acara-sunda-antassalam

Pelesiran ka Tanjungkarang
Mekel jahé jeung daun salam
Sisindiran banda nu urang
Dimumulé di Antassalam
Pelesiran mangalam-alam
Tos maluruh batu semprani
Sisindiran di Antassalam
Nu ngasuhna Lia Réfani
Nu ngajanteng bari ngadéhém
Mani mencrong semu nu rémpan
Hayu panteng radio FM
Hiji kosong tilu salapan
Buah manggu Pasir Kaliki
Waluh tiwu bekeleun tamu
Na saminggu ukur sakali
Tabuh tilu dinten Saptu
(Kagegelan keur ingkang lanceuk, Lia Réfani:
Kadeudeuh kuring ka Lia Réfani, kadeudeuh hiji adi ka lanceukna)
DHIPA GALUH PURBA
ACARA SEJEN ANU DIASUH KU LIA REFANI DI RADIO ANTASSALAM 103,9 Mhz
KAROKE SUNDA
Saban Poe Juma’ah & Minggu, Jam 15.00 nepi ka 17.00 WIB
RUMPI SARI
Saban Poe Kemis, Jam 09.00 nepi ka 11. 00 WIB
MOZAIK ANAK
Saban Poe Minggu, Jam 09.00 nepi ka 11. 00 WIB













Punten ngiring ngalangkung
Mangga…
Duh ieu mah adi teh mani lingas. Kamana bae atuh? Kade ulah seueur teuing kulayaban di kota. Upami aya nanaon, kontak we ka lanceuk…
DHIPA GALUH PURBA
Assalamuallaikum…
Antasalam PoooW
Nepangkeun abdi utun, aya maksad ngadamel Festival Sisindirin dina raraga helarfest.
ping 24 Agustus. Panginten abdi bade nyuhunkeun lebetan.
salam baktos
Wa’alaikumsalam wr.wb
Hatur nuhun Kang Utun parantos linggih kadieu. Waaah… sae pisan tah rarancang acara teh. Sisindiran memang kedah dimumule, kumargi mangrupi salahsahiji kamonesan warisan karuhun urang. Tah… langkung sae sisindiran teh dilagukeun, lagamna mah siga lagu:
“Es Lilin mah ceuceu kalapa muda
dibantun mah geuningan ka Sukajadi
abdi isin jungjunan samar kaduga
Sok sieun mah aduh henteu ngajadi”
sakitu anu kapihatur, dipungkas ku sisindiran:
Aya arca tina aspal
Teu talangke disisiran
Acara Helar festival
ngamumule sisindiran
nutur-nutur nu ditungtun
Budak ngora dagang asbes
Hatur nuhun ka Kang Utun
calagara na helarfest
DHIPA GALUH PURBA
sampurasun…nun
punteun sa teu acan na, dina raraga runtuyan HelarFest, simkuring bade ngayakeun Festival Sisindirin mun teu ka abotan simkuring bade neuda lebetan ide, kahoyong mah tiasa di kerjasama keun sareng radio Antasalam Pooow.
rencana acara na ping 24 Agustus 2008.
Salambaktos
Rampesss…
Perkawis rampak gawe sareng Radio Antassalam FM, rupina langkung sae ngontak ka Kang Deni salaku PD Antassalam (70068386), kumargi ayeuna mah simkuring tos henteu mancen deui di Antassalam. Masukan kanggo kagiatan festival, mangga urang menekung heula.
Nuhun’
baktosna
Dhipa Galuh Purba