Kategori: Sosok | Diterbitkan pada: 02-08-2008 |

DINA pakumbuhan sastra Sunda mah ngaran Agus Hermawan téh kawilang asing kénéh. Mémang diaku ku Agus, yén ngarang carpon dina basa Sunda mangrupa pangalaman anu kaitung anyar. Ceuk Agus, ngaliwatan e-mail, bungah tur gumbira nampi iber ti panitia réhna cocoretanana kapilih jadi salah sahiji pinunjul Hadiah Sastra Bujangga Maya 2008. Mugia ieu téh janten pecut kanggo abdi dina raraga diajar deui nyerat dina basa sunda.
Agus hérmawan téh Sarjana Pertanian, lulusan Universitas Padjadjaran Bandung. Ayeuna, ieu pangarang kalahiran 6 Agustus 1962 téh sapopoéna mancén jadi Wartawan Kompas. Matuhna di wewengkon Permata Pamulang, Serpong, Tangerang.***
Maruta Bayu







