Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 16-10-2008 |
Ku ROCHAJAT HARUN
Bet asa éra parada, pédah sok disebut turunan Dalem Cikundul. Angot jenatna pun bapa mah mani keukeuh peuteukeuh kudu jarah ka makam Cikundul di Cianjur. Émut pisan harita téh waktos rék ngumbara ka
Ras emut ka aki ti gigir, di Purwakarta, rayina pun Nini anu di Bayongbong. Éta ge sami sok reueus pisan kana tuturunan. Piwejangna sami sareng pun bapa. Cenah urang kudu reueus tapi ulah agul pédah turunan Dalem Cikundul. Malah pun aki Purwakarta mah, namina gé sok ditambihan ku Kartadiredja. Idéntitas turunan ménak Dalem Cikundul, kalebet nami-nami pala putra-putuna.
Mun pareng ngabandungan obrolan sepuh perkawis turunan téh, pun biang mah sok katingal mésem wé. Malih sakapeung sok ngélingan. Saurna téh: ”Kadé ah, ulah sok agul ku payung butut. Kiwari mah geus lain jamanna. Dina benerna gé, hidep mah kudu leuwih lantip. Jauhan sipat sombong jeung takabur, adigung-adiguna, pinter aing henteu batur. Malah urang mah kudu bisa nyumput dinu caang. Alus jeung goréngna jelema mah teu bisa diukur ku kaménakan, tapi ku kalakuannana. Kateuteuari turunan menak gé, ari kalakuan tolohéor, nyolowédor tur nyolong badé mah…”.
Keuna kana mamaras rasa éta piwejang pun biang téh, tur langkung nyangkaruk dina ati sanubari. Hiji waktos kantos tumaros perkawis luluhur karuhun mantenna. Margi aya wartos pajah pun biang téh masih teureuh ménak Tarogong, réréhan ti karajaan Timbanganten. Nanging sateuacan ngawaler, anjeunna kalah ngeluk tungkul. Katingal pameunteuna asa bénten ti sasari, aya cahya gilang-gumilang tina sapasang socana tur matak sérab sareng ajrih.
“Sabenerna, mun hidep rék reueus ku turunan, ambu gé mémang aya teureuh karajaan Timbanganten. Éyang-éyang hidep mah di kampung Babakan jeung Pasawahan. Malah di Cipanas gé aya. Najan tos parupus gé, tapi sésékélérna mah tangtu araya kénéh. Jug téangan. Tapi sakali deui, kadé ulah deuk agul pédah turunan ménak Timbanganten jeung Cikundul. Poma ulah agul ku payung butut.” Kitu kasauran pun biang bari neuteup leleb.
Aya deui dongéng sanes. Ieu mah cariosan pun aki ti pun biang. Mantenna mah dalah meleg-meleg asli turunan urang Yogya, Jawa Tengah. Ieu gé sami sok resep ngaguar tuturunan. Malah aya seratan nu kalintang oténtikna dina kitab ageung, disimpen dipusti-pusti. Diseratna ku aksara Arab. Kapungkur waktos jumeneng kénéh, mantenna sok remen ngempelkeun para wargi putra putuna, lajeng ngadadarkeun silsilah tuturunan bari mukaan éta kitab kandel nu diserat ku aksara Arab téa.
Atuh der deui wé ngadadarkeun tuturunan, si éta turunan ti dieu, si ieu turunan diditu, sareng saterasna. Tuh si Onong, kituna téh bari nunjuk ka kuring. Silaing téh euy!, masih aya turunan ti Pangeran Purbaya Mataram, kudu reueus. Angger pun aki mah mun nyalukan kuring téh sok si Onong baé. Pedah éta tarang kuring rada nongnong panginten.
Anjeunna mani keukeuh réhna éyang kuring téh asal muasalna ti karajaan Mataram. Kasebatna gelar pangéran nu nyepeng pancén salaku panglima perang ti Sultan Agung. Jenengan Éyang téh pangeran Manggar nu makamna di Cikao, Purwakarta. Saurna, mantenna téh kantos mingpin pasukan maksad ngagempur Batavia. Palaputrana aya nu ngaprak ka wilayah Tarogongng sareng Limbangan Garut. Lajeng bubuara, tur karagungan bojo urang Sunda. Nguping cariosan aki kitu téh, kuring tambah ngahuleng deui baé.
Tahun 60-an, waktu kuring jeung Mang Saléh Danasasmita suargi icikibung dina organisasi Putra Sunda, kuring kungsi ngarojong pintonan gending karasmen, kalayan merankeun Patih Jombang Lanang ti karajaan Rumpin. Réngsé pagelaran, Mang Saléh ngarangkul kuring. Na atuh ari pok téh ”Alus Yat maen téh. Katempona mani pas pisan peran patih Jombang Lanang téh. Jigana énté mah aya keureutan ménak nya. Asa béda tagog jeung goloyorna. Komo deui éta sora énté mani handaruan geueuman. Matak muringkak bulu punduk. Ha…ha…..!”
