggota PPSS anu mikeun upama PPSS ilubiung dina milihan pimentrieun, kajaba lamun calonna Godi Suwarna meureun. Duka ari pribadi-pribadina mah, da PPSS henteu nyengker pangurus jeung anggotana, sacara pribadi, icikibung dina pulitik, kaasup pipilueun milihan pimentrieun. Nu penting mah henteu ngaasmanakeun PPSS. Ku kituna, sikep Asep Ruhimat, mun téa mah enya milu ngarojong TIOK, tangtu baé moal aya nu nyalahkeun da puguh éta mah hakna ieuh.

Upama Etty RS nyebutkeun asa ditulis tonggong, tangtu baé kalintang wajar, da puguh henteu apal duduk-perkarana. Henteu apal duduk-perkara kalintang bédana jeung ngamanipulasi fakta. Sacara logika, rék ngamanipulasi fakta naon, da puguh tacan terang pasualanna. Etty RS kakara terangeun duduk-perkarana sabada nanyakeun ka Asép Ruhimat, tur katerangan ti Asép Ruhimat téh nyaéta sakumaha anu dilaporkeun dina Manglé No. 2232.

Dina lampiran daftar hadir anu dimuat dina Manglé, mémang aya ngaran Asep Ruhimat (PPSS), Nomor HP Asep Ruhimat (Sanés nomor telepon PPSS), jeung tanda tangan Asép Ruhimat. Ceuk Ahman Sya, dina tulisanna, TIOK alus sangka ka Asép Ruhimat tur nganggap wawakil PPSS. Masih ceuk Ahman Sya dina alinéa anu sarua, TIOK henteu gagabah nyebutkeun saha baé nu milu rumojong. Lebah dieu aya pamadegan anu kontradiktip, nyaéta antara alus sangka jeung henteu gagabah. Sabab, aya kalana anu ujug-ujug ngaheulakeun alus sangka téh sok gagabah. Contona, kajadian ngabeledugna  bom di JW Marriott jeung Ritz Carlton 17 Juli kaliwat, apan éta téh salahsahijina akibat tina patugas kaamanan anu alus sangka ka teroris. Ceuk téroris, anu dibawana téh laptop. Patugas kaamanan percaya wé, da alus sangka téa. Leuwih-leuwih ti gagabah apanan akibatna.

 Alus sangka (husnudzon) mémang sipat anu hadé. Tapi porsina kudu diluyukeun, sok komo deui ngalibetkeun organisasi anu anggotana kaitung loba. Lamun TIOK henteu gagabah, pantesna Asép Ruhimat téh ditalék kalayan daria, bener atawa henteuna ngawakilan PPSS atawa saukur asmana pribadi. Lamun ngawakilan organisasi PPSS, perlu dipénta surat resmi ti PPSS, katut pernyataan resmi pangrojong PPSS kana hanca gawé TIOK. Ku cara nalék sacara taliti tur henteu gagabah, dijamin moal nimbulkeun kesan TIOK goréng sangka (suudzon). Ari saukur nyantumkeun ngaran jeung asal organisasi mah nya taya bédana jeung Lukman Hakiem Saifuddin, tokoh PPP anu jadi jurkam JK-Wiranto téa.

Dina alinéa 11, Ahman Sya ngedalkeun katugenah duméh aya kekecapan “mementa jatah menteri”, sabada maca koméntar Susi jeung Ganjar (Manglé 2232). Saterusna, Ahman Sya nulis: “Ah, meureun éta mah omongan Susi jeung Ganjar wé, atawa kalimah anu jolna ti wartawan Manglé, anu teu nyaho persis kana duduk perkara saenyana. Ulah diparuas-parieus (diplintir) atuh, sabab bisa nimbulkeun salah harti….

Lebah dieu écés pisan Ahman Sya geus goréng sangka, pangpangna ka wartawan Manglé. Kesanna wartawan Manglé téh boloho, teu nyaho nanaon, kalayan nempatkeun dirina minangka jalmi anu pangterangna dina urusan kekecapan basa Sunda, tug nepi ka mamatahan tatacara ngoméntaran. Pikeun kuring, dina urusan basa Sunda mah leuwih percaya ka wartawan Manglé batan ka Ahman Sya. Sabab, saméméhna tacan kungsi maca tulisan basa Sunda beunang Ahman Sya.

Kuring moal ngadebat kalimah “Méménta Jatah Menteri”, da kuring ogé teu terang saha nu ngamimitianna tur moal suudzon ka sasaha. Kuring ukur rék ngasongkeun babandingan, nyaéta dina HU Galamedia (20/06), aya warta ngeunaan TIOK anu judulna “Orang Sunda Harus Masuk Kabinét”. Kecap “harus” lamun disundakeun jadi “kudu”. Ari “kudu” téh nyaéta teu meunang henteu. Dina kecap “kudu” ngandung paksaan. Bisa jadi, éta judul téh lain petikan tina caritaan Ahman Sya, tapi mangrupa hasil tafsir wartawan Galamédia. Kalimah “Urang Sunda Kudu Asup Kabinét” jeung kalimah “Méménta Jatah Menteri” mémang henteu sarua, tapi lamun disambungkeun bisa nyambung pisan.***