Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 21-08-2008 |
Catetan DHIPA GALUH PURBA

“Dawuh Karuhun: Ulah lali, ping 23 Agustus 2008, NYIAR LUMAR di Kawali. Diantos ti kawit tabuh 15.00 WIB di kantor Kacamatan Kawali. Tabuh 20.00 WIB ngabring ka Astana Gedé. Upami teu sumping, salira tiasa dibendon ku karuhun, janten géték sawak-awak. Upami dugi ka kitu, Panitia teu tanggengwaler!”
Kitu cenah eusi SMS ti Panyajak Godi Suwarna, anu naratas tradisi “Nyiar Lumar” di Kawali, Ciamis. Taun ieu, acara “Nyiar Lumar” geus sababaraha kali dipundur-pundurkeun, tug nepi ka antukna baris lumangsung 23 Agustus 2008. Kuring kakara nyaksian “Nyiar Lumar” téh dina taun 2006. Cenah mah tau harita téh minangka anu pamungkas. Ku kituna, harita, kuring nulis artikel anu dimuat ku HU. Pikiran Rakyat, judulna “Menyesali Nyiar Lumar”.
Siga kumaha ari acara “Nyiar Lumar” téh? Tangtu kuring ukur bisa ngadadarkeun anu kapaluruh basa ngaluuhan “Nyiar Lumar” taun 2006. Sebut baé blok Goropak, Dusun Indrayasa. Di dinya pisan perenahna lawang Situs Astana Gedé, anu dina malem purnama, kabanjiran tamu, boh warga Kawali, Ciamis, Majalengka, Tasik, Bandung, jeung kota-kota séjénna. Sikep daréhdéh tur pinuh kaluwargaan masarakat Goropak, milu ngawarnaan lumangsungna acara dua taunan anu euyeub ku ma’na.
Hanjakalna, masarakat Goropak henteu kaburu ngawanohkeun kadaharan has Goropak, sabab acara Nyiar Lumar lumangsung mangsa peuting. Padahal, upama digelarna beurang mah, tangtuna ogé para pamilon jeung tamu anu nyaksian Nyiar Lumar baris wawanohan jeung céndol Goropak. Di antara masarakat Goropak, loba di antarana anu sapopoéna dagang céndol. Malah ku lantaran pakasaban éta, blok Goropak kakoncara minangka “nagara salju”. Kawasna mah dipatalikeun jeung céndol, anu kalintang dalit jeung és, sanajan mémang istilah “Nagara Salju” asa kaleuleuwihi.
Acara Nyiar Lumar diayakeun saban dua taun sakali. Acara anu ditaratas ku panyajak Godi Suwarna saparakanca téh meunang pangbagéa ti masarakat Kawali, kalayan diiluan tur dilalajoanan ogé ku ratusan urang ti luar Kawali. Sawatara pintonan seni digelar di Situs Astana Gedé, nepi ka puncakna anu lumangsung di Cikawali. Lumar téh ngaran supa anu sok caang dina mangsa poék. Tapi anu dimaksud Nyiar Lumar dina acara ieu mah tangtuna ogé lain néangan sabangsaning supa. Lumar mah ukur simbol. Bisa jadi minangka simbol tina napak tilas luluhur Sunda atawa nyiar cahaya.
Acara nyiar lumar dimimitian ku Ngawalan. Para pamilon Nyiar Lumar silaturahmi di pakarangan Pendopo kacamatan Kawali, kalayan disayagikeun susuguh katuangan Sunda, kayaning bajigur, seupan boléd, jsté. Kangaranan susuguh, tangtu baé henteu kudu dibeuli. Saha baé nu hayang, kari nyokot.
Sabada bubuka jeung sambutan ti panata acara tur sawatara inohong, para pamilon Nyiar Lumar tatahar pikeun ngalalampah, mapay sawatara patempatan anu ruteuna geus diatur ku panata acara. Aya anu diraksukan has Sunda, aya ogé anu sabréhna baé, sabab henteu mawa ganti. Satuluyna para pamilon ngabring, mapay pakampungan Kawali, bari neuleuman kaéndahan tur ngararasakeun seger tur tingtrimna hawa Kawali. Rombongan téh ngajugjug Situs Lingga Hyang Astana Gedé.