Kuring ogé milu seuri, seuri koneng bari rada beukah irung. Ngan dina haté bet ngagerentes, ”Turunan ménak? Ménak ti mana horéng?”
Dina hiji waktu, kuring kungsi ka Ciamis nepungan sobat batur sapagawéan. Kabeneran ibu ramana ki sobat nuju araya. Malah ngiring ngawangkong sagala, tumaros ka pribados, kawit ti mana sareng sajabina ngalér-ngidul. Kuring ngajawab saayana waé. ”Abdi mah kawit ti Garut namung ti kampung, Désa Pasawahan. Kapungkur rorompok téh caket Pasantrén Al-Huda. Namung saatosna pun bapa sinareng pun biang ngantunkeun mah rorompok sepuh téh teras diical, da kaleresan taya nu ngurus. Katambih-tambih abdi sareng pun adi mah sadaya ngalumbara,”
Sabot ngawaler patarosan, si ibu téh kalah mencrong mani seukeut. Terus nyaurkeun yén mantenna masih kénéh réréhan karajaan Galuh. ”Sanaos adén ngangken asal kampung atawa ti pasisian gé, ibu mah tetep yakin, adén téh sanes jalmi samanéa, pasti masih aya kocoran kadaton. Tiasa jadi teureuh ménak Timbanganten nya. Sanaos dikumaha gé, da bénten, Dén, ari tagog sareng goloyorna ménak asli mah. Bénten jeung pajabat kiwari nu guménak méménakan,”
Ih naha brasna téh bet kana ménak deui baé. Kuring jadi bosen ngadéngéna. Na turunan ménak ti mana atuh kuring téh? Ras emut deui ka cariosan pun biang suwargi, nu meupeujeuhan, ”Ulah agul ku payung butut, asa aing uyah kidul. Komo bari ditambahan ku sipat sombong takabur adigang adiguna mah, pinter aing henteu batur. Omat singkahan adat goreng kitu téh. Ayeuna mah geus béda jaman. Mémang bener, baheula mah nu disebut ménak téh mani jadi kareueus. Cenah dibélaan kudu meuli sagala di jaman Walanda mah hayang disebut atawa boga gelar ménak atawa radén téh. Tapi, da ari ménak asli mah teu kitu. Sakali deui kadé hidep sing inget, ulah agul ku payung butut. Sok komo deui hidep mah lulusan sakola luhur, nu sahenteuna boga kalungguhan. Éta sakabéh ukur titipan Allah SWT.”
Ras deui émut kana kasauran guru ngaos kapungkur taun 70-an, Ajengan Siroz ti Pasantren Al-Huda, nu kantos masihan wejangan, ”Pikeun nangtoskeun hadé-goréngna manusa mah teu tiasa diukur ku kaménakan, kabeungharan, kapangkatan atanapi turunan. Tapi ku ukuran iman jeung kataqwaannana ka Allah SWT. Sadaya insan sami pada-pada turunan Nabi Adam. Sanaos leres, salira téh masih teureuh menak, éta mah samunikeun wé, malah mending hilapkeun! Margi péngkolan tos kaliwatan, teundeun di handeuleum sieum. Kiwari mah lain jamanna ngagul-ngagulkeun turunan. Di payuneun Gusti Allah mah sadayana gé sami, pada-pada insan mahluk Allah SW. Mantenna nu Maha Uninga, nu ngatur sagala perkara.”
Bet asa ngangres campur kagagas ku éta kasauran ajengan miwah pun biang. Saeutik, namung matri na jero ati. Kanggo naon agul ku payung butut. Mending kénéh agul ku payung alus, Papayung Agung nu mayungan sakumna alam. Teu karaos cimata ngeclak mapay dua pipi. Eumh Gusti… Alhamdulillah. Mugia Gusti masihan pituduh sinareng jalan nu saé pikeun ieu diri nu tangtos seueur lepat. Sawios teu janten ménak gé, asal aya dina karidhoan sinareng panangtayungan Allah Nu Maha Agung. Amin.
Tarogong, Tungtung Ramadhan, 1429 H




Sakali kalieun mah nya kudu oge nampang ah. Ulah eleh ku urang Jawa jeung batak. Tembongkeun wibawa urang Garuit. Lain murungkut kawas kuuk. Hi….3x
Kang Rochajat Harun,
punten bade tumaros, dupi Akang Linggih di mana? Di Bogor atanapi di Tarogong?
