Kategori: Obituari | Diterbitkan pada: 08-11-2007 |
Ku DHIPA GALUH PURBA
SALAKU anu mikalandep kawih-kawih karya Mang Koko, tangtu baé kuring wanoh ka jenengan Abu Hj. Iloh Siti Armilah (l. Cililin,
Tapi ari munggaran paguneman sareng Abu mah nembé ping 30 Méi 2003. Éta ogé ngawangkong di jomantara ngaliwatan telepon, henteu langsung papayun-payun. Harita kuring keur mancén kénéh di Radio Kencana FM, ngasuh acara “Panglawungan Giri Mukti” (harita mah gelombangna 97,5 FM, ayeuna jadi 96,8 FM). Biasana mah Abu mung ngabandungan éta acara. Tapi dina peuting harita mah ngahajakeun nelepon, wiréh aya anu kalintang dipikasono ku Abu, taya sanés Ajip Rosidi anu kakara sumping ti Jepang. Mémang dina acara peuting harita mah minangka “Panglawungan Giri Mukti” (PGM) spesial, ngahadirkeun panyatur Ajip Rosidi, Rahmat Taufik Hidayat, Hawé Setiawan, Dadan Sutisna, jeung Embas Suhérman.
“Haturan, wilujeng sumping, teu kawawa kakangen ti indung ka nu jadi anak. Wilujeng sumping, sing betah bumetah. Abu téh sono pisan, hoyong tepang, da henteu tebih ti Kencana téh mung tilu menit, bisi kabujeng ditutup…” kitu di antara kasauran Abu dina radio, anu tangtosna ogé ditujukeun ka Ajip Rosidi. Malah nyariosna ogé dumareuda, disawang téh pasti
Saréngséna siaran, Abu nelepon deui ka Radio Kencana (off air). Harita mah ngawangkong téh rada kapapanjangan. Langsung baé loma, da Abu henteu asa-asa ngaku anak ka kuring. Malah ngahiap sangkan nganjang ka bumina. “Bisi engké Abu tos teu aya mah, hidep bakal hanjakal…” kitu di antara kasauran Abu anu masih kénéh nganteng dina sawangan.
Alhamdulillah, henteu sawatara lami, kuring diparengkeun patepung lawung paamprok jonghok sareng Abu di Radio Kencana, Jl. Moc. Toha 146,
Palebah dipiwarang nganjang, kuring rumasa henteu ngagugu. Sabenerna mah geus diniatan poé anu, tanggal sakitu, rék ngahajakeun nepangan Abu ka bumina. Hanjakal sok aya baé halanganana. Komo deui, teu lami ti harita, kuring kalah apruk-aprukan ka
Najan mung saliwat, tapi sagala pituah Abu masih kénéh nyantél dina sagaraning dada. Najan kuring tambélar, tapi mugia baé angin ngaharéwoskeun talatah pamundut hampura—ari Abu mah da henteu kantos aya kalepatan nanaon. Innalillahi wa Inna Illaihi Rozi’un, kawit ti Alloh, mulang deui ka Alloh. 27 Januari 2007, masarakat Sunda kaleungitan deui hiji tokoh anu ageung jasana dina ngamekarkeun kabudayaan Sunda.
Ayeuna,
Ranggon Panyileukan, 28 Januari 2007
Dimuat dina Majalah Mangle, taun 2007