Rupaning pagelaran kasenian ngeuyeuban acara Nyiar Lumar. Di antarana kungsi digelar Komposisi Sintung. Néng Péking ngaracik komposisi tari anu ngisahkeun lalampahan Citraresmi Diah Pitaloka anu muru ka Majapahit, geusan nyambungkeun tali asihna jeung Hayam Wuruk, raja Majapahit. Kawasna geus loba anu apal, yén ahirna Citraresmi Diah Pitaloka téh kalah gugur di Bubat ku alatan kalicikan Gajah Mada (nelasan pati ku anjeun ngagunakeun pakarang patrem). Éta lalakon téh digambarkeun ku komposisi tari anu matak narik kana ati. Tangtu geus réa anu apal, yén Palagan Bubat téh lain dongéng, tapi minangka sajarah. Palagan Bubat ngagedur dina poé Salasa, tanggal 13 Paropeteng, bulan Bhadrawada, taun 1278 Saka (4 Séptémber 1357 Maséhi).
Prabu Hayam Wuruk ngalamar Citraresmi pikeun dijadikeun praméswari. Teu lila, Prabu Hayam Wuruk ngulem Prabu Maharaja Linggabuana sangkan kersa sumping ka Majapahit. Éta uleman téh dihartikan ku Prabu Maharaja mah minangka ajakan jatukrami antara Hayam Wuruk sareng putrana, Citraresmi Diah Pitaloka. Mangka Prabu Maharaja miang ti Kawali, disarengan ku rombongan karajaan Sunda Galuh, geusan ngajugjug ka Majapahit. Prabu Maharaja nyandak Putri Citraresmi, kumargi badé ditikahkeun ka Hayam Wuruk. Jadi, jurit anu nganteur ogé, lain jurit pasukan perang.
Anjog ka Bubat, rombongan Sunda Galuh dicegat ku pasukan perang Majapahit anu diluluguan ku Patih Gajah Mada. Puguh baé matak ngaranjug, basa Gajah Mada nétélakeun ka Prabu Maha Raja sangkan masrahkeun Citraresmi Diah Pitaloka pikeun upeti ti nagri Sunda, jeung minangka tanda takluknya karajaan Sunda. Prabu Maharaja leuwih milih perang, batan harga diri diwewejét Majapahit. Palagan teu bisa disingkahan; Perang campuh antara jurit anu nganteur jatukrami ngalawan pasukan perang Maja Pahit.
Prabu Maha Raja Lingga Buana, Prameswari Déwi Laralisning, Citraresmi Diah Pitaloka, sareng sadaya jurit Sunda, gugur di lelemah Bubat. Sadayana gugur minangka pahlawan Sunda, anu ngabéla kahormatan urang Sunda. Putri Citraresmi minangka kembang wangi ti Kawali, anu leuwih milih rarabi jeung pati batan kudu ngorbankeun harga diri putri Sunda.
Tragedi Palagan Bubat, lain pikeun ngusik-ngusik ula mandi, ngahudangkeun macan turu. Lain keur ngahudang kapeurih mangsa bihari, komo ngabalabarkeun kangéwa tur dendam. Justru urang baris ngalenyepan kumaha sikep Prabu Niskala Wastukancana, sabada Palagan Bubat. Mantenna téh rayi Citraresmi Diah Pitaloka, anu mibanda gelar Prabu Resiguru Dewatabuana Tunggalbuana, ahli waris tahta Sunda Galuh. Salami 104 taun, Wastukancana janten papayung agung di karajaan Sunda Galuh. Prabu Niskala Wastukancana henteu kungsi boga niat pikeun ngabales ka Majapahit (1371-1475). Ku ayana acara Nyiar Lumar, umajak pikeun miéling tur ngama’naan kisah sajarah; kalayan ukur nyongcay waktu sapeuting tina dua taun.
Di situs Astana Gedé Kawali, aya 6 prasati anu nepi ka kiwari dirawatan kalayan daria. Di antarana prasasti téh, aya anu dikutip dina booklet acara Nyiar Lumar,: nihan tapak wa-/ lar nu siya mulia tapa (k) i/ na parbu raja wastu/ manadeg di kuta kawa/ li nu mahayu na kadatuan/ surawisesa nu marigi sa/ kulilin dayoh nu najur salaka/ desa aya nu pa (n) dori pakena/ gawe rahayu pakon hobol ja/ ya di buana. Prasasti anu asli ditulis dina batu andesit anu wandana segi opat tidak beraturan, disimpen malikna ti kalér ka kidul. Upama éta prasasti tarjamahkeun, kurang leuwih hartina téh: Ieu tanda ti/ las anjeunna anu mulya/ prabu raja wastu/ anu maréntah di kota kawa/ li anu molés karaton/ surawisésa, anu ngadamel wahangan/ sakuriling puseur dayeuh anu ngama’murkeun sakur/ désa mugia aya panerus anu ngalaksanakeun/ nyieun kahadéan sangkan lana jaya di buana. Écés, hiji pesan sakaligus harepan luluhur Sunda anu sakitu mulya. Ngagelar acara Nyiar Lumar bisa jadi salah sahiji pangeling-eling kana cita-cita mulya raja Sunda.