Abdi ka Kang Saleh teh caket pisan, sering nyeepkeun sambel Ceu Oneng di bumina di Bondongan.
Manawi tiasa nyuhunkeun alamat e-mailna
Hatur nuhun
Sampurasun,
Nuhun pisan tiasa ditepangkeun sareng ayi Ukar nu masih rerehan mang Saleh suwargi. Akang teh bet teras emut we ka mantenna, da eta upami ngobrol/ ngawangkong sareng mantenna mah teu bosen2, resep ngabandungannana. Komo upami tos ngadadarkeun perkawis karajaan Pajajaran mah. Kawasna, akang mah can mendak tandinganana.
Aya hiji hal guaran mantenna nu nepi ka kiwari sok jadi pikiran akang. Eta perkawis sanjata “KUJANG”. Anjeunna teh mani neuteuli: “Sabenerna mah Yat, kujang teh lain parabot perang samodel keris, badik, atawa bedog. Nu bener mah eta teh KORED, paragi tatanen”. Teras mantenna nembongkeun gambar2 kujang, hasil panalungtikan mantenna.
“Kunaon atuh ku kang Saleh teu dibewarakeun ka balarea?” Pribados nanya.
“Ah bet kuriak bae jadi piributeun. Pan kiwari mah Kujang teh geus jadi lambang nu dipikareueus ku urang Sunda. Malahan mah geus jadi lambang pakarang Kodam Siliwangi”. Jawabna teh santai sabari ngenyot rokok keretek cap Gentong, kasenengna.
Ih hapunten nya yi Ukar, ieu komentar teh bet kabangblasan.
Nuhun yi atuh ditepangkeun, sanaos di dunya maya ge. Rorompok mah akang teh di Bandung: Jl. Merkuri Selatan No.6 Komplek Margahayu Raya, Bandung 40286.
Alamat E-mail: Rochajat_Harun@Yahoo.co.id
Sakali deui hatur nuhun nya yi Ukar. Iraha2 mah mugia urang tiasa tepang.
Hatur nuhun !
Rochajat Harun
Sae pisan artikel teh ! Mudah-mudahan jadi nambah elmu kanggo urang Sunda, mudah-mudah urang Sunda jadi akur ka batur salembur, nyaah ka sasama manusia, amiin !
Ha ha ha !
Silaing kunaon bet jadi parangkat purungkut kitu euy!. Sing inget baheula waktu urang jaman keur ngora, kungsi babarengan ngaguru silat ka bah Joyo tahun 60-an. Pan cenah kudu nembongkeun kawani, hade tagog hade gogog. Urang ditawajuhan di luhur pasir Jati, sabari dibere amalan pangabaran. Geus poho deui silaing teh ?
Matak oge, ka urang sunda nu geus lila teuing hirup di kota atawa ngarasa agul ku model hirup kota, cik atuh reret budaya urang teh, ulah antepan.
sok ajarkeun basa sunda teh ka anak turunan urang, komo dina obrolan sapopoe di bumi mah pake atuh basa sunda teh, ngarah barudak urang teu leungiteu obor.
keun we basa indonesia mah teu kudu dibiasakeun di bumi ge bakal tariasaaeun barudak teh
Alo Hassan,
Sae pisan eta komentar teh. Komo bari ngajak barudak supaya prak cumarios dina basa Sunda mah. Akur pisan Lo.
Emang jadi asa kaemutan, ngangres kana eta para patandang MOKA sa Jabar, nu cikeneh dilaksanakeun di Bandung. Aya beja cenah para MOKA teh cumarios basa sunda na mani amburadol alias balepotan. Kitu deui panampilanana (performance), teu pisan nembongkeun kasundaan nana. Jadi eta mah MOKA nu teu nyunda tea nya. Jigana mun emang nu ngujina mah, kabeh ge moal aya nu lulus. Mangkaning maranehna teh cenah bakal jaradi DUTA wisata. Wah……3x.
Muhun pak.. leres pisan ulah sok “agul ku payung butut”. da ka sebat butut, kanggo naon, mending ku payung alus. .hehe
ka sebat dina cariosan bp, bp katurunan menak, bangga pasti. abdi teu terang katurunan ti mana anu pasti mah ti mamah sareng ti bp. hehehe
punten pa!!
Kahatur neng Tia!
Ulah sok kitu geulis, pan salira mah masih aya keneh teureuh Kawali. Ari bapa onaman, ah ngan saukur ceuk beja. Leres henteuna mah duka teh teuing. Kiwari mah bapa rumaos bet langkung sae jadi jalmi biasa we, seueur pisan gogodana.