Acara di Radio Shinta FM
Néng Rosa: Penyiar “Tepang Sono” di Radio Shinta FM
Kanggo baraya Shinta anu mikalandep lagu-lagu Pop Sunda, mangga panteng acara “Tepang Sono” di Radio Shinta Buana FM (97,2 FM), anu dijomantarakeun ti Kompléks Taman Sari Bukit Bandung, Ruko Blok B.13, Sindanglaya, Bandung. Nu ngasuhna Néng Rosa, mojang camperenik nu soméah ka sadaya baraya Shinta. Acarana saban wengi ti dinten Senén dugi ka Saptu, tabuh 20.00 dugi ka 22.00 WIB. Sok geuranan cobi tlp ka (022) 7811972, atanapi SMS ka: 081 3211 78 972.
Soleh Sondava: Penyiar “Selamat Malam Bandung” jeung “Zona SBS” di Radio Shinta FM
Kanggo baraya Shinta anu mikalandep acara “Selamat Malam Bandung” jeung “Zona SBS”, mangga panteng Radio Shinta Buana FM (97,2 FM), anu dijomantarakeun ti Kompléks Taman Sari Bukit Bandung, Ruko Blok B.13, Sindanglaya, Bandung. Nu ngasuhna Soleh Sondava, jajaka kalahiran Bandung, 23 Juli 1986. Cecepengan hirupna “Dimana ada kehidupan, disitu ada jawaban”. Sok geuranan cobi tlp ka (022) 7811972, atanapi SMS ka: 081 3211 78 972. Upami badé langsung nelepon ka Soléh, ieu nomor pribadina: 085622931263 jeung (022) 92802792.
Andri Maulana: Penyiar “Tepang Sono” di Radio Shinta FM
Kanggo baraya Shinta anu mikalandep lagu-lagu Pop Sunda, mangga panteng acara “Tepang Sono” di Radio Shinta Buana FM (97,2 FM), anu dijomantarakeun ti Kompléks Taman Sari Bukit Bandung, Ruko Blok B.13, Sindanglaya, Bandung. Nu ngasuhna Andri Maulana, ngabaturan Néng Rosa. Andri Maulana téh jajaka kalahiran 19 April 1983, nuntaskeun nyukcruk élmu di D-2 Fikom UNPAD. Acarana saban wengi ti dinten Senén dugi ka Saptu, tabuh 20.00 dugi ka 22.00 WIB. Sok geuranan cobi tlp ka (022) 7811972, atanapi SMS ka: 081 3211 78 972. Upami badé langsung nelepon ka Andri, ieu nomor pribadina: (022) 92375891.
Galuh: Penyiar “Sa-Sun” di Radio Shinta FM
Kanggo baraya Shinta anu mikalandep carita sasakala tatar Sunda kayaning Sangkuriang, Ciung Wanara, Pelet Marongge, Situ Panjalu, Rawa Onom, jeung salian ti eta. Baraya ogé tiasa mundut lagu-lagu dina wanda kawih, tembang, katem, bandungan, degung, mangga panteng acara “Sa-Sun” di Radio Shinta Buana FM (97,2 FM), anu dijomantarakeun ti Kompléks Taman Sari Bukit Bandung, Ruko Blok B.13, Sindanglaya,


































sampurasun … salam tepang salam pangwanoh ti kuring nyaeta mang elon tea… anu ngadon nyieun kahirupan di tatar jambi,… peryogi ka uninga ku sim kuring di jambi oge ngasuh acara gelar siar seni sunda anu nami acarana DANGIANG PRO DI RRI PRO1 JAMBI saban wengi saptu tabuh 21.00 dugi ka23.00 allhamdulillah warga jambi nu asli sunda kawilang seueur di jambi teh.. sim kuring didieu satekah polah ngahibur dulur2 urang nu jauh ti sarakan ku jentreng kacapi sareng gelik suling… salam tepang kanu maos iyeu koment utamina para penyiar sunda d mana wae ayana…permios,…
kangge kang elon, jambi na palih mana linggih?? pami abi mah pernah 4 taun di jambi daerah pasar rawasari caket terminalna. tah ayeuna mah ngalih ka singkut sarolangun, jambi keneh oge.