Masarakat Kawali jeung anu nongton ti sawatara wewengkon ngaleut-ngengkeuy ngabandaleut Ngumpul di pendopo kacamatan Kawali; helaran nyorang kaéndahan alam Kawali dina caangna purnama. Ieu téh sanés aleut-aleutan teu puguh, tapi hiji tarékah pikeun napak tilas luluhur Sunda. Seueur pisan ma’na anu tiasa dipetik tina lalampahan napak tilas. Nyiar Lumar bakal beuki ngahiji jeung masarakat Kawali, kareueus masarakat Kawali. Lila-lila mah, urang Kawali anu nyaba ka luar Kawali, bakal boga jadwal mudik dua kali: dina poé Idul Fitri jeung dina acara Nyiar Lumar.
Hayu urang teuleuman uni prasasti séjénna: Aya ma/ nu nosi i/ gya kawali i/ ni pakena ke/ rta bener/ pakon na (n) jor/ na juritan. Éta prasasti téh ditulis dina batu yang anu mirupa panyéndéran patung, wandana segi lima tidak beraturan, jangkungna 115 cm, lébar handap 70 cm, lébar luhur 74 cm, kalayan kandelna 4,5 cm. Upama ditarjamahkeun, kurang-leuwih hartina: Mugia aya/ anu nyicingan/ dayeuh kawali i/ eu anu ngalaksanakeun ka/ makmuran jeung kaadilan/ sangkan unggul dina perang. Dina hal ieu, pamaréntah Kabupatén Ciamis, tangtos baé henteu kudu mikiran kumaha carana perang ngalawan Gajahmada, tapi ngupayakeun sarta berjoang merangan kabudayaan anu henteu saluyu jeung kapribadian Sunda, perang ekonomi, jeung perang ngalawan hawa nafsu.
**
PIKEUN leuwih écésna mah, hayu mending kénéh jugjug langsung, ngabring ngaluuhan acara “Nyiar Lumar”. Kuring ogé insyaAlloh bakal ka Ciamis, lamun henteu halangan-harungan. Nu jelas mah, Kang Cecep Burdansyah, redaktur Tribun Jabar geus yakin moal bisa ngahadiran, sabab dina poé éta kudu ka Yogyakarta, malah nepi ka lima poé di Yogyakartana ogénan. Ku kituna, lamun ngadadak géték saawak-awak, nya wilujeng wé. Ari kuring mah dijamin moal géték saawak-awak dina teu hadirna ogé, lantaran Malem Minggu saméméhna, 16 Agustus, geus leuwih tiheula mulang ka Ciamis tur saadu ka karuhun, bisi malem Minggu hareup teu bisa ngaluuhan “Nyiar Lumar”.***













Langkung ti payun hapunten anu kasuhun malah mandar komentar pribados lepat.
Eta dina katerangan gelar Citraresmi Diah Pitaloka teh disebatkeun Prabu Resiguru Dewatabuana Tunggalbuana. Upami teu lepat eta mah gelar ramana nu katelah Prabu Bunisora, sanes gelar Diah Pitaloka. Saatosna liren tina kalungguhan raja lajeng tatapa, kasohor janten resi luhung, numawi sok katelahna teh Resi Guru. Sakali deui hapunten bilih pribados lepat.
Rochajat_Harun@yahoo.co.id
Hatur nuhun kana komentarna. Sumangga urang aos deui cutatan seratan simkuring anu dimuat dina Pikiran Rakyat (20/05/06), kalayan judulna “Menyesali Nyiar Lumar”:
“Mengenang kisah masa lalu, bukanlah untuk ngusik-ngusik ula mandi, ngahudangkeun macan turu. Tidak untuk membangkitkan luka lama, apalagi menebar kebencian dan dendam. Justru kita akan segera merenungi sikap Prabu Niskala Wastukancana pasca Palagan Bubat. Beliau adalah adik kandung Citraresmi Diah Pitaloka yang bergelar Prabu Resiguru Dewatabuana Tunggalbuana, pewaris tahta Sunda Galuh. Selama 104 tahun memimpin kerajaan Sunda Galuh, Prabu Niskala Wastukancana tidak pernah berniat untuk membalas dendam (1371-1475).”
Janten, numutkeun simkuring dina seratan di luhur, anu kagungan gelar Prabu Resiguru Dewatabuana Tunggalbuana teh taya sanes NISKALA WASTU KANCANA, sanes Citraresmi Diah Pitaloka.
Hatur nuhun kana perhatosanna.
DHIPA GALUH PURBA