Kategori: Seni Budaya | Diterbitkan pada: 31-03-2009 |

Ku MARUTA BAYU

 

Badan Éksékutif Mahasiswa (BEM) HIMA Pensatrada FPBS UPI Bandung ngagelar acara “Riksa Budaya Sunda” (RBS) di Kampus UPI (Universitas Pendidikan Indonésia), Jl. Dr. Setiabudi 229, Bandung. Acara RBS mangrupa agénda rutin mahasiswa Jurusan Pensatrada (Pendidikan Bahasa jeung Sastra Sunda), anu digelar sataun sakali. Dina RBS, sakumaha sasari, digelar sawatara pasanggiri, éksibisi jeung paméran, ogé pintonan kasenian.

RBS taun 2009 ngasongkeun jejer “Riksa Basa, raksa Budaya”, kalayan acarana resmi dibuka ku Dingding Haerudin, M.Pd., ketua Jurusan Pensatrada, di Gedong PKM kampus UPI Bandung (19/03). Dina biantarana, Dingding nétélakeun kareueus tur pangrojongna ka para mahasiswa Pensatrada anu konsistén ngagelar RBS saban taun. Nurutkeun Rofi Fitriadin, ketua pelaksana RBS 2009, digelarna RBS téh mangrupa salahsahiji partisipasi aktif mahasiswa ninangka generasi ngora dina miara, ngamumulé, jeung ngamekarkeun budaya Sunda, hususna basa Sunda. Kagiatan RBS ogé digelar kalayan mibanda tujuan pikeun ngahudang rasa kareueus jeung kacinta kana basa Sunda di kalangan guru-guru, para siswa, jeung sakumna masarakat.

Pasanggiri anu digelar dina acara RBS, diantarana pasanggiri maca sajak tingkat SMP/MTs sa-Jawa Barat, pasanggiri maca sajak tingkat SMA/ SMK/ MA sa-Jawa Barat, pasanggiri tembang pupuh tingkat SMP/MTs sa-Jawa Barat, pasanggiri ngadongéng tingkat SMP/MTs sa-Jawa Barat, jeung pasanggiri debat basa Sunda sa-Jawa Barat. Para patandang anu miluan ieu pasanggiri tangtuna ogé lain baé ti Bandung, tapi diiluan ogé ku para siswa ti sakola-sakola daérah kabupatén Cianjur, garut, Ciamis, jeung sajabana.

Dina pasanggiri maca sajak tingkat SMP/MTs sa-Jawa Barat, sakur patandang macakeun sajudul sajak Sunda, kalayan milih diantara tilu judul sajak anu disadiakeun ku panitia, nyaéta “Seuneu Bandung” karya Karna Yudibrata, “Wilujeng Wengi” karya Yayat Héndayana, jeung “Hibarkeun Seuneu Bandung” karya Étty RS. Déwan juri anu diwengku ku Dhipa Galuh Purba, Rizal Sabda, jeung Budi Rahayu Tamsyah, ahirna mutuskeun Sri Guntari (siswi SMPN 1 Lembang) minangka pinunjul kahiji. Disusul ku pinunjul kadua jeung katilu anu diraéh ku Frisca Mustika (siswi SMPN 3 Ciparay), jeung Méta Indriyani (siswi SMPN 34 Bandung).

Di di tingkat SMA/ SMK/ MA, para peserta ogé macakeun sajudul sajak Sunda, kalayan milih diantara tilu judul sajak anu disadiakeun ku panitia, nyaéta “Catetan Hiji Generasi” karya Hadi AKS, “Perugia” karya Acép Zamzam Noor, jeung “Karang Kamulyan” karya Godi Suwarna. Anu kabiruyungan jadi pinunjul kahiji téh nyaéta Yuda Purwa (siswa SMAN 1 Lémbang), kalayan disusul ku Sétra Pramudita (siswa SMKN 10 Bandung), jeung Adah Ruhyani (Sisiwi SMAN 2 Ciamis), minangka pinunjul kadua jeung katilu. Pasanggiri maca sajak tingkat SMA/ SMK/ MA ogé dijurian ku Dhipa Galuh Purba, Rizal Sabda, jeung Budi Rahayu Tamsyah.   

Aya nu matak kataji tina para pinunjul pasanggiri maca sajak. Dina pasanggiri RBS 2008 anu lumangsung di tempat anu sarua (07/04/08), harita Sétra Pramudita jadi pinunjul kahiji tingkat SMP (harita Sétra ngawakilan SMPN 1 Balééndah). Demi Yuda Purwa harita kapilih jadi pinunjul kadua tingkat SMP (harita Yuda ngawakilan SMPN 1 Lémbang). Juara katilu pasanggiri maca sajak RBS 2008 nyaéta Sonny RW ti SMPN 1 Balééndah. Dina taun ayeuna mah, Sonny RW henteu jadi juara pasanggiri maca sajak. Kilang kitu, Sonny manahoréng jadi jawara dina pasanggiri pupuh. Sigana Sonny ngarasa leuwih “PD” nembang pupuh batan maca sajak. Buktina, Sonny kapilih jadi juara 1 pasanggiri tembang pupuh RBS 2009.

 

Anu kapapancénan ngajurian pasanggiri pupuh téh nyaéta Ano Karsana, M.Pd., Ida Rosida, S.Sen., jeung Engkur Kurdita, S.Pd. Sabada meunteun sakur patandang kalayan gemet, antukna déwan juri mutuskeun Sonny Riza W (SMPN 1 Balééndah) minangka pinujul kahiji nembang pupuh. Demi Arvia Nétha jeung Imalia, kapilih minangka pinunjul kadua jeung katilu. Arvia jeung Imalia sarua mangrupa siswi SMPN 3 Ciparay.

Dina pasanggiri lomba ngadongéng, Résa Rangga (siswa SMPN 3 Tasikmalaya) kapilih minangka pinunjul kahiji. Dituturkeun ku Rani Mulyani (SMPN 1 Cipanas, Cianjur) jeung Alfharisi (SMPN 3 Ciparay) minangka pinunjul kadua jeung katilu. Para patandang pasanggiri ngadongéng, medar salahsahiji dongéng tina tilu judul dongéng anu disayagikeun ku panitia. Dongéng-dongéng pilihan téh diantarana “Sasakala Situ Bagendit”, “Sasakala Maung Panjalu”, jeung “Selat Sunda jeung Gunung Krakatau”. Réngréngan déwan juri anu meunteun ieu pasanggiri diwengku ku Dr. Yayat sudaryat, Dédé Kosasih, M.Si., jeung Budi Rahayu Tamsyah.

SMPN 1 Karangnunggal kapilih jadi pinunjul hiji pasanggiri debat Riksa Budaya Sunda. Pinunjul kadua jeung katiluna SMAN 1 Cisarua jeung SMAN 1 Lémbang. Dina ieu pasanggiri, saban patandang diwengku ku tilu urang. Ti SMAN 1 Karangnunggal, diwakilan ku Toto Iswanto, Budiana, jeung Ida Widiawati. Ti SMAN Cisarua diwakilan ku Agus Mulyana, Ranu Sudarmansyah, jeung Supriatna. Sarta ti SMAN 1 Lémbang diwakilan ku Dini Asri KD, Eva fadilah, jeung Merry Apriliani S. Anu meunteun ieu pasanggiri nyaéta Hérnawan, S.Pd., Agung Priaguna Irfan, S.Pd., jeung Diqi Munawar Sidiq, S.Pd.